Sign in

Sign up

Oktober 30, 2019

Jodo, Pati, Kebon Binatang

By admin@bewara 0 93 Views

/I/

Meuli Pangantén téh basa di Rumantang Siang, 17 Pébruari 2004, leuwih ti tilu taun ka tukang. Harita keur meneran milu méntaskeun Sisit Kadal, yasana Arthur S. Nalan. Teu kudu dicaritakeun ngeunaan prak-prakan péntasna mah, da lain éta point of view–na.

Nu puguh mah: boga kereteg harita meuli Pangantén téh lantaran kuring kungsi maca hiji tulisan dina koran PR ngeunaan “telah terbit sebuah novel Sunda” nu “membikin berdiri bulu kuduk”—kitu soténan ceuk kang Godi—sababaraha poé ka tukang—tinangtos bae, sababaraha poé saacan ping 17 téa. Tah, sanggeus éta Pangantén ku kuring ditawisan palebah lambaran anu aya tulisan ngeunaan pangarangna, katut dibéré tanggal béh juru katuhu lebah luhurna, der baé simkuring ngaos éta kitab leutik yasana Cép Dédén téa. Lantaran kuring mah niatna gé rék maca caritana, lain rék maca panganteurna—anu kurang-leuwih aya kana sapuluh lambarna, anu dijudulan Krisis Kaom Rumaja, kenging kang(jeng) Hawé téa—atuh diliwatan wé palebah tulisan éta mah.

Geuning enyaan, kawas ceuk kang Godi tea: [éta] roman yasana Cép Dédén téh lain roman “kiloan éntog”. Da lain bobodoan atuh matak muringkak bulu punduk téh. Pangpangna mah lebah ngébréhkeun kaayan anu ceuk kang Hawe tea mah: point of view–na téa. Matak, tug ka danget ieu, mun diitung-itung mah, leuwih ti dua kalina kuring maos Pangantén téh, da, heueuh, éta téa: deudeuieun, panasaran, keueung, ambek, reuwas, jst.,jsté.

/II/

Matak kukurayeun puguh gé. Ngan édas, basa maca mindo, rada hanjelu ogé, meueusan, kuring téh. Handeueul, ceuk babasan di lembur kuring mah. Enya éta: kuring maca heula panganteurna saméméh der maca deui caritana téh. Panganteur, tulisan kang Hawé. Kahanjelu simkuring téh, antawisna, ngeunaan point of view nu disabit-sabit ngeunaan eta Pangantén.

Dina éta tulisan, kang Hawé nétélakeun yén point of view atawa jihat sawangan Dédén téh nyaéta ngeunaan “krisis idéntitas” (malah mah dicutat sababaraha dépinisi tina kamus, ogé tina buku psikologi, ngeunaan naon nu disebut kisis idéntitas). Ceuk pamanggih, ogé pangrasa, simkuring, éta mah—nya anu disabit-sabit ngeunaan point of view tea—ukur salahsahijina; éstuning leuwih ti kitu, leuwih ti kitu, leuwih ti sakitu, nu dijadikeun sawangan jeung nu dipangnyawangkeun ku Cép Dédén mah. Sok sanajan, bisa waé teu nepi ka kitu pisan, kitu-kitu acan—lantaran, Cép Dédén mah ukur motrét, tuluy dikutrat-kotrét, antukna jleg wé jadi Pangantén—pan Cép Deden mah martawan, lin?—wan, anu tukang ngawawarkeun berita.

Tuh geuning, pan Cép Dédén téh wartawan. Ku Pangantén, Cép Dédén jigahna mah, ngamaksud motret hiji dunya nu teu pamohalan kaalaman ku rumaja nu hirup kumbuhna teu jauh béda jeung anu di gambarkeun dina éta roman, jeung teu jauh-jauh teuing ti urang. Saha nu nyaho: boa nu dicaritakeun téh anak tatangga urang, atawa boa anak urang sorangan. Beu! Pangantén, karya nu jejer caritana téh teu ulukutek di dinya kénéh-di dinya kénéh, ngomongkeun éta deui-éta deui—sok sanajan enya éta gé: léok deui-léok deui ka… derentén. Heueuh, sok ras ka laguna si Bang Iwan ari kitu téh—nu Guru Zirah téa ningan. Tapi da lain guru jeung murid ieu mah: murid jeung murid, siah! Heup!

