Sign in

Sign up

MUKA JATNIKA SASTRA : NYIAR LUANG TI MANG KABAYAN – (Bagian katilu Bah Dĕdi)

By on November 17, 2019 0 65 Views

Urang tuluykeun ngaleyepan Gending karesmĕn si Kabayan yasana Wahyu Wibisana Alm. Pamugi nu ngarangna kĕnging ganjaran anu luyu sareng kaadiluhungan karya sastrana anu ku urang keur diguar. Dina jiranan katilu kabayan keur tibra sarĕ waktu para mojang daratang rĕk menta tulung. Kitu mungguh lamun konsep urang geus alus tur dipercaya ku batur, geus teu kudu diwawar ditatawarkeun pasti bakal aya nu datang ngajugjug pikeun mĕnta izin atawa mĕnta tulung geusan ngagunakeun konsĕp urang seug maranehna can ngarti pasti bakal datang ka cungap, atawa bakal datang ka urang salaku konseptorna. Kumaha lamun urang geus dipercaya? Urang tuluykeun nyiar luang ti Mang Kabayan.

  1. Manfaatkeun kapercayaan kalawan lantif Nalika Mang Kabayan sarĕ tibra datang para mojang anu mĕnta tulung hayang geura boga jodo. Kabayan ngadĕngĕkeun kedalna rasa para mojang kalawan daria. Sarta terus ngayakinkeun para mojang ulah ngarasa sedih sabab Batara bakal nulungan. Tutas meunang kapercayaan Kabayan teu ujug-ujug dijieun kasempetan pikeun meunangkeun kauntungan. Tapi kalawan lantif kabayan maca phosikologis para mojang pikeun ngagunakeun kasempetan anu hadĕ. Bari mojang teu ngarasa rugi samalah ngarasa untung ditulungan ku si Kabayan. Pon kitu enggoning ngajual konsĕp jeung gagasan ulah nepi ka ahirna batur ngarasa katipu jeung kabobodo ku urang. Gunakeun phisikologi masa keur nambah kapercayaan. Tur gunakeun phisokologi maranĕhna sangkan maranĕhna bisa ngahontal tujuan maranĕhna ku kakuatan jiwa maranehna sorangan. Sanajan ahirna bakal nyangka diri urang anu luar biasa. Padahal kapan manusa mah sarua waĕ anging ku Pangersa Mantena teu daya jeung teu upaya.

Loba manusa anu dibĕrĕ kasempetan pikeun meunang kauntungan anu gedĕ tapi ahirna jadi hiji panipuan nu ujungna pisan penjara. Kabayan ngajanjian ka mojang bakal meunang jodo, kabayan boga pamenta saeundan pare tina sageugeus anu dibawa ku mojang. Pon kitu kabayan ngajanjian ka para jajaka pijodoeun bari kabayan meunang kauntungan pare jeung hayam ditambah totopong anu dibaktikeun ka Batara ku para jajaka. Mojang bagja, pon kitu jajaka bagja teu ngarasa rugi mĕrĕ tanda bakti ka Mang Kabayan. Kadĕ sing hadĕ nyekel kapercayaan. Nyekel kapercayaan kudu make jeujeuhan sangkan teu tijalikeun jadi panipuan. Kabayan ngabobodo para mojang jeung jajaka dangkan baroga jodo? Lain ngabobodo tapi intina ngamanfaatkeun kapercayaan kalawan hadĕ jeung lantip. Pon kitu urang dina hirup kumbuh kudu bisa ngamanfaatkeun kasempetan jeung kapercayaan kalawan hadĕ jeung lantip. Sing percaya rizki bakal datang luyu jeung kiprah tur lampah gawĕ urang teu kudu nungtut da bakal datang sorangan dimana urang geus pantes meunang panghargaan.

Kapercayaan modal utama kahirupan. Lain ĕlmu lain pangabisa lain harta. Sabab sanajan urang loba harta, pangabisa, jeung ĕlmu salaput hulu, teu dipercaya urang bakal balangsak jeung hĕsĕ ngalĕngkah. Tapi sabalikna sanajan urang basajan, teu pinter, jeung ukur boga hiji kabisa. Lamun dipercaya ku balarĕa tanwandĕ ĕlmu jeung pangabisa anu saeutik bakal leuwih manfaat tinimbang ĕlmu jeung pangabisa anu loba bari teu dipercaya. Jelema sok poho miara kapercayaan, padahal bisa waĕ anu ditipu jeung dibobodo ku urang cicing, sabab karunya ka urang. Tapi manĕhna geus neukteuk hiji cukang keur meuntas pikahareupeun, sabab ilangna hiji kapercayaan anu moal boa bakal tatalĕpa, nepi ka teu percaya sanagara.

Lamun urang niten pangalaman anu karasa katempo ku urang loba anu geus boga kasempetan dipercaya ku batur tapi ku sabab teu bisa mawa kapercayaan, luntur sapada harita kapercayaanna. Samalah nepi ka loba anu balĕwat tangan urusan khianat kana kapercayaan. Kapercayaan teu kudu loba jeung teu kudu gĕdĕ. Salah sahijina wae di kota Bandung LPM bisa ngagunakeun waragad PIPPK Kota Bandung 100 juta sataun. Ceuk logika taun kahiji ngawangun toko, taun kadua ngeusian toko, tilu taun di hiji Kelurahan kabangun mini market moal ngandĕlkeun alfa mart, indomart jeung mini market sĕjeĕn anu lolobana kapan ĕta tĕh modal asing atawa perusahaan asing. Piraku bangsa urang dagang-dagang waĕ mah teu becus. Didieu tembong urang Sunda hususna bangsa Indonĕsia umumna. Can sanggup nyepeng kapercayaan kalawan hadĕ. Padahal Mang Kabayan geus mĕrĕ gambaran kumaha urang ngokolakeun kapercayaan jeung ngagunakeun psikologis masa pikeun ngahontal tujuan. Nepi ka kiwari teu aya LPM anu gawĕ bareng jeung Bulog pikeun ngadegkeun Warung Kita nepi ka kabutuh pangan masyarakat kelurahan disayagikeun ku LPM. Naha ketua LPMna garoblog? Lain pinter-pinterna mah ngan can sanggup ngolah kapercayaan kalawan hadĕ jeung rancagĕ.

  1. Ati-ati hama lamun geus dipercaya Saliwat si Kabayan jadi tukang tipu, padahal taya nu ngarasa katipu samalah ngarasa kabantu ku lampah laku Mang Kabayan. Pon kitu dina hirup kumbuh sanajan urang geus bĕnĕr nyepeng kapercayaan rĕk gĕdĕ rĕk leutik tetep teu towong ti hama atawa rungkang panghalang. Pon kitu si Kabayan nalika para mojang jeung para jajaka geus mulang memeh daratang deui mawa pasini si Iteung ngamuk sagala dibalangkeun, samalah menta diserahkeun. Lamun urang geus dipercaya bakal aya gogoda. Gogoda ti luar jeung ti jero. Dina jiranan ieu si Kabayan mĕrĕ gambaran kumaha cara urang ngahadang atawa ngarĕngsĕkeun gogoda anu datangna ti jero jeung ti luar.

Urang bahas heula ketak si Kabayan enggoning nyanghareupan gogoda ti jero. Dina harti gogoda ti diri pribadi atawa kulawarga. Dina Gending Karesmen ieu digambarkeun ku si Iteung anu ambek-ambekan ngarasa ĕra ku kalakuan si Kabayan. Dina ngajawab panalĕk si Iteung si Kabayan teu ambek teu sing tapi ngajawab luyu jeung panalĕk Iteung. “Naha maneh Kabayan kitu peta?” ceuk si Kabayan hayang meta. Piraku hirup cicing waĕ nya tangtu kudu meta narĕahan hirup sangkan pinanggih jeung huripna. Ngan dina sajeroning meta ieu loba anu teu ngarti jeung teu bisa ngajudi kana peta urang. Saperti lamun urang ngararancang hiji pagawĕan anu ku batur teu kabayang jeung teu kaharti. Nya kapaksa meureun kudu meta sorangan. Saperti si Kabayan anu meta satukangeun pamajikan. Da lamun peta kabayan kahartieun mah meureun pamajikan oge milu meta. Loba cita-cita anu kudu dipigawĕ ku sorangan. Salah sahiji conto anu deukeut waĕ. Bĕwara Jabar jadi hiji-hijina koran tanpa wartawan. Sagala rupa ditangkes ku sawatara jelema waĕ sabab teu kairong pikeun muruhan wartawan. Lamun loba istilah WTS atawa wartawan tanpa Surat Kabar Bewara Jabar midang naratas tanpa wartawan. Tapi deug peta sorangan geus kahartieun ku batur. Tangtu bakal loba anu mantuan kana rancang gawĕna. Hal ieu mĕrĕ gambaran yen awal rintisan usaha kudu sagala rupa ku sorangan, teu bisa ngandelkeun batur.

Naha euweuh nu nu mantuan? Hiji konsep kudu dipilampah ku sorangan ulah ngarepkeun aya nu mantuan sanajan kulawarga sorangan. Hal ieu sabab bakal loba nu teu percaya lamun konsep hayang dijalankeun ku batur. Kaalaman kunu nulis waktu hayang ngamanfaatkeun madrasah konvensional hayang jadi SMP, kalah pada nyeungseurikeun sabab nu nulis kasebut jelema miskin. Humayua hayang ngadegkeun sakola anu ceuk pamikiran umum bakal gede modalna nyieun sakola mah. Samalah pun biang kantos nyarĕk margi putrana dianggap keur ngagigihan atawa jelema gelo. Perjuangan geus 20 taun ayeuna mah saha nu teu percayaka SMP Gema Pancasila, sanajan dimimiti ngadeg nepi ka kiwari teu burung jadi tur siswana cukup. Atuh ku pamarentah oge tos diaku kalawan meunang bantuan.

Pon kitu kahayang urang Sunda ngadegkeun Propinsi Sunda atawa ngaganti ngaran ku ngaran anu nyunda bakal tugreng loba nu nyeungseurikeun. Kuduna urang Sunda the ngelenep we jaradi anggota DPRD nepi ka DPDRI, satuluyna ngumpul DPD anu opatan wakil Jawa Barat jeung DPRD katut DPRRI nu dipilih ti dapil Jawa Barat. Calukan gubernur, calukan tokoh masyarakat. Breng waĕ ngarobah ngaran moal harĕsĕ jeung moal ngondang papaseaan. Nu teu percaya paling neureuy ciduh bari ngarasa kaget. Tutas milampah sagala ku sorangan kalawan rerencepan tangtu batur kapaksa bakal percaya ka urang sabab teu bisa ditolak da konsep geus jadi tur geus ngawujud. Tah didieu urang perlu pisan ngajaga kapercayaan sangkan nu geus diperjuangkeun ku urang the manfaat jeung maslahat kunu diperjuangkeun ku urang. Ulah nganggap anu tadina teu percaya bakal terus percaya. Manehna bakal tetep cangcaya tur nĕangan kalemahan urang. Keun waĕ batur nu cangcaya mah tapi urang terus kudu berjuang pikeun ngamanfaatkeun kapercayaan nepi ka nu cangcaya teu walakaya. (Hanca)

Like
Like Love Haha Wow Sad Angry