Subang,bewarajabar.com – Ratusan Guru jeung Murid di Kabupaten Subang samiuk sabilulungan, gawe rancage beberesih lingkungan. Eta kagiatan teh dina raraga ngeuyeuban rangeuyan acara ngareuah-reuah Milangkala Ka-74 PGRI jeung Hari Guru Nasional 2019.
Bereresih dilaksanakeun di sajumlah tempat, ti miniti lapangan Pasar Tradisional, Masjid, Lingkungan Warga, Sakola, nepi ka lelewek kuburan “Tempat Pemakaman Umum” (TPU). Kituna teh teu ngan wungkul di pusat kota, dalah ka wewengkon kacamatan pasisian di sabudeureun Kabupaten Subang oge diberesihan.
“Dina raraga mapag turta ngareuah-reuah HUT PGRI ka-74 jeung Hari Guru, poe ieu ngalaksanakeun Bhakti sosial kucara beberesih lingkungan. Teu diwilah-wilah sakumna wewengkon kecamatan diberesihan,” ceuk Ketua PGRI Subang Asep Kahlan Husni.
Ratusan guru mawa alat sewang-sewangan pikeun beberesih, ditambah ku para siswa nu parigel kana beberesih. Runtah nu ngagunung, jaba bala pabalatak di lelewek lapangan eks Pasar Inpres, disapukeun, dibeberes, runtahna diakut ku “Armada Sampah.”
Lelewek Lapangan Eks Pasar Inpres Jl. Sutaatmaja, Subang, nu tadina kumuh rarujit jaba bau ku runtah, Ku pasukan Guru jeung Siswa, jadi lalening bersih. Matak teu jadi heran, dina kagiatan eta diluuhan ku Wakil Bupati Subang Agus Masykur Rosyadi.
Wabup ngarasa reueus tur nga-apreisasi kegiatan bhakti sosial para Guru jeung para siswa eta. Malah Wabup ngarasa kataji ku kagiatan para Guru nu samiuk sabilulungan. Wakil Bupati oge ngaharepkeun, turta pesen mun seug beberesih teh ulah ngan saukur dilaksanakeun seremonial wungkul, tapi kudu jadi karakter jeung budaya masarakat Subang.
” Mana komo sakeudeung deui usum hujan. Kuring miharep saacan cur hujan masarakat geus bisa ngungkulan, nga- antisipasi, miara lingkungan,” pokna ngajentrekeun. (Red)*