Sign in

Sign up

MUKA JATNIKA SASTRA : NYIAR LUANG TI MANG KABAYAN – (Bagian kadua Bah Dĕdi)

By on November 17, 2019 0 73 Views

Urang tuluykeun muka jatnika sastra dina bagian kadua. Mugia anu maca parantos ngabandungan Gending Karesmenna dina You tube. Saparantos bakat ku keuheul Iteung ngabanjur Kabayan terus lumpat asup ka imah. Kitu dina caritana. Kabayan teu ambek samalah kalah hahariringan. Teu nyusul pamajikan anu asup ka jero imah. Da lamun kabayan ambek nyusul ka jero imah terus hampang leungeun mah jigana rumahtangga kabayan tĕh tamat nepi ka dinya. Jirangan kahiji kamari kapan urang geus meunang opat pelajaran. Urang tuluykeun kumaha luang ti Mang Kabayan anu saterusna.

  1. Tetep tenang nyanghareupan kahirupan Waktu Mang Kabayan dibanjur, manehna tenang kalah hahariringan bari ĕngklak-ĕngklakan. Totopong anu baseuh dilaan teru diperes. Kitu nyanghareupan kahirupan urang kudu tetep tenang ulah babari ambek jeung emosional. Komo lamun nyanghareupan jelema anu kairong teu ngarti, dagoan nepi ka ngarti ulah kalah diobrot dipasĕaan, samĕmĕh ngarti mending diantep, sugan mikir jeung ngarti tinimbang paontrog omong anu balukarna bakal jadi riributan. Lamun urang tenang pasti meunang jalan kaluar tina bangbaluh saperti Mang Kabayan.
  2. Ideu Tina hal anu teu sapira Lamun urang nyangka inpirasi atawa ideu pamikiran tina hal anu luar biasa kacida salahna. Ideu atanapi inpirasi sabenerna beunang tina hal anu teu sapira. Mang Kabayan teu pira boga inpirasi atawa ideu tina totopong baseuh. Totopong ditilik nepi ka sidik terus digantungkeun dina panyaweran hareupeun golodog imahna. Kitu ceuk Mang Kabayan inpirasi atawa ideu taya tinu hal nu luar biasa. Inpirasi anu teu sapira bisa jadi luar biasa lamun ku urang diolah kalawan daria. Jadi nu ngajadikeun hiji inpirasi bisa jadi hal anu luar biasa lantaran ngolahna makĕ kamotĕkaran akal jeung pikiran. Lamun urang nalungtik sel surya anu bisa ngahasilkeun listri tanaga surya. Panalungtik meunang ideu atawa inpirasina tina salambar daun tatangkalan. Ipis tapi dijero daun ĕta aya hiji proses photosintetis anu jadi bahan energi keur kahirupan tangkal. Hal eta diolah nepi ka jadi teknologi anu luar biasa teknologi panel surya. Nu bisa ngahasilkeun tanaga listrik sabada dipoĕ handapeun cahaya panon poĕ.
  3. Perlu panalungtikan tina hiji inpirasi nu teu sapira Totopong baseuh diusapan bari dipapandekeun dihariringan dianggap “Pusaka Si Kalong Hideung” kitu kalakuan Mang Kabayan. Kapan anu nalungtik salambar daun nepi ka jadi cell surya oge sarua kawas nu gelo daun diteuteup disidik-sidik samalah make mimkroscope sagala rupa. Inpirasi anu teu sapira lamun diolah ku kamekaran jeung kamotĕkaran akal jeung pikiran baris ngahasilkeun hal anu luar biasa. Tutas ditalungtik ngagunakeun akal jeung pikiran gagasan atawa ideu teu cukup diantep diingkeun. Tapi satuluyna kudu disusun jadi hiji rancang gawe. Rancang gawĕ ieu kudu taliti jeung rapih nepi ka batur percaya kana program atawa rancang gawĕ urang. Sampurnakeun terus rancang gawĕ urang nepi ka logis jeung realistis tur bisa dilaksanakeun dina kahirupan. Kapan para ahli teknologi ogĕ pikeun nyarungsum rancang gawĕ tĕh nepi ka nyieun prototipe. Percobaan-percobaan nepi ka hasilna ngawujudkeun hiji teknologi.
  4. Program kudu disosialisasikeun Kabayan terus hahariringan bari ĕngklak-ĕngklakan. Nepi ka datang para mojang nanya ka Mang Kabayan. Mang Kabayan nyarita geus tapa tur meunang pusaka si Kalong hideung anu bisa mĕlĕt deungeun. Pon kitu datang Jajaka sarua kitu pokna. Sabenerna bari ĕngklak-ĕngklakan tĕh Mang Kabayan nĕangan kasempetan anu hadĕ pikeun sosialisasi program atawa rancang gawĕna. Rancang gawĕ ieu kakara disusun jadi hiji proposal. Tur disosialisasikeun ka batur nĕangan jelema anu percaya. Kapan kitu dina tahapan kahirupan ogĕ. Lamun urang boga rencana dijieun proposal anu saterusna proposal disosialisasikeun ka jelema anu tepat proporsional jeung propesional. Sabab lamun proposal urang kapanggih ku jelema anu teu ngarti atawa teu tepat. Lain jadi untung malah jadi buntung.
  5. Kumaha lamun aya nu teu percaya kana rencana urang? Tutas datang para mojang jeung bujang. Iteung kaluar sagala dibalangkeun ambek kacida kana talajak si Kabayan, dianggap gelo jeung ngĕrakeun. Kitu lampah mamang Kabayan di eta Gending Karesmĕn. Naha bakal aya nu percaya kana konsĕp urang? Tangtu bakal hĕsĕ lamun urang hayang dipercaya. Samalah mĕmĕh urang dipercaya pasti bakal loba anu nyeungseurikan samalah bakal loba anu ceuceub jeung geuleuh ka urang. Kitu gambaran tina lampah Mamang Kabayan. Tapi enggoning narima respon atawa akibat tina konsĕp urang rĕk hadĕ rĕk gorĕng urang ulah kabawa ĕmosi jeung urang ulah waka leutik hatĕ nganggap konsĕp urang salah. Komo lamun konsĕp urang dipiceun dipopohokeun. Bisa jadi konsĕp urang tĕh can tepat waktu nepi ka batur teu percaya atawa hĕsĕ dilaksanakeunna.
  6. Konsep anu teu dipercaya ku batur kudu terus diolah Tutas si Iteung reureuh ambek-ambekan asup deui ka jero imah. Si Kabayan tetep hahariringan. Saterusna nyarita “Rĕk nyimpi heula euy, jadi raja, ngarareunah, loba selir….” Nyanghareupan jelema anu teu percaya ulah dilawan ku ĕmosi tenang wĕ. Cara si Kabayan tenang nyanghareupan kaambek si Iteung. Nu ambek kalah diheureuyan. Saterusna si Kabayan nyimpi deui. Geus dibahas nu dimaksud nyimpi tĕh mikir nyieun atawa nyampurnakeun hiji konsĕp. Kitu deui seug urang gagal dina hiji konsĕp urang kudu nyampurnakeun rancang gawĕ atawa konsĕp urang nepi ka bisa dijalankeun tur hasilna nyugemakeun.

