Sign in

Sign up

MUN KI SUNDA NYEPENG NAGARA BUDAYA SUNDA BIJIL KOMARA

By on November 24, 2019 0 58 Views

LINGKUNG SENI GIRI MALÊLA MAGELARAN DI KALIMANTAN TENGAH

Naha LS Giri Malĕla bisa mentas di Kalimantan Tengah? Hĕbat, alus, istimewa? Jawabna lain sabab di Kalimantan Tengah aya nu ditokohkeun ku Masyarakat didinya nyaĕta Otang Ĕli Salĕh anu kabeneran salembur tur mĕmĕh meuntas ka Kalimantan icikibung milu ngadegkeun jeung ngayuga Padĕpokan Giri Malĕla.

Naha hal ieu dipedar. Keur ngayakinkeun kanu maca yĕn budaya Sunda bakal nanjeur jeung dihargaan lamun urang Sundana nanjeur jeung boga pangaruh dihiji tempat. Naha bisa Seni Sunda ngabelesat ka Jĕrman atawa Amĕrika? Tangtu lamun aya urang Sunda nu nyaah jeung deudeuh kana seni Sunda tur boga pangaruh jeung kakawasaan didinya. Lamun dina Agama Islam aya istilah jihad, di Cina aya istilah Shodaku, di sĕlĕr sĕjĕn aya istilah nu ngahuru jiwa pikeun bumĕla nepi ka pati ka Lemah Cai. Di Sunda oge aya istilah bela pati ka lemah cai, nu bakal ngaruntagkeun sagala hal nu musahil pikeun nanjeurkeun Sunda di bawana ieu.

Jiwa jihad atawa bĕlapati ka lemah cai bakal ngarungkadkeun sagala kahĕngkĕran urang Sunda ngahuru jiwa nepi ka sanggup migawĕ hal anu luar biasa tur hasilna bakal nyugemakeun diluar dugaan urang. Kiwari loba urang Sunda anu ngajĕjĕlĕh bangsa sorangan bari ngunggulkeun bangsa deungeun. Padahal tiap bangsa boga potĕnsi jeung kaunggulan sĕwang-sĕwangan. Lamun ngabandingkeun lauk jeung monyĕt urusan tataĕkan, kana tangtu monyĕt bakal leuwih unggul. Tapi lamun dibalikeun urusan ngojay, pasti si lauk unggul tur monyĕt kacida hĕngkĕrna. Pon kitu deui seug urang ngabandingkeun bangsa urang urusan kalĕmahanna. Da Jepang, Cina jeung Amĕrika oge boga kalemahan. Ngan maranĕhna bisa nutupan kalemahan tur nu muncul kaunggulanna. Bangsa urang kudu pinter nutupan kalemahan bangsana. Tur ngangkat kaunggulan bangsana saterusna dibandingkeun jeung kalemahan bangsa sĕjĕn. Tangtu bangsa urang unggul. Cara maranĕhna nu upaya nutupan kalemahan bangsana bari nĕmbongkeun kaunggulanna.

Pon kitu Giri Malĕla bisa ngabelesat ka Kalimantan tengah, lain pedah unggul da di Bandung loba Lingkung Seni urusan garap leuwih unggul tinimbang Giri Malĕla. Ngan Giri Malĕla pengkuh dina ajĕn jeung inajĕn budayana. Nepi ka keur nu ngarti kana seni. Seni teu dianggap saukur hiburan Giri Malĕla boga kaunggulan. Mang Otang Ĕli Salĕh nikahkeun putrina Lugina Qolbu Janari S.T sareng Ricki Hĕrmanto, S.I.Kom ngahaja ngempelkeun wargina kalebet LS Giri Malĕla pikeun mintonkeun seni Sunda di Kalimantan Tengah. Samalah perangkat Calung mah ngahaja ngagaleuh tilu bulan samĕmĕhna satĕrasna ngempelkeun urang Sunda di Kalimantan Tengah kanggo diajar nyalung heula. Ribet rĕk hajat-hajat waĕ nepi ka ngalatih heula calung. Padahal lamun nanggap ĕlĕktone mah meureun di Kalimantan Tengah ogĕ loba grup kesenian kitu.

Ieu urusan belapati ka Lemah Cai ku mikanyaah kana budaya Sunda. Ieu urusan jihad budaya dina jiwa Mang Otang Ĕli Salĕh nepi ka anjeuna ngahagalkeun ngagaleuh alat calung kumplit ti Bandung. Saterasna ngalatih ku anjeun grup calung di Kalimantan Tengah. Anu susah saperti Kacapi jeung nu sĕjĕnna Mang Otang ngajak sabagian ti anggota LS Giri Malĕla pikeun ngajejeran pentas seni di Kalteng. Samalih Karesmĕn Papag Pangatĕn ogĕ ngadadak ngalatih jajaka jeung mojang nu aya diditu kanggo dilatih heula kumaha prosĕsi papag pangantĕn Sunda. Naha bet ngalatih heula nu aya di Kalteng. Kabayang pami ngirid sagrup upacara adat pisabarahaeun ongkosna. Ku hal ieu Giri Malĕla ukur ngutus pepentolna Tatan Rustandi S.sn sareng sawatara anggota baĕ kanggo nyuksĕskeun pentas seni Sunda di Kalimantan.

Kabayang upama urang Sunda boga jiwa jihad budaya jiga Mang Otang Ĕli Salĕh. Jaradi Gubernur, anggota DPRRI jeung DPRD, Wali Kota, Bupati tur daĕk ngawaragadan Seni Suda kalawan makĕ jiwa Jihad Budaya lain hayang boga kauntungan, boh kauntungan harta atawa kauntungan dukungan masyarakat. Seni jeung budaya Sunda bakal nanjeur. Tur bangsa asing moal daĕk nyacampah hiji bangsa anu ciri budayana mekar jeung motĕkar. Kapan budaya tĕh ciri hiji bangsa. Ku hal ieu bangsa asing ngupayakeun sangkan budaya Sunda pareum. Sabab pareumna budaya Sunda tangara modarna jiwa bangsa Sunda nu ahirna bisa dijadikeun bonĕka ku maranĕhna pakeun ngahontal tujuahnna ngawasa bangsa jeung nagara Sunda. Sanajan kiwari kakara dikawasa atawa dijajah bidang ĕkonomi. Kuduna para gegedĕn jeung santana Sunda saladar kana hal ieu. Cag.

Leave a comment

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

%d blogger menyukai ini: