Sign in

Sign up

Ngeunaan “Indung jeung Anak”-na Sayudi (*Pun Acép**)

By on Desember 5, 2019 0 190 Views

Basa nyantri kénéh di Jatinangor, kuring kungsi nyieun éséy nu dijudulan Beberapa Kata Rancu dalam Terjemahan Puisi “Indung jeung Anak” Karya Sayudi. Éta éséy téh teu kungsi diwawarkeun ka (atawa dina) média mana baé ogé. Nyakitu téa: eukeur mah, harita, nulis téh ukur nulis wé, saukur nyugemakeun haté sorangan, teu kapikiran maké jeung kirim kaditu-kirim ka dieu. Eukeur mah deuih, can ngarti jeung can kaharti, kumaha ari ngirimkeun tulisan ka média masa téh. Tapi da teu kitu kétah, da ari tulisan éta, nu dimaksud ku kuring tadi téa, kungsi dibaca ku sababaraha sobat nu wawuh jeung salasaurang dosen nu ngageugeuh Fakultas Sastra. Geura urang cutat—leuwih tegepna mah: tarjamah meureun, nya?—sakabéh eusi éséy nu kurang-leuwih ditulis leuwih ti tilu taun katukangna téh—sok sanajan aya sabaraha tambahan jeung révisi dina eusina, kurang-leuwih kieu unina:

Bubuka

Narjamah hiji karya, boh prosa boh puisi, ngandung harti ngarépréséntasikeun deui naon-naon anu ku nu nulis (penyair) hayang ditepikeun ka nu macana. Ku kituna, mun anu narjamahkeun (penerjemah) sangeunahna—jeung asal jadi, pangpangna mah—mindahbasakeun hiji karya tina hiji basa ka basa nu lianna, bakal goréng akibatna, boh kanu karya nu ditarjamahna (bahasa sumber), boh kanu karya hasil tarjamahna (bahasa tujuan). Hartina, mun seug nu narjamah (nu mindahbasakeun) karya teu enyaan paham katut weruh kana harti jeung makna unggal kecap anu di paké ku nu nulis (penyair) dina karyana, antukna bakal ngakibatkeun: éta karya tarjamahan téh teu sapamagodos jeung karya aslina—nyaeta nu ditarjamah, bahasa sumber téa. Ku lantaran kitu: hiji karya nu ditarjamah kana basa lian bisa waé teu boga ajén inéjen nu kacida luhungna sakumaha karya dina bahasa aslina. Éta karya téh leungiteun nu katelahna sense téa ningan. Sababaraha—beberapa, dina éséy aslina mah—kecap nu dipimaksud ku kuring rancu téh bisa jadi kulantaran nu narjamahna kurang ngarti—teu ngarti?—atawa kurang paham kana harti jeung maknana. Ku kituna, ayeuna, urang cobaan nganalisa sababaraha kecap anu, ceuk kuring, rancu téa.

                            Indung jeung Anak, Jadi Mother and Child?

Dina narjamah judulna gé pan geus katohyan aya sense nu leungit—aya gereget nu teu karasa ngégél, teu matak ngeh, jst. Kecap “Anak” dina éta judul téh pantaranana (padanan) mah pan leuwih deukeut kana “Son”, batan kana “Child” mah: lantaran, “aweuhan” nu dipaké pikeun nunjukkeun kecap “Anak” téh nyaeta “Ujang”, lain “Budak”, komo “Nyai” mah. Malah mah deuih, kapan béda antara budak jeung anak mah. Mun rék gé dipapadankeun atuh: “child” mah keur “budak”, sedeng “anak” mah make “son” (lalaki) jeung “daughter” (awewe). Deuih, kapan kecap child mah can nangtukeun, naha nu dimaksud téh awéwé atawa lalakina: kapan geus puguh di dinya mah—dinu éta puisi—nu dipimaksud téh nyaéta “Ujang”, pasti lalaki, anu cenah mah asal kecapna téh Kujang. Éta nu katilu, aéh, kahiji. Moal enya, ujug-ujug katilu—kakara judulna, deuih.

Asup kana puisina, nya éta eusi sajakna, beuki loba deui waé geuning, nu laleungitan téh. Urang tengetan geura: Dina baris kadua bait ka hiji aya kalimah—klausa meureun nya, ceuk basa nasional mah, tina basa deungeun clausejeung di mana tungtung langit, anu dibasa-inggriskeun jadi: and how far does it go. Ceuk pamanggih kuring mah patojaiyah pisan. Pék wé geura tengetan: kapan kecap di mana téh ngandung harti nunjukkeun tempat, rohang, anu di tempat éta téh aya kajadian atawa aya nu dijadikeun, rék naon baé éta mah. Ku kituna, ngandung harti, ogé, kecap—atawa frasa meureun nya, da dua kecap—di mana ukur bisa dipantarkeun (sepadan) reujeung kecap where, anu dipitanda ku there (jauh; di ditu) atawa here (deukeut; di dieu), moal bisa dipantarken jeung frasa how far, sabab how far mah nyaéta keur kecap nu pitandana téh hiji hal atawa hiji barang nu tadina deukeut (ti dieu) tuluy ngajauhan (ka ditu), rék ka luhur, ka handap, ka tukang, jst., sedengkeun di mana di dinya mah teu nyualkeun ngajauhan atawa jadi jauh, tapi nyual patempatan hiji hal atawa hiji barang, anu aya di hiji tempat atawa rohang. Kapan kecap di mana mah di mana-mana ogé tinangtu nyualkeun patempatan, lain jarak, lain ka mana; lain space, tapi room. Tah, lantaran kitu ogé, kecap go di dinya téh geuningan enyaan, teu paruguh. Ari dina urusan grémerna mah bener—how far mah dipitandana téh ku go. Ngan, lebah dipantarkeun, geuning teu cocog, da lain éta, geura buka kamus. Arah leuwih écés mah, urang pecak basa-nasionalkeun geura:

jeung di mana tungtung langit, jadi dan di mana batas (akhir) langit

and how far does it go, jadi dan seberapa jauh (langit) beranjak

Kapan deuih, dina tarjamah basa nasionalna mah—nu kenging kang Ayip—unina kieu:

jeung di mana tungtung langit, janten dan di mana ujungnya. Nya?

Tuluy dina baris katiluna, na bait éta kénéh, aya klausa (kalimah?): with all those stuck on it, nyaéta tarjamah tina katut béntang nu baranang. Urang ilikan kecap nu digarishandapan: Kecap stuck téh bentukan heubeul (lampau) tina kecap stick. Dina kamus, rék kamus saku—nyaéta kamus nu bisa disakuan—rék kamus badag—kamus nu teu bisa disakuan, kajaba ku saku buta—kecap stick biasa disepadankan—dina basa nasional—jeung kecap: menancap; melekat; menempel. Ceuk babasan urang mah: nanceb; napel; eunteup jsb. nu ngandung harti sarua. Geuning? Enya, kitu geuning. Jajauheun—ceuk basa lembur kuring mah—nelahna téh. Kuring kirang paos, ari kecap baranang pantaran (padanan) dina basa Inggrisna téh naon, da kaleresan teu acan gaduh kamus Sunda-Inggris. Ngan, kapan bénten ari baranang eujeung eunteup mah, komo deuih ari jeung nanceb mah: kawas jarum waé atuh béntang téh geuning nya? Atawa nyéré meureun? Sedeng bumi téh cilok—pedah éta, buleud meureun.

Nya geus moal jauh deui, kitu jeung kitu wé satuluyna gé—baris kadua, katilu jeung saterusna—da sidik heueuh, leungiteun éta téa, sense, ku lantaran: béda atuh da lelembutan nu nyieun karyana ku anjeun, jeung lelembutan nu narjamahkeunana. Jeung deuih, ceuk kuring, pangpangna mah: beda présépsi jeung cara pandang ngeunaan langit antara nu nulis sajak jeung nu narjamahna. Heug atuh.

Panutup

Atuh teu nyalahan mun aya nu nyebutkeun yén: narjamah hiji karya téh sarua jeung narjamahkeun lelembutan katut pamikiran, ogé pipikiran deuih meureun nya, nu nulis karyana ku anjeun. Ku kituna, bener ogé deuih, yen: mun seug urang boga paniatan pikeun narjamah hiji karya, urang kudu enyaan ngarti tur surti kana sagala hal nu aya kakaitanana reujeung karya katut nu nyieun karyana ku anjeun. Atuh paingan nu aranna narjamahkeun téh hésé-hésé teuing geuning, nya? Komo ieuh bari dicampuran jeung dieunteupan ku horéam mah: puguhning meuweuh-ceuyah nu matak horéam téh.

Tah sakitu, kirang-langkung. Tos wé, moal dileuwihan moal dikurangan. Cag!

*) Salahsahiji karya Sayudi nu ditarjamah ku Wendy Mukherjee dina buku “Modern Sundanese Poetry, Voice from West Java” (Pustaka Jaya, 2001)

**) Sandiasma Acép Utsman Arifin

 

Tinggalkan Balasan