KASUNDAAN

0

Kukuh Kana Kabudayan Lokal Ku Irongan Kiwari

Ku Ki Ajar Sunyapada

Naha bisa hirup di jaman kiwari tapi sagemblengna ngalarapkeun kabudayaan bihari? Jawabanana bisa, contona urang Kanekes, urang Tengger, urang Asmat, jeung nu sajinisna. Tangtuna ngan saeutik nu bisa siga arinyana.

Di luar pihak-pihak nu disebutkeun di luhur, seug ditengetan, insan-insan nu kiwari teu sirikna sosorongot sangkan maké kabudayaan lokal, sajatina mah sarua jeung panulis, bobolokot ku kabudayaan luar. Ti mimiti tanghi nepika pinaré. Jadi babasan “dipoyok dilebok” kana kabudayaan luar téh nyata ayana.

Kabudayaan luar sakumaha nu dimaksud nyaéta kabudayaan barat, hiji kabudayaan anu kiwari disebut kabudayaan global. Disebut kabudayaan global ku sabab panyéngkana geus ngadunya. Samalah dipaké ogé sacara kentel ku Cina, Jepang, India, Arab, jeung bangsa-bangsa lian nu sok dipeunteun sabagé kukuh kana kabudayaan lokal.

Urang pisahkeun antara harti budaya jeung harti kabudayaan. Budaya pihartieunana nyaéta cipta, cita, rasa jeung karsa manusa, ngajirimna dina karakter. Anapon kabudayaan pihartieunana nyaéta sagala anu mangrupa produk budaya, ngajirimna dina hasil karya samisal wawangunan, waditra, busana, kuliner, teknologi, papagon, seni, aksara, bahasa, jeung pakakas.

Sabagéan bangsa Jepang masih mertahankeun budayana, nyaéta “budaya éra”. Dina ngalarapkeun ieu budaya, remen ku cara nu ekstrim. Nalika tinemu kagagalan dina ngajalankeun tugas nu penting pikeun nagara, arinyana sudi nelasan diri sorangan (bunuh diri) alatan banget ku kaéra.

Jepang kaitung masih kukuh dina budayana, tapi kumaha jeung kabudayaanana? Jauuuh, jauh pisan jeung Jepang mangsa bihari. Kiwari dina soal kabudayaan mah arinyana, dina sababaraha hal, leuwih barat ti urang barat. Lamun téa mah masih aya tina unsur kabudayaanana anu masih dipaké, nya kari aksara jeung bahasana. Di luar éta, wawangunana misalna, Jepang geus nyata-nyata maké kabudayaan barat.

Baca Juga :  Itjen Nyosialisasikeun Audit BOS ku Cara Online, Plt Kakanwil Negeskeun Rek Tumut kana Regulasi

Wanoja bangsa Jepang geus teu gégélembréngan deui ka mana-mendi maké kimono. Sapopoéna mah busanana geus sarua jeung urang barat, kimono dipaké saukur dina acara-acara nu husus, atawa pikeun kalangenan tadi téa.

Laju naha Jepang jadi mundur ku sabab maké kabudayaan barat? Henteu, sakali-kali henteu. Justru urang barat kiwari jadi beuki gimir ku Jepang. Sababa lamun téa mah perang, Jepang tangtu moal ngandelkeun pedang katana tapi ngandelkeun nuklir, ari nuklir apanan teges-teges hasil kabudayaan barat. Istilahna urang barat kiwari ditodong ku kabudayaanana sorangan, kabudayaan nu dipaké ogé ku bangsa non- barat.

Dina urusan musik, musik tradisional Jepang sarua nasibna jeung musik tradisional bangsa lian, nyaéta saukur jadi kalangenan sakali-kalieun. Dina sapopoéna mah nu dipaké nya musik barat, saupama hayang disebut lagu Jepang nya tinggal maké basa Jepang waé nalika nyanyi. Apanan lagu “Kokorono Tomo” kungsi ngadunya dina taun 80-an, samalah di Indonesia jadi “booming”.

Kiwari timbul patanyaan, ari budaya bangsa Indonesia naon? Hanyakal, anu ngaraku sabagé budayawan ogé loba nu teu bisa ngajawab, samalah mah nyebutkeun yén Indonesia teu boga budaya. Padahal Indonesia masih boga budaya, sok sanajan geus luntur ku waktu laas ku jaman. Budaya Indonesia nyaéta : Budaya gotong-royong!