Lamun ku urang disimpulkeun tina pedaran nyiar luang ti Mang Kabayan jirangan ka dua ieu tĕtĕla urang kudu tenang nyanghareupan kahirupan sabeurat naon ogĕ pasualan anu ku urang disanghareupan. Dina kaayaan tenang urang bisa mikir anu salsĕ tur akal pikiran urang bakal babarengan jeung jiwa urang pikeun ngarĕngsĕkeun pasualan nu disanghareupan ku urang. Kukituna urang baris meunang bongbolongan ti diri sorangan inpirasi atawa ide. Ulah ngarepkeun boga ide atawa inpirasi anu luar biasa, urang biasanan meunang ide atawa inpirasi the tini hal anu teu sapira. Hal anu teu sapira ieu kudu diolah jeung disusun kalawan bĕrĕs makĕ kamotĕkaran akal jeung pikiran. Sahadĕ kumaha ogĕ rencana atawa rancang gawĕ taya hartina lamun teu dilaksanakeun atawa teu di sosialisasikeun di lapangan. Ku hal ieu urang kudu wani nyoba ide jeung rarancang gawĕ urang. Naha bisa dilarapkeun atawa hanteu, naha batur percaya atawa hanteu. Lamun teu aya nu percaya atawa gagal dilarapkeun urang kudu nyampurnakeun deui proposal atawa rancang gawĕ urang. Bisa jadi rancang gawĕ urang kateundeun ingkeun sawatara taun ka hareup sabab rancang gawĕ urang can cocok dina mangsa ayeuna tapi cocok dina mangsa nu bakal datang. (Hanca)

Like
Like Love Haha Wow Sad Angry

Tinggalkan Balasan