Sign in

Sign up

Februari 12, 2020

Iket Sarua Jeung Harga Diri

By admin@bewara 0 107 Views

Bewarajabar.com — Iket pikeun ngiketkeun, saiketan. Iket pikeun meungkeut kagoréngan, kasombongan, jeung niat kalakuan anu teu hadé sangkan muncul silih asih silih asah jeng silih asuh.

Iket panutup mastaka nu gaduh arti budaya nu tiasa ninggalkeun ciri has perorangan sareng daérah nu tiasa dianggo ku sakabéh masyarakat nu gaduh nilai positif. Iket sarua jeung harga diri sabab dipasang dina sirah, sok sanajan hargana murah tetep merenah dinas sirah, moal sambarangan jalma bisa ngajamah,

Rupa atanapi bentuk iket aya opat juru nu ngandung siloka dina diri urang aya opat unsur nyaéta cai, angin, seuneu jeung taneuh. Iket pikeun nyengker akal pikiran jeung kalakuan sangkan hirup masagi anu ngandung harti éta tekad ucap jeung lampah teu pasula teu leupas tina galur para leluhur, teu boga rumasa aing pangpunjulna, rasa aing pangpinterna sagala nafsu anu matak ngabalukarkeun karugian kabeh diparekos.

Hal ieu dumasar kana kasauran sepuh anu bentukna pasagi kalawan ningal kana kahirupan sepuh kapungkur anu hirupna sok ngautamakeun tali silaturahmi silih ragangan silih ajénan teu paduli taneuh saméter ceuk paripaosna ari pikeun kahadéan salembur mah teu lebar dibebaskeun.

Urang hirupkeun deui kabiasaan hadé sepuh kapungkur anu teu weléh soméah kasasama sok sanajan teu wawuh tapi teu weleh silih ajénan ngajaga tatali wargi. Kumargi sim kuring mah kirang masagi perkawis iket, mung ukur tiasa meulitkeunana wungkul, iket sanaos meulit dina mastaka urang namung saleresna mangrupi hiji symbol pameungkeut haté pikiran sareng nafsu supados teu lepat panujuna, ngangge iket hartosna parantos siap lahir sareng bathin, éta filosofina mah, tapi jujur sim kuring teu patos ngartos naon ari filosofi téh mung numutkeun pamendak sim kuring mah dina bentuk opat juruna kuayana hias motifna nepi tilep ditilepna tug dumugi kadipakéna aya gambaran langkah hirup jelema sareng prinsip hirupna mana anu bakal dicokot, ku iket kasilokakeun pisan kumaha hasil akhirna.

Iket dianggo dina mastaka ngandung gambaran yén dina mastaka téh aya akal pikiran dina sajeroeunana, akal jeung pikiran anu bisa ngabedakeun nu bener jeung nu salah matak ditutupan ku iket pikeun ngajaga pikiran jeung akal supaya teu ngaler teu ngidul ngulon jeung ngétan, supaya panceg dina galur ajeg ngadeg dina udeg-udeg.

Ikét dipasangna dina mastaka, kulantaran dina mastaka aya mustika (tempat ngolah sagala rupa pamikiran antara hade jeung goreng, kudu jeung hénteu jeung sajabana, anu tungtungna diputuskeun ku pancér hasil tina urun rembug antara dulur nu opat) Nilik tina kagunaan nana IKÉT bisa dipake ngalindungan mastaka tina panas jeung tiris, tina rupana nambah pamantés kanggo anu nganggona.
Iket téh kaasup kana budaya;
Nu disebut budaya téh mimitina tina jeroan manusa, laju dibungkeuleukkeun dina wangun anu dianggap pangmerenahna kana kereteg haté éta. Aya budaya anu dibungkeuleukkeun kana deudeuleuan, lantaran aya patalina jeung panon. Aya budaya nu dibungkeuleukkeun kana dédéngéan, lantaran aya patalina jeung ceuli, jeung saterusna nu diluyukeun kana indra lianna jeung gabungan tina indra-indra nu mangaruhan kana ayana atawa diayakeunnana bungkeuleuk nu diayakeun atawa dijieun.

Pikeun jalma nu ngarti mah, wangun-wangun naon baé ogé tetep kaharti. Tapi pikeun anu teu ngarti mah ngan pipilueun atawa tuturut munding. Pikeun nu pandeuri, kaasup kana jalma panganut dogma, nya éta jalma peupeuleukeuk, asa aing nu pangbenerna. Padahal jelas-jelas kaasup ka jalma anu hanteu ngarti. Pikeun nu cang ngari, lamun hayang ngari, kudu ngécagkeun dogmana, diganti ku nyukcruk élmu pikeun jadi panemu kana harti anu sabenerna. Jadi bener téh ulah ceuk béja tapi kudu ceuk pangarti diri.

 

Tinggalkan Balasan