Tah, pangna simkuring kumawantun ngébréhkeun pamanggih samodél kitu téh, lantaran kuring yakin haqqulyaqin yén Cép Dédén mah lain jalma samanéa, nu ukur tuturut munding—sok komo ula-ilu uusuman mah, pedah ayeuna keur meujeuhna meuweuh nu aranna “peremajaan” (saprak sababaraha taun katukang pan, keur usum nu abrul-abrulan nulis karya nu point of view-na téh ngeunaan rumaja: ti mimiti kosa-kecapna nu ngarumaja, ngeunaan rumaja, tug ka pola pikir nu nulisna gé rumaja deuih, malah loba deuih nu nulisna gé tumaja—ngahaja dimodalan ku penerbitna—rék karya piksi atawa nu lain piksi, rék nu payu, da dipayu-payu atawa nu teu payu. Ka angkot-angkot ayeuna mah, keur usum peremajaan téh ningan). Atuh iraha rék jebrogna urang téh nya?

Enyaan éta ogé rumaja nu diomongkeunana mah, katut sagala pasualanana nu aya gantarkakaitanana reujeung rumaja: ti mimiti pergaulan jeung papadana, pangaresepna, kahayangna, kajailanana, tug ka nu ditelahan Krisis Kaom Rumaja téa. Nanging, da sanés éta thok nu jadi jihat sawangan Cép Dédén téh, geuning, jodo, pati, ka sato-sato—monyét ningan nu jadi salasahiji tokohna téh—dicaritakeun dina Pangantén mah. Malah mah nyabit-nyabit adab deuih, kumaha babasan nyanghareupan kolot, nyanghareupan batur, jeung nyanghareupan papadana, nu ceuk istilah deungeun mah: sosiologi. Tuh geuning, teu malulu nyual psikologi nya?

Untuk sosiologi, mengatakan bahwa pembangun Ulak dipelajari paélmuan saya tidak akan lepas dari kehidupan manusia dan relevansi Papada manusia. Saya memahami bahwa, seperti, saya tidak da BBC ilmu Karitu hairpiece saya. Saya hanya nupuguh: semua bidang science’ll tentu telah terkait, yang dikenal sebagai multidisiplin sendiri-bahkan saingannya itu, oklahoma. Puguhning ketika kita adalah manusia, Lin?

Bride Istuning kerja dan ingin mencarkeun ngencarkeun imajinasi pipi. Tidak termasuk, tidak ngaheureutkeun tradisi dan pemikiran pipi. Bahwa kita, awal sebelumnya masih dikutip oleh Dewan, yang katanya Godi sendiri: “asmara yang membuat rambut cor muringkak subjek bulu stand-roman”. Itu sangat. Begitu-begitu saja haben nya Tambang jadi saya berkata ide, kita mencium lembur lisung, ibu-ibu batang tidak memiliki taring, nama antarmuka, tidak sampai bermuara:? Karena, baik sebagai ngeheureutkeun cerita Anda. Dibaca oleh Dewan, pada layar PangenténSaya gagal untuk interpreter (mu) Pakeun, meskipun saya hanya mengatakan. sasimkuringeun Nya kita adalah. Merasa sangat berbeda kuda-membaca kematian, belakang: antarmuka membaca bahasa tanpa dasar memperhatikan dan membaca setelah pangenteur-panganteurna. Asa hareurin. Asa sempit, diheureutkeun, dih (/ k) eureutan. Duka hanya merasa, bagaimana kesedihan. Tapi ah, aku memukul, saya hanya sasimkuringeun, kata dia.

/AKU AKU AKU/

Saya dicekapkeun kita membuat saya, tentatif saya. Mudah-mudahan tidak kaawonan, karena, ia sendiri: tas-chart paélmuan sastra saya tidak bisa sataikukueun dikenal taikukueun untuk tidak membandingkan dengan yang lain saya. Bawiraos, tidak hanya ingin berpartisipasi dalam dunia kita kasastraan, kebenaran, ladang untuk dipelajari adalah bahwa kita. Terima kasih.

CEP Arifin Othman, alumnus Universitas Padjadjaran; menulis puisi, dan carpon e s e i menggunakan Bahasa Indonesia Bahasa Inggris dan é apa-apa

 

Leave a comment

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

%d blogger menyukai ini: