Sign in

Sign up

NGABAGÉAKEUN SASIH RAJAB

By on 6 Maret 2020 0 226 Views

KABAGJAAN

= Naon ari BAGJA (BAHAGIA) téh? =
1. Sabagéan jalma boga pamangih yén bagja téh dihontal ku jalma anu miboga pakaya, sabab ku kabeungharanana sagala anu dicita-citakeunana bisa kahontal. Sabab lolobana jalma beunghar omonganana sok didéngé, mun salah saeutik sok dihampura, duitna téh amis siga madu.

2. Sabagéan deui ngomong yén kamulyaan jeung kabagjaan téh ayana dina kasohoran, sesebutan anu seungit, jadi bungbu catur jalma lain. “Itulah bahagia, cenah, malahan leuwih hargan tibatan harta banda, kusabab kakayaan dunya moal dibawa paéh, tapi “nama baik” tetep diinget jalma.

3. Jalma fakir ngomongna kieu: bagja mah ayana dina kabeungharan;

4. Jalma gering ngomongna kieu: bagja mah ayana dina kaséhatan;

5. Jalma anu doraka ngomongna kieu: kabagjaan nyaéta beresih tina dosa.

6. Pamingpin Nagara anu sajati nyariosna kieu: kebagjaan nyaéta kamerdékaan jeung karaharjaan rahayat.

7. Penyair ngarasa bagja lamun syairna diapalkeun ku balaréa, Panulis ngarasa bagja lamun bukuna dicitak ulang, Jurnalis bagja lamun surat kabarna terus-terusan ngamuat buah karya jeung tulisanna.

Ku lobana definisi bagja anu dikahareupkeun ku rupa-rupa golongan jalma, urang jadi tambah bingung, jadi naon atuh sabenerna BAGJA atawa KABAGJAAN téh?

PAMANGGIH PARA BUDIMAN

Yahya bin Khalid Albarmaky, hiji ahli kaséhatan ti Bani ‘Abbas nekenkeun:
“Bagja téh nyaéta; Santosa jeung marahmay, kuat ingetanana, wijaksana akal, tenang tur sabar dina ngajugjug naon anu dicita-citakeun”

Salah sahiji Penyair ngaranna Hutai’ah boga pamanggih kieu:
“Kabagjaan téh ayana lain ku ngumpulkeun harta banda; tapi taqwa ka Allah – tah éta kabagjaan téh. Taqwa ka Allah téh bekel nu panghadéna keur ditabung. Ngan di sagédéngeun Allah wungkul kabagjaan keur jalma anu taqwa”

Saurang Penyair sahabat Rasulullah saw. Zaid bin Tsabit ngébréhkeun:
“Lamun pasosoré jeung isuk-isuk hiji manusa geus ngahontal kaamanan jeung kasantosaan tina gangguan manusia séjéna, tah éta nu disebut jalma bagja”

Jalma anu nyangking teguh kana agama, kebagjanna téh lamun manéhna bisa ninggalkeun barang anu haram, tumut kana paréntah, nyingkahan kajahatan, ngadeukeutan kahadéan. Bagjana téh nyaéta yén manéhna geus ngalaksanakeun paréntah agama.

Ibnu Khaldun boga pamanggih kieu:
“Bagja téh nyaéta tunduk tur patuh dina nyaluyuan aturan anu geus ditangtukeun ku Allah SWT. Tur peri-kamanusaan”.

Abu Bakar Ar Razi, saurang tabib Arab anu mashur nerangkeun kieu:
“Bagja anu dirasakeun ku saurang tabib nyaéta lamun manéhna bisa nyageurkeun jalma anu gering bari henteu maké ubar/obat, cukup ku ngagunakeun aturan kadaharan wungkul.”

Sedengkeun Imam Al-Ghazali, inohong anu dijieun rujukan ku kumna ahli jiwa boga pamendak kieu:
“Kabagjaan jeung kanikmatan anu sajati nyaéta bisa éling ka Allah.”

Saterusna Al-Ghazali nyarios kieu:
“Pikanyaho yén bagja keur hiji perkara lamun urang ngarasakeun ni’mat kasenangan jeung kanikmatan, jeung kanikmatan éta numutkeun tabé’at kajadian, satemenna kanikmatan panon nyaéta ninggali titinggalian anu éndah, kani’matan ceuli ngadéngé sora anu halimpu, kitu deui sakujur awak nu séjénna. Sedengkeun kani’matan haté nyaéta gembleng ma’rifat ka Allah, sabab haté éta dijadikeun pikeun ngélingan ka Allah…”

Kusabab kitu euweuh hiji ma’rifat anu leuwih ni’mat tibatan ma’rifatullah. Euweuh deui hiji sawangan nu leuwih éndah tibatan nyawang Allah. Sabab sagala kani’matan jeung kagumbiraan, kasenangan di dunya ieu, kumna ngan ta’luk kana titimbangan hawa nafsu, timbulna téh disababkeun ku hawa nafsu, tur kabéhanana ieu bakal eureun jeung paéh. Haté nurani ieu moal rusak kusabab pindahna kahirupan ti alam fana ka alam baqa. Malahan lamun jasad anu kasar ieu geus maot, bakal leuwih suci tur beresih ma’rifat téh, sabab euweuh gangguan deui, sabab kakawasaan iblis ngaliwatan hawa nafsu moal tepi ka alam baqa. Haté nurani geus kaluar ti alam anu heureut jeung asup ka wewengkon alam anu kacida legana, kaluar ti alam anu poék ngajugjug alam padang narawangan.

Bagja Numutkeun Imam Al-Ghazali.
Kasampurnaan bagja ieu gumantung kana tilu kakuatan, nyaéta:
a. Kakuatan ngambek;
b. Kakuatan syahwat;
c. Kakuatan élmu.

Kusabab kitu kudu aya kassimbangan tina katilu kakuatan ieu. Manusa kudu aya di tengah-tengah kakuatan kasebut.

a. Teu meunang kaleuleuwihi lamun keur ngambek: lamun kaambek ieu kaleuleuwihi tinu samistina, bakal jadi musibah kakasaran atawa kapapaténan/ngarogahala. Tapi lamun kurang tinu samistina pasti bakal leungit tina dirina, rarasaan timburuan (ghirah) jeung ilang ogé rasa tanggung-jawab kana agama jeung kabutuhan hirupna. Tapi lamun kaambek aya di tengah-tengah, bakal nimbulkeun kasabaran, wawanén dina hiji perkara anu merelukeun kawani jeung sagala pagawéan bisa dilaksanakeun numutkeun hikmah.

b. Teu meunang kaleuleuwihi dina hal syahwat: antukna bisa ngagampilkeun nu susah jeung jadi kabiasaan; antukna jadi jalma anu humuq (belegug), ogé ngakibatkeun karuksakan. Mangkana lamun kakuatan syahwat ditimbang sahadé-hadéna tur ditempatkeun di tengah-tengah tuluyna bakal ngajugjug jalan nu lempeng dina lalampahan ka Allah SWT. Lamun syahwat ieu kaleuleuwihi, bakal sadi kafasikan, palanggaran kana paréntah Allah, milampah maksiat. Lamun syahwat ieu teguh bakal kajadian kahéngkéran haté jeung jadi kuuleun. Lamun syahwat lampahna di tengah-tengah, bakal timbul ‘iffah, hartina bisa ngawasa dirina sorangan, jeung qana’ah nyaéta cukup ku naon nu aya sarta henteu kendat-kendat ihtiar.

c. Kakuatan Élmu: pikanyaho yén syahwat jeung amarah ieu dijadikeun ku Allah keur anjeun, lain supaya anjeun tigubrag jeung katawan, tapi supaya anjeun bisa nahanna. Geura tahan duanana, jeung gunakeun keur dijadikeun pakakas minangka tutumpakan/kendaraan jeung senjata keur ngahontal maksud anjeun dina ngajugjug jalan mari’fat, antukna bakal babari keur anjeun dina ngahontal rejeki, kabagjaan jeung kasenangan.

Kacindekan.
Kabagjaan téh nyaéta kaunggulan dina merangan hawa nafsu jeung nahan kahayangna anu kaleuleuwihi. Tah éta nu disebut Peperangan Rongkah; leuwih rongkah tibatan nalukkeun hiji nagara. Rasulullah saw ngadawuh sabada perang Uhud:
“Yén samulangna tina perang Uhud ieu mulang ti perang anu leutik pisan, ngajugjug perang anu rongkah pisan nyaéta merangan nafsu”.

Mangkana kaunggulan dina hiji peperangan ngalawan nafsu nyaéta biangna ti sagala kaunggulan. Sabab jalma anu perang ka médan jurit aya anu néangan kasohoran jeung kasombongan. Lahir “mungkin” bisa meunang kasohoran, tapi dina batin amalna acan tangtu ditampi Allah SWT. Sedengkeun jalma anu perang ngalawan nafsu ieu mindeng pisan teu ditinggal ku manusa, kaunggulan ieu ngan atra dina ahirna wungkul tapi natrat jeung atra di sagédéngeun Allah SWT.

Bagja Numutkeun Rasulullah saw.
Siti Aisyah r.a. naros ka Rasulullah saw: “Ya Rasulullah, naon langngkungna satengah manusa ti manusa séjéna?
Rasulullah saw ngawaler: “Ku ‘akal!”
Aisyah: “Dupi akhérat?”
Rasulullah saw: “Ku ‘akal ogé”.
Aisyah: “Naha sanés hiji jalma langkung ti nu lianna sabab pahala anu disababkan ku amal ibadahna?”
Rasulullah saw: “Aisyah, lain amal ibadah anu digawékeun ku maranéhanan téh ngagunakeun kadar akalna? Sakadar kaunggulan darajat akalna, tah sakitu ibadah maranéhanana jeung numutkeun amalna pahala anu dibikeun ka maranéhanana”.
Saterasna Rasulullah saw ngadawuh: “Allah ngabagi akal kana tilu bagéan; sing saha anu cukup miboga katilu bagéanan tangtu bakal sempurnah akalna; lamun sakurangan sanajan sabagéan,manéhna moal kaasup jalma nu ngakal”.

Salah saurang nanyakeun: “Ya Rasulullah, mana baé bagéan anu tilu téh?”
Sabda Nabi: “Kahiji: alus ma’rifatna jeung Allah, kadua alus ta’atna keur Allah, katilu: alus ogé sabarna kana katangtuan Allah”.

Tina dawuhan Rasulullah saw ieu bisa dicokot kacindekan yén darajat kabagjaan manusa ieu numutkeun darajat akalna, sabab ngan akal anu bisa ngabédakeun antara anu alus jeung nu goréng; akal anu bisa ngaenyakeun sagala pagawéan, akal anu nalungtik hakékat jeung kajadian sagala rupa anu dituju dina pilampahan hirup di dunya ieu. Bakal leuwih sampurna jeung éndah sarta murni akal téh, jeung bakal leuwih kaluhuran darajat kabagjan anu dihontal, sabab kitu numutkeun Hadits tadi: Kasampurnaan akal ayana kasampurnaan bagja téh.

Akal manusa ieu béda-béda hambalanana. Béda ogé darajat jeung kualitasna. Sagala kaséjénan jeung parubahan hambalan sawangan hirup manusa ieu timbul sabab bédana hambalan pamanggih akalna. Béda pamanggih sabab béda hambalan pangaweruh, atikan jeung béda di mana manéhna dumuk. Lamun akal ieu geus luhur sabab jembar pangaweruhna (élmuna) tuluy bakal dirapetkeun ku kajembaran pangalamanna, tuluy bakal leuwih luhur deui darajat jalma anu mibogana. Sabab sabenerna sagala perkara anu aya di alam ieu, dina hakékatna sarua baé, anu robah téh nyaéta pamanggih jalma anu nalungtikna, tah éta anu ngajadikeun pupuhu kabagjaan, atawa pupuhu kacilakaan.

Agama méré titik ahir pilampahan bagja, nyaéta wanoh ka Allah, boh ma’rifat ka-Anjeunna, atawa ta’at ka-Anjeunna, atawa sabar kana musibah-Na” Teu aya deui kabagjaan hirup saluhureun ieu!

Jadi nepi ka ayeuna tacan aya jalma anu bisa nangtukeun iraha mangsana jalma ngarasa bagja. Jalma sono kana hiji perkara saacan aya dina dirina, demi lamun geus dipiboga bakal leungit kasonoanana, sabab sagala eusi dunya ieu éndahna téh satacan aya dina leungeun.

Kusabab kitu, sakali-kali lain bagja jeung ni’mat lamun haté jeung implengan hayalan urang dikaitkeun jeung wujud eusi anu sipatna lahir ieu, anu hargana ngan numutkeun kahayang urang. Ulah babari diparéntah ku implengan jeung lamunan, ku fantasi, kusabab kitu nya éta pisan anu nipu urang tibatan kabagjaan anu sabenerna, anu mimitina ceurik jadi seuri anu mimitina pait akhirna jadi amis.
Loba jelema anu katipu ku cahaya samar (fatamorgana) sabab manéhanana aya dina alam poék mongkléng. Rarasaana diheulakan tibatan titimbanganana. Manéhna datang ka cahaya anu anyar ieu, nepi ka ditu nu ditéanganana euweuh. Bakal mulang ka tempat asal jalanna kaburu leungit mantén, sabab manéhna nungguan cahaya anu sajati.
Memang, sabab-sabab keur ngahontal kabagjaan kaciba lobana, tapi urang manusa kudu bisa néangan jalan anu lian. Manéhanana aya dina leungeun urang, tapi urang néangan anu aya di leungeun batur, sabab aya di leungeun batur mah katinggalina sok leuwih éndah.

Muga-muga baraya Aki aya dina kabagjaan dunya tur akhérat.
Amin.

Kabuyutan Pakujajar, Awal Rajab 1441H
Dr. Dharmasetiawan Natapradja
Rahyang Ajarwangi
Ajar Sunyapada Kandaga Sunda

Leave a comment

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *