Sign in

Sign up

MUKA JATNIKA SASTRA : NYIAR LUANG TI MANG KABAYAN – (Bagian kalima Bah Dĕdi)

By on November 18, 2019 0 106 Views

Jigana urang bahas ayeuna jiranan ka lima, sakalian wae nepi ka pamungkas tina yasana Wahyu Wibisana pintonan Gending Karesmĕn si Kabayan jadi dukun ieu. Anu panasaran manggo down load waĕ tina you tobe, zaman ayeuna mah informasi teu harĕsĕ saperti baheula. Mung kilang kitu miharti informasi mah tetep wĕ perlu peta tarĕkah akal pikiran. Kadang aya anu teu nepi kana loyogna pikiran anu ngarang. Ringkesna carita kieu “…Tutas Mang Kabayan kadatangan mojang anu rek ngagondang. Kabayan kasampak keur sare keneh, tapi teu diganggu ku mojang terus we mojang tĕh mendeko dina paranti si Kabayan mendeko mapatkeun jampĕ pamakĕ pamĕrĕ Kabayan. Kagareuwahkeun ku mojang Kabayan ge nyaring, Kabayan milu mairan mojang anu satuluyna ngagondang. Jol jajaka nu rek nyungsi jodo barungah teu gaplah rebo ku babawaan oge da cartai Kabayan teu bohong, aya mojang keur ngagondang. Saterusna Kabayang ngamotivasi mojang jeung bujang supaya neangan nu cocok satuluyna patali janji nu bener. Mojang jeung jajaka mulang kalawan pasangan sewang-sewangan. Tinggal pare jeung hayam banda si Kabayan. Kabayan ngagentraan pamajikanna. Si Iteung oge ngarasa bungah tumanya timana ieu rejeki anu sakitu lobana the. Kabayan ngajawab tong loba omong sabab kabeh oge rejeki the ti dewa totopong”.

Kitu garis badagna tina ieu carita. Aya sababaraha hiji nu ku urang rek diteuleuman sugan nyukang kana panata lampah tur bisa dilarapkeun dina zaman ayeuna. Urang papay hiji-hiji sugan nyukang kana tetekon khirupan :

1. Mojang mapatkeun jangjawokan ti si Kabayan.

Didieu mere pepeling ka guru atawa pangatik. Geuning lamun geus percaya ka guru jadi dogma nu bisa jadi nyasarkeun laku lampah generasi. Saperti si Kabayang ceuk mojang mah di anggap bener jangjawokan the padahal maksud si Kabayan mah heureuy geura urang jentrekeun. “Tong seuh tung, tong seuh tung, jajado, jajado, ingteringteringtering, ingdoingdoingdoing” Kitu jangjawokan si Kabayan saukur heureuy jeung rakitan deuheus tina “Tototpong baseuh ngagantung, jalma-jalma bodo aing pinter aing pinter, aing bodo aing bodo”. Tah eta kecap heureuy si Kabayan ku mojang dianggap enya tur dipapatkeun kalawan husu. Naha Kabayan ngabobodo? Lain kadinya maksud ieu carita, tapi mere gambaran loba hal-hal anu palsu anu dianggap bener ku manusa sabab guruna teu ngajelaskeun kalawan gembleng sagala kateranganna. Loba alsesan guru pikeun teu ngajelaskeun hiji hal ka murid. Can mangsana atawa can waktuna, murid kaburu jauh ti guru nepi ka geus manjing umur cukup waktuna teu kaburu kajelaskeun ku guru.

Bisa wae dogma diajarkeun ka generasi pikeun hiji kauntungan. Saperti Kabayan anu ahirna untung boga rejeki pamere para mojang jeung jajaka. Ngahaja nyumputkeun ajaran nu bener tur milihan ajaran nu sakira nguntungkeun keur guru. Nyumputkeun jeung ngaganti ajaran anu sakira bakal ngabeuratkeun ka guru sabab guru contona kudu mĕrĕ suri jeung tauladan. Keur nu teu resep milampah bener, bakal ngaleungitkeun conto ti guru. Sanajan guru jahat tetep kudu dihargaan. Intina tina ieu pintonan urang kudu ati-ati ngajar siswa ulah nepi ka mabeulitkeun sejarah jeung aturan katut hukum. Bener bejakeun bener salah bejakeun salah sagolĕk pangkĕk sacanggreud pageuh. Ulah nepi ka ngarugal rigel ajaran pikeun kauntungan.

