Sign in

Sign up

MUKA JATNIKA SASTRA : NYIAR LUANG TI MANG KABAYAN – (Bagian kahiji – Bah Dĕdi)

By on November 17, 2019 0 87 Views

Kabayan sok digambarkeun jelema ngedul tukang hees jeung kabeh hal nunegatif narep dina tangtung si Kabayan. Urang Sunda samalah sok ngarasa ĕra lamun disebut si Kabayan atawa Lamsijan. Gambaran si Kabayan anu goreng teu leupas tina kaceuceub jeung ka ngĕwa ka si Kabayan nu nenggelna pisan ngĕwa ka Sunda. Tapi lamun urang nitĕn si Kabayan dina gending karesmĕn si Kabayan yasana Wahyu Wibisana. Didieu urang Sunda bakal ngarasa reueus ka si Kabayang. Geuning si Kabayan lain tokoh bodo, ngedul jeung resep hĕĕs. Si Kabayan tokoh anu pinuh ku strategi dina nyanghareupan kahirupan.

Naha Wahyu Wibisana ngahaja nyimpen ajĕn nu sakitu linduwihna dina karya sastra anu diropĕa jadi gending karesmĕn ku Mang Koko? Tiasa janten inpirasi seniman ku anjeuna oge teu kaĕmut ajĕn filosofis anu ahĕng sanajan mĕmang gaduh maksad nĕpakeun ajen dina sastrana. Tapi ieu ajen bakal kasampeur ku sastrawan satuluyna nepi ka ajĕn anu ahĕng dina hiji sastra bakal karasa jeung kapikir ku entragan sastrawan anu saterusna. Upami ka jalmi biasa inpirasi kapan ka Nabi disebat Wahyu. Pon kitu kapan nabi oge teu nyangka upama Qur’an jadi motivasi ngamekarkeun aqal jeung pikiran (Afalataqilun-afala tafaqarun/Naha anjeun teu boga aqal naha anjeun teumalikir?) Ieu kecap Wahyu the geus nimbulkeun pirang-pirang teknologi anu zaman Nabi teu kapikir sanajan ku nabi sorangan. Tapi ku anu ngagunakeun aqal jeung pikiran bakal karasa ahĕngna Al-Qur’an.

Kumaha ahĕngna Gending Karesmĕn si Kabayan? Geur urang guar babarengan  :

  1. Ulah nyieun masalah : Lamun urang nitĕn Gending Karesmĕn tina yutube. Adegan munggaran si Kabayan gĕgĕlĕhĕan dina gologog mahna samemehna kieu pokna “ Teu kudu diayun ambing, hĕĕs mah hĕĕs baĕ. Hanteu kudu dipĕpĕndĕ molor mah molor baĕ”. Saliwat mah mĕmang mamang Kabayan sawan anggel gawĕ saukur hĕĕs. Kedul mumul digawĕ kitu ceuk anu lalajo saliwat. Teu nepi ka anggeus. Padahal ahir eta carita Kabayan jadi beunghar loba parĕ boga hayam sanajan pamĕrĕ. Enya kapan moal mĕrĕ teu pupuguh lamun taya gadag Kabayan. Kecap teu kudu dipĕpĕndĕ, ngandung harti teu kudu hĕsĕ sarĕ. Jaman kiwari loba jelema anu hĕsĕ sarĕ nepi ka ngagembrung jeung ngagimbung di diskotik atawa club malam. Maranĕhna nĕangan pihĕĕseun. Tĕtĕla teu gampang manusa bisa sarĕ kalwan tengtrem siga Kabayan.

Kumaha carana sangkan tibra sarĕ? Tangtu urang ulah nyieun masalah. Da ari boga masalah mah salarĕa oge wajar, taya jelema anu teu boga masalah. Ngan lamun nyieun masalah pasti bakal hĕsĕ sarĕ sabab diudag-udag ku dosa bari ngarasa salah. Koruptor bakal hĕsĕ hĕĕs. Sanajan ditenang-tenang oge manehna moal tenang. Ku hal ieu loba ngulayab katempat anu teu munasabah milampah dosa sejen. Samaruk dosa bisa ditutupan ku dosa, kasalahan bisa ditutupan ku kasalahan. Kitu ceuk si Mang Kabayan dina Gending Karesmĕn Karyana Wahyu Wibisana. Lalajo ieu Gending Karesmĕn teu kudu hĕsĕ sabab nyair (ngunduh) tina youtobe oge gampang. Anu panasaran kana ieu carita tiasa milari tina internet. Manfaatkeun teknologi keur kapentingan mekar motĕkarna budaya urang.

