Pancalogi : Agama – Akal – Budaya – Kabudayaan – Paadaban

0
Ki Dr. Dharmasetiawan Natapradja
Ki Dr. Dharmasetiawan Natapradja

Ieu tulisan satemenna lain ditojokeun pikeun ngaguruan ka sing saha waé ogé, da ari nu disebut wawasan mah tangtu geus nyangkaruk atawa nyampak dina diri séwang-séwangan. Jadi nalika maca tulisan batur, bisa nyokot kahadéanana subagé inspirasi.

Kiwari urang wangenkeun heula lima istilah nu remen dipaké dina kahirupan sapopoé nyaéta agama, akal, budaya, kabudayaan, jeung paadaban (peradaban). Tojoanana nyaéta sangkan atra dumukna.

Agama

Nu disebut agama nyaéta sistem anu diilhamkeun ku Gusti ka mahlukNA, hususna manusa, sangkan salamet dunya ahérat. Carana nyaéta ku ngajaga hubungan nu hadé antara manusa jeung Gusti (ceuk Islam: Hablum min Allah) , manusa jeung papada manusa (Hablum min an nass), katut manusa jeung alam. (hablum min ‘alam)

Akal

Akal nyaéta pakakas ruhani’ah manusa nu diamanahkeun ku Gusti pikeun ngabédakeun salah jeung bener, hadé jeung goréng, manfaat jeung mudharat. Akal mibanda hiji bagéan leutik nu disebut logika. Guna tina ieu logika nyaéta pikeun ngitung, ngukur, jeung nganalisa rupa-rupa hal nu timbul tina hubungan sabab – balukar (sunatullah).

Wates logika mah ngan nepi kana ngitung, ngukur, jeung nganalisa, teu nepi kana ngirong timbulna pibalukareun dina ambahan panjang. Tah dina palebah dieu gerentes pikeun nimbang-nimbang salah jeung bener, hadé jeung goréng, manfaat jeung mudharat nu nyampurnakeunana.

Budaya

Budaya nyaéta gumulungna cipta, cita, rasa jeung karsa manusa, ngajirimna dina karakter. Budaya lahir ku alatan manusa diamanahan akal tadi téa tur bisa ngamanfaatkeunana. Hartina saupama akal kasebut teu digunakeun moal timbul budaya, samalah jadi abudaya.

Catetan: Basa (bahasa) Indonesia dina ngarangkén pangistilahan bisa sakitu “reunceumna” ku kekecapan anyar, dumasar kana nyerep tina istilah asing. Ngan kangaranan karya manusa, teu sampurna dina kasampurnaanana. Istilah “agama” dirangkén, tapi lawan kecapna euweuh, nyaéta kecap “gama” (pabancang, kacau). Istilah “budaya” dirangkén, tapi lawan kecapna euweuh, nyaéta kecap “abudaya”, nu mangké ngalahirkeun karakter barbar atawa biadab.

Baca Juga :  Sosialisasi Aktivitas Tenaga Kebudayaan dina Mangsa Sasalad Pandemi Covid-19

Kabudayaan

Kabudayaan diwangenkeun sabagé sagala rupa hasil karya manusa nu dumasar kana budaya. Ngajirimna mangrupa pakasaban, pakakas, busana, kuliner, seni, tradisi, babon, pustaka, basa, jeung naon waé anu kadria mangrupa banda nyata.

Paadaban

Paadaban atawa peradaban nyaéta hasil ahir nu mangrupa hiji tananan masyarakat dimana tina sisi mana waé ditilik, katitén bener, hadé, jeung mawa manfaat. Buahna tangtu mangrupa barokah tur pangampunan ti Gusti. Kasabit ungkara “baldatun thayyibatun wa rabbun ghafûr”

Cindek yén paadaban mah bakal lahirna ti masyarakat anu “sukses beragama, sukses berbudaya, jeung sukses berkebudayaan

Mertahankeun Tangtungan Ki Sunda di Jaman Modéren.

Teu saeutik urang Sunda nu jejebris nalika ngadéngé lalaguan wanda Pop Sunda. Ari alesanana mah biasa, teu nyunda cenah. Kadituna mah biasa wé, ngiklankeun pintonan nu waditrana klasik samisal degung, calung, karinding, kacapi suling, jeung sajinisna.