2. Kagareuwahkeun ku mojang Kabayan nyaring.

Kusabab diawal disebutkeun nyimpi tĕh nyampurnakeun konsep. Atuh nyaring didieu oge hartina lain hudang tina sarĕ, tapi meunang inpirasi anyar nalika aya nu percaya ka dirina. Didieu urang kudu lantip sabab lamun teu ati-ati, lamun urang dipercaya bakal asup kana tukang tipu. Methode atawa konsep urang oge kapan bisa wae gagal. Dimana methode gagal meureun urang bakal kaceluk jadi tukang bohong. Sabab lamun urang ngobrol jeung anu boga teori ekonomi contona wae dagang sistem dagang multi level tĕa. Urang nganggap manĕhna rĕk nipu sabab nu tungtung bakal buntung. Moal rumasaeun rĕk nipu atawa moal ngaku tĕtĕp wĕ tĕorina dianggap bener. Teu untung soteh pĕdah anu panungtung teu sanggup nĕangan pelanggan tur salah sorangan. Kitu ati-atina urang kudu beuki nyaring lamun geus aya nu mercaya. Komo tutas datang mojang mah beuki nyaring Kabayan. Sabab sieun rencana gagal anu satuluyna manehna kacanir bangban kawiwirangan disebut tukang tipu ku Mojang jeung Bujang. Kiamat keur si Kabayan sabab kapan pamajikan tetep teu percaya kana strategi jeung siasdat manehna.

3. Kabayan ngamotivasi mojang jeung bujang

Tutas aya nu percaya urang kudu sanggup maca kana phisikologi publik, nepi ka maranehna bakal unggul jeung bakal laksana cita-citana lain karena urang nu boga cukang lantaran, tapi ku sabab sumanget jeung jiwana sorangan anu kamotivasi ku urang. Kitu si Kabayan dina jiranan ieu ngajangelek jadi motivator, nepi ka bujang jeung mojang sadar. Jodo, pati, bagja jeung cilaka kagungan Pangeran. Antukna maranehna teu pipilih kanu leuwih koceplak meunang nu pecak. Jadi realitas we milih anu aya tur ngabebenah anu aya sangkan bisa ngahontal kaunggulan hirup kalawan babarengan. Omat ulah jadi sombong jeung takabur diamana urang geus kapercaya. Sabab kasombongan jeung katakaburan sumber kagagalan perjuangan.

Emut salami sapuluh taun abah teu maparin honor ka guru anu ngawulang di Gema Pancasila. Tapi guru tetep betah ngabaktikeun diri di SMP Gema Pancasila. Abah sorangan ngajar borongan dimana aya guru nu teu hadir kabeh pelajaran biasa ditepikeun. Tĕtĕla jiwa manusa teu sadayana sondar buruh. Gajih leutik pasti teu betah. Guru honor di SMP Gema Pancasila lamun ngalih sanĕs pundung tapi pancĕn gawĕ anu leuwih merenah. Samalah loba guru anu pernah ngajar di SMP Gema Pancasila jaradi guru pagawe negri di tempatna sorangan, tutas ngabaktikeun diri teu dihonoran di SMP Gema Pancasila. Nepi ka kiwari brukbrak jeung guru, aya rizki bagi kalawan adil taya rizki bareng-bareng puasa. Teu burung sakola bisa lumangsung nepi ka 20 tahun leuwih. Kitu perluna urang paham kana phisikologi masa sajeroning perjuangan urang. Teu kabeh pasualan bakal beres ku duit, bisa wae pasualan anu ceuk batur mahal, bisa rĕngsĕ kalawan teu ngaluarkeun waragad. Kitu perjuangan perlu kayakinana jeung kajembaran jiwa. Nepi ka urang sunda anu rek berjuang moal kahalangan ku teu boga modal atawa waragad keur perjuangan.
4. Tutas Mojang jeung bujang baralik saruka bungah tinggal kabayan nungguan pare jeung hayam anu loba.