  1. Rengsekeun masalah kalawan proporsional : Masih keneh tina Gending Karesmĕn anu sarua urang kudu proporsional dina ngarengsekeun pasualan. Dina harti pamepes kudu luyu jeung pasualanna. Ngandung harti urang kudu paham heula kasang atawa akar pasualan samĕmĕh mĕpĕsna. Hal ieu katohiyan dina naskah gending karesmĕn pacĕntal-cĕntal si Iteung jeung si Kabayan. Si Iteung “Dasar lalaki teu uyahan” ceuk si Kabayan “Teu kudu diuyahan sabab nu kudu diuyahan mah paiseun, uing mah moal dipais”. Ceuk si Iteung “Lalaki teu pikahayangeun”, tempas si Kabayan “Kapan matak daĕk dikawin gĕ manĕh tĕh hayang.” Kabayan ngajawab pananya si iteung luyu jeung thema, teu ngajawab nu lain-lain. Pon kitu urang dina hirup kumbuh kudu ngarengsekeun pasualan luyu jeung thema pasualan nu disanghareupan ku urang. Nepi ka batur anu nyaksi jeung ngabandungan seuri sabab nu ditĕmbal ku urang bener. Teu bisa dipungkir deui.

Naha kiwari urang geus kitu dina nyanghareupan pasualan?

Urang larapkeun dina tangtung ngarĕngsĕkeun pasualan bangsa, sabab kapan sastra lain gambaran keur pribadi. Loba pisan ayeuna pasualan anu teu rĕngsĕ akibat tina ngajawab pasualan anu teu merenah ahirna reaksi masyarakat jadi sĕah, samalah loba anu ngagorĕng jadi panglĕlĕwĕ ka pejabat anu ngarĕngsĕkeun pasualan teu proporsional atawa teu luyu jeung masalahna. Nu haneut keneh urusan calana cingkrang jeung cadar anu ditumalikeun jeung radikalisme. Umat Islam sĕah protes ka mentri agama, najan teu togmol nepi ka kiwar sĕahna masih karasa.

  1. Rumah tangga kudu niat ibadah : Hal ieu kagambarkeun waktu Iteung mĕnta balanja ka si Kabayan “Na mana atuh balanjana, iraha makĕanana?” Si Kabayan tenang malikeun ; “Na mana nyai buruhan mondokanana”. Loba anu rumahtangga lain niat ibadah tapi hayang dibalanjaan jeung dijamin kahirupan ku salaki. Padahal kapan nu ngajamin kahirupan mah Allah lain salaki. Dina hal ieu urang boga luang ti Mang Kabayan yen rumahtangga kudu ikhlas niat ibadah lain itungan jeung perhitungan. Mĕrĕ naon salaki jeung mĕrĕ naon salaki. Naon sababna sabab awal kabagjaan jeung katunggaraan urang ti imah tegesna tina rumah tangga. Ku hal ieu ditegeskeun lamun pamingpin geus riweuh rumah tanggana nepi ka neangan parkan jeung selir (kawin kontrak) ieu cenah ciri bangsa bakal ancur nagara bakal ruksak.
  1. Nyimpi oge hiji pagawean (Konseptor) : Waktu si kabayan dititaah digawĕ ceuk si Iteung : “henjig Kabayan digawĕ”. Kabayan ngajawab; “Tong ganggu nyai rĕk neruskeun impian”. Si Iteung beuki ambek nyebutkeunkeun pangedulan. Kabayan tenang bari ngajawab “Nyimpi ogĕ kapan hiji pagawĕan”. Saliwat mĕmang kabayan pikasebeleun. Padahal bener pagawean teu kudu kaluar kĕsang badag kĕsang lembut kabeh. Aya pagawĕan anu teu indit, teu ngĕsang, teu kaciri digawĕ tapi sanggup meunangkeun untung anu gedĕ. Konseptor, motifator, inisiator salah sahiji pagawĕan zaman kiwari anu teu kudu ngaluarkeun tanaga. Bisa jadi konsĕptor lamun keur ngonsĕp uleng mikir nepi kateubisa diganggu ku batur. Nyorangan embung dibaturan jeung sajabana. Tapi kabĕh pagawĕan kapan aya konsekwensi phikologisna. Konseptor mikir dina peuting anu simpĕ mĕakeun waktu peuting keur mikir ahirna beurang lusuh jiga pangedulan.

Satuluyna dina runtuyan ĕta carita Kabayan dibanjur ku Iteung. Iteung lumpat kajero. Keun urang bahas dina babak satuluyna. Ngan dina bagian kahiji ieu urang meunang opat hal pikeun pieunteungan tina lampah si Kabayan yasana Wahyu Wibisana. Anu nyadarkeun urang geuning urang can sabar dina kahirupan nyieun waĕ masalah. Sidik can sanggup meuli mobil kalah nganjuk lain kukumpul atawa meuli mobil anu sakadugana ulah nganjuk ngahutang. Geuning urang masih kĕnĕh murang maring nyalahkeun batur. Padahal lamun disusul kalawan jujur kasalahan the bakal nonggĕrak tina diri urang sorangan. Geuning rumahtangga urang the can ikhlas niat ibadah, nepi ka loba tungtutan anu teu sakamampuan diri urang pikeun kulawarga. Geuning urang salilsa ieu nganggap pagawĕan tĕh hal anu kudu ripuh bobolokot kĕsang jeung ngaluarkeun tanaga anu gedĕ. Padahal ngagunakeun akal jeung pikiran leuwih nguntungkeun tinimbang ngagunakeun tanaga. (Hanca)

Like
Like Love Haha Wow Sad Angry

Tinggalkan Balasan