Aleut-aleutan aksi itu jeung ieu, nu kiwari jadi sabiwir hiji, masih bisa nunjukkeun yén sakumaha laasna ogé budaya gotong-royong masih nyangkaruk di sabagian jiwa bangsa Indonesia. Hiji majelis taklim bisa ngirimkeun sababaraha beus alatan masyarakat sabudeureunana daék gotong-royong ngumpulkeun dana. Jadi salian ti ku kajurung sumanget agama, ogé masih kaasuh ku budaya gotong-royong.

Sapaparat jalan nu “long march” mangsa harita teu kakurangan ku sandang jeung pangan ku sabab sumanget gotong-royong anu dipibanda ku masyarakat sapanjang jalan liliwatan. Bangsa lian mah can tangtu bisa siga kitu.

Baca Juga :  APBD Parobahan Kabupaten Bandung 2020 Batal Disahkeun

Sarwa pamanggih nu nyebutkeun yén Indonesia teu mibanda budaya, bakal jadi racun pikeun generasi anyar. Sababna nyaéta ari budaya mah geus mangrupa “firmware” dina kahirupan masyarakat manusa. Hamo bisa ilang kajaba lamun geus nangkarak baeud. Tinggal ditilik nu ngabudaya téh watek nu kumaha dina éta bangsa atawa masyarakat.

Lamun hayang maju siga Jepang, tangtuna bangsa Indonesia perlu nyokot tuladan ti éta bangsa. Rék ku cara “malu-malu kucing” atawa ku cara nyantana, “terang-terangan” nurutan urang Jepang. Tapi hadéna mah ku cara nyantana, supaya teu kaasup bangsa nu munapék.

Saupama rék nurutan Jepang, nya budaya urang sorangan, nu disebut budaya gotong royong tadi, kudu terus dirumat. Anapon perkara kabudayaan mah tinggal “ngindung ka waktu ngabapa ka jaman”. Da lamun keukeuh peuteukeuh, fanatik buta kana kabudayaan lokal, bari jeung sapopoé mah maké kabudayaan barat, nya lumpatna jadi bangsa nu munapék deui. Ongkoh dipoyok tapi terus dilebok.

Sakali deui, dina ieu guaran harti budaya jeung harti kabudayaan dibédakeun. Budaya ngajirim atawa ngancik dina karakter, anapon kabudayaan ngajirim dina hasil karya.

Sacara kabudayaan, Facebook misalna, teges-teges kabudayaan barat, jeung mémang bogana urang barat, lain boga urang. Tah nalika tinemu jeung budaya Indonesia, nyaéta budaya gotong-royong, dina waktu 3 bulan bisa ngajirim Facebook berbahasa Indonesia, samalah geus aya Facebook nu ku basa Sunda, sok sanajan can sampurna.

Budaya gotong-royong di Indonesia masih kawilang kuat dibanding bangsa lian nu geus piduit teuing. Kukituna Facebook berbahasa Indonesia kaitung nu pangheulana nyéngka batan nu ku basa lian non-Inggris.

Saterusna kumaha nasib kabudayaan lokal? Kabudayaan lokal Insya Allah moal karem sok sanajan posisina ukur jadi kalangenan ku sabab tétér jajatén ku kabudayaan barat. Tinggal maké strategi “bubur hayam” waé nu kungsi diguar ku panulis di luhur.

Baca Juga :  Haji 2020 Bangkar, Kieu Prosedur Dipulangkeunana Setoran Lunas Bipih Reguler

Enggoning ngarumat kabudayaan lokal teu bisa ku cara adug-lajer, sok komo nepika suka-siku kana kabudayaan luar. Samalah bakal katangen teu reugeujeung nalika terus suka-siku kana kabudayaan luar bari jeung terus dipaké.

Aya hadéna ogé saupama lain saukur budaya gotong royong nu dihangkeutkeun tapi ogé budaya éra. Misalna éra saupama ngaku-ngaku kabudayaan luar sabagé kabudayaan urang. Paké mah paké waé éta kabudayaan luar téh, tapi tong sok aku-aku angga.

Cag!

Kabuyutan Pakujajar, Raspati 13s Setra, 1956CS/ 16 Januari 2020

LEAVE A REPLY

Please enter your comment!
Please enter your name here