Tiap perjuangan pasti aya hasilna kitu hukum alam lumangsung dina kahirupan manusa. Tah runtagna perjuangan lamun geus aya hasil jadi poho kabatur. Samalah make alesan ‘bongan’ batur sok dipopohokeun. Bongan teu percaya, bongan teu ngabantu. Hasil perjuangan asa nu urang, asa meunang kapinteran urang. Lamun teu aya aing pasti gagal, ku hal ieu aing anu kudu pang gedena kabagean untung. Padahal kapan tujuan perjuangan lain harta-lain banda tapi lumangsungna hiji konsĕp nepi ka bisa dipakĕ tur dijalankeun sanajan lain ku urang. Ku hal ieu si Kabayan ngageroan si Iteung titah nempo hasil perjuanganna. Atuh Iteung ari nempo harta mah jadi bageur teu jamedud kawas tadi. Waktu kabayan ditanya rijki timana? Kabayan ngajawab ukur ku silib rijki ti Dĕwa Totopong.

Enya kapan inpirasi keur si Kabayan ti mimiti cindeluk nepi ka loba parĕ jeung hayam tĕh meunang inpirasi tina totopong baseuh anu dibanjur ku Iteung. Kabayan sadar lamun Iteung teu ngabanjur sirahna nepi ka totopongna baseuh ĕta rizki moal datang ka manĕhna. Pon kitu urang mangsa geus hasil perjuangan ulah poho ka rintisan perjuangan anu peurih jeung beurat. Lamun tĕa mah aya nu teu kuat babarengan berjuang jeung urang nepi ka ninggalkeun urang. Dimana geus bener-bener hasil tur perjuangan bisa dijadikeun kahirupan keur salarĕa kudu digupay deui. Sabab tanpa maranĕhna urang moal sanggup hasil berjuang. Pon kitu nu jaradi pamingpin kapan dipilih ku rahayat atuh wajar pami terus berjuang keur rahayat kitu jatnika tina carita Kabayan anu diguar dina waktu ieu pamuga aya manfaatna.

Naha maksud Wahyu Wibisana nepi kana palebah dieu waktu ngarang gending Karesmĕn si Kabayan jadi dukun? Wahyu Wibisana sastrawan mantenna maca jiwana lain maca pikiranna. Sedengkeun kapan lamun urang maca jiwa ditepikeun ka batur, bisa jadi hal anu luar biasa tina jiwa urang bari teu kapikir ku urang ogĕ. Sabab kapan jiwa jeung pikiran hal anu kacida bedana. Teu bisa dibandingkeun antara pikiran, jiwa jeung rasa. Boga pancĕn sĕwang-sĕwangan dina diri manusa. Kasadaran jiwa bakal bĕda jeung kasadaran pikiran. Kadang kadang pikiran urang telat ngahartikeun kasadaran jiwa urang sorangan. Lamun urang maca teknologi modern zaman kiwari sadayana aya dina ayat Qur’an. Tapi Nabi ku anjeun teu dugi kana teknologi nafsirkeun jeung nakwilkeun Qur’an. Hal ieu ku sabab Qur’an kasadaran jiwa lain pikiran. Ku hal ieu anu jiwana can sadar sanajan pinter moal sanggup narima Qur’an. Pamugi wae urang Sunda dipaparinan tuduh jalan tinu Maha Kawasa pikeun miharti pamaksudan luluhurna dina sastra jeung budaya Sunda. Tur kiwari tinggal ngalarapkeun dina ringkang pikir ngajadi ringkang lampah kahirupanna. Cag.

  Artikel

Tinggalkan Balasan