Lamun disabit karinding, calung, angklung, kendang, jeung suling, tina teknologi nyieunna kuring bisa yakin yén nu kasabit tadi pituin waditra Sunda. Samalah nepika gambang, bonang, kolénang/saron, nepika goong ogé masih kaharti lamun disebut waditra pituin Sunda, sok sanajan aya pamanggih yén éta mah émbohan ti urang Jawa. Keun urang yakinkeun wé éta mah pituin Sunda nu kabeneran sarimbag jeung Jawa bubuhan sakokocoran. Dalah di Baduy Luar ogé gamelan mah aya.

Nu kuring justru ngawagu lamun mikiran kacapi, dalah kaasup kacapi anu kuno. Teu kitu kumaha, sabab gemetna teknologi nyieun senar kacapi mah méhméhan sajajar jeung teknologi nyieun pélor bedil. Hiji teknologi nu can dipiwanoh ku urang Pajajaran, samalah nepika burakna. Lamun téa mah tetep kudu ngasupkeun kacapi subagé waditra pituin Sunda, nya sahenteu-henteuna ari senarna mah diimpor ti bangsa deungeun. Dina hal ieu Portugis nu datang saméméh Walanda. Sok komo apanan Pajajaran jeung Portugal mah akur, nepika aya Surat Perjanjianna sagala dina widang dagang mangsa harita.

Baca Juga :  Komisi III DPRD Jabar Meredih Kinerja Samsat Leuwih Maksimal

Balik deui kana Pop Sunda. Pop Sunda ieu lamun diwangenkeun mah: Lalaguan Basa Sunda nu dipirig ku gegedéna waditra diatonis.

Jadi cindekna anu ngabédakeun antara Pop Indonesia jeung Pop Sunda téh tina basana. Lamun geus jelas-jelas maké Basa Sunda, naha bet disebut teu nyunda sagala? Naha duméh aya waditra diatonis di dinya? Lamun enya alesanana ku sabab aya waditra diatonis, naha atuh ari kana kacapi bet segut? Naha duméh kacapi mah kaasup pentatonis sok sanajan can puguh asli waditra ti Sunda?

Bakal leuwih ramé deui lamun aya patanyaan naha ari kana wayang golék bet pada segut, sok padahal apanan kasenian wayang golék téh kasenian oplosan alias hasil akulturasi. Dalah kasenian wayang golék anu pangpurwana pisan. Sok komo anu kiwari mah.

Jadi inget kana bubur hayam, anu disebut bubur hayam téh ku sabab aya suiran-suiran daging hayamna saeutik. Enya, saeutik lamun dibanding lobana bubur béas dina saporsina. Tapi sok sanajan saeutik tetep wé pangaruhna gedé, tetep wéh éta si hayam anu saeutik téh patri, nepika ngaran buburna disebut bubur hayam. Tah di dieu naon bédana atuh jeung Pop Sunda. Sok sanajan ngan ukur unsur Basa Sundana nu diasupkeun kana ieu jinis Pop, angger wé disebutna Pop Sunda. Hartina basa Sunda dina lalaguan Pop Sunda teu béda ti daging hayam dina Bubur Hayam. Saeutik tapi patri, saeutik tapi mawa pangaruh gedé.

Nu ngaranna kabudayaan mah mekar atawa ngurangan ilaharna. Ti waktu ka waktu bakal terus robah sabab manusa mibanda sifat motékar (inovatif). Euweuh salahna lamun Pop Sunda ogé digolongkeun kana salah-sahiji kasenian nu mangrupa bagéan ti Budaya Sunda Kiwari. Anapon sajarahna geus natrat yén Pop Sunda kaasup hasil akulturasi, sanasib jeung kasenian Wayang Golék.

Baca Juga :  DPRD Jabar: BLT Pikeun UMKM Kurang Efektif

Tina saeutik guaran jeung conto ieu tangtuna geus kaharti saripatinya yén pikeun mertahankeun adeg-adeg atawa tangtungan ki Sunda téh teu bisa ku cara keukeuh kana kabiharian.

Wilujeng ngajugjug sikep nyunda sacara wijaksana.

LEAVE A REPLY

Please enter your comment!
Please enter your name here