Sign in

Sign up

SEMINAR KETAHANAN BUDAYA  KEARIFAN LOKAL BAGI GENERASI MILENIAL

By on November 12, 2019 0 186 Views

Kitu judul seminar dina tanggal 12 November 2019, Poe Salasa di Hotĕl Oasis Jl. Lombok Bandung. Ngumpul Guru SMP Sakota Bandung, wawakilan Mahasiswa jeung wawakilan ti Birokrasi sĕjĕnna sa Kota Bandung. Ieu acara dibalakan ku Badan Kesatuan Bangsa Dan Politik Kota Bandung.

Ngamumulĕ budaya sorangan seug diloyogkeun ka urang sunda keur urang Sunda. Tapi buhan ieu Badan tĕh nasional jadi ngagunakeun istilah “Kearifan Lokal”. Asa aya batur puguh geuning anu hariwang kana ieu urusan lain ukur urang Sunda tapi nyengka nyebar sa Nusantara samalah ceuk nara sumber hal ieu ilahar nepi ka sadunya. Nu disebut generasi melenial geus poho kana budaya sorangan jati kasilih ku junti katungkulkeun ku gedjet jeung ilusi dunya maya. Nepi ka loba beja anu kaganggu jiwana poho kana kanyataan.

Tujuan calagara dina ieu acara nyaeta ngawanohkeun budaya lokal ka generasi melenial, ngamumule budaya lokal, timbul rasa duduluran jeung rempug jukung deui pakeun gawe bareng disagala widang di Kota Bandung.

Pikeun ngahontal hal eta calagara ngahaja ngulem kekentong Sunda anu parantos moyan Ceu Popong Otjeu Jungjunan. Teu salah sumanget kasundaanna nĕmpĕl dina jiwa jeung rĕngkak samalah nepi ka jadi anggota DPR teu lingsem nĕmbongkeun tokoh wanoja Sunda anu sajati.  Diwuwuhan oge ku Kang Tedi Muhtadi (Dr sastra Sunda ti UNPAD) ieu oge kalebet ka kekentong Sunda nepi ka icikibung dina sastra Sunda di Unpad, teu kabita janten Propesor disiplin elmu sanĕs. Tangara inyana cinta kana budaya Sunda.

Ngawakilan wali Kota Bandung Muhammad Oded Danial. Sumping Kang Priana Wirasaputra nu kiwari kapercanten janten asisten dua Kota Bandung. Teu cangcaya ka Kang Pri oge, tanceb adeg jiwa Sunda ĕstu nyantana dina rĕngkak polah ajĕn Sunda. Nu nulis wanoh jeung Kang Priana nalika anjeuna janten Pupuhu dinas Parawisata, tĕmbong gedur Sundana nepi ka tiasa ngarobah ngabebenah Dinas Parawisata mibanda anggaran anu cukup keur ngamumulĕ budaya Sunda. Ulah alih ka sawatara intansi nepi ka nyepeng asisten daĕrah. Pasemon teu robah masih daek kumpul bareng jeung somah. Pantes pami kapayun janten gegentos Mang Oded

Dina biantarana Kang Pri nĕtĕlakeun yen budaya sabeuleugeunjeurna hirup hurip manusa anu asal tina rĕngkak peta pamikiran jeung paripolah manusa. Lain saukur seni atawa kuliner wungkul kaasup politik, jeung tata cara pergalan hirup kumbuh manusa eta kalebet budaya. Budaya oge mangrupakeun ciri hiji bangsa. Nalika urang pagaliwota jeung jelema nu loba, urang bakal apal lamun ĕta jelema cumarita dina basana. “geuning urang Sunda, geuning urang Thailan, geuning urang Malaya”. Basa salah sahiji ciri bangsana sabab basa masih bagian tina budaya. Salajengna Kang Priana netelakeun majuna teknologi informasi utamana keur jiwa generasi melenial ngajadi bumerang, nepi ka para nonoman kalejokeun tenjo kasamaran tinggal ku hibarna cahaya zaman ahirna lali ka purwa daksi teu nyaho kana budaya sorangan. Informasi kudu disaring, dipilih jeung dipilah sangkan kearifan lokal teu katutupan. Harepan ka para pamilon seminar tiasa mulungan naon anu bakal dipedar ku nara sumber atanapi girang sabda.

Kang Teddi Muhtadi salaku girang sabda dina ieu acara maparinan sababara gambaran ka pamilon keur bekel anu mundel enggoning ngadidik generasi melenial. Kaleresan kapan anu sarumping harita guru basa Sunda sarĕng wakil pupuhu sakola SMP sakota Bandung. Guru tĕh nu mibanda warisan kabudayaan. Tugas guru kacida beuratna enggoning ngawariskeun Pusaka Budaya ka murid-muridna komo kagenerasi melenial anu geus canggih hayang gancang jeung hayang sederhana, embung mikiran budaya anu rumit jeung paranjang. Saterasna mere gambaran di Kota bandung euyeub potensi budaya timimiti kesenian, adat, kuliner jeung sajabana tapi teu sanggup ngawakilan potensi budaya Sunda kalawan gembleng. Keur ngagemblengkeun potensi budaya Sunda anu teu gembleng di Kota Bandung guru kudu sanggup mere gambaran, ngawanohkeun budaya ka genersi melenial. Ku hal ieu guru kudu geus netepkeun dirina sangkan jadi tokoh dina widangna masing-masing utamana keur suri jeung tauladan siswana. Ahirna kearifan lokal kudu jadi pondasi kearifan global. Samalah kearifan lokal kudu naek jadi kearfan global.

Ceu Popong oge mundel pisan dina biantara salaku girang sabda dina ieu acara. Gaya ceu Popong anu tokblak ngabahas amburadulna para gegeden jeung santana nagara di puseur dayeuh matak gereget kana hate, hayang ngarobah tapi kapan bujeng urang dalah salah sahiji alesan Ceuceu liren oge teu sanggup berjuang sosoranganan. Dina harti meureun meujeuh Sunda kiwari ngahijikeun tekad pikeun ngawasa deui puseur dayeuh. Manusa mibanda dua hal Naluri jeung Budaya. Naluri mah teu kudu diajar, sedeng budaya hasil tina pendidikan. Kitu Ceu Popong ngawitan pedaranna. Saterasna urusan atikan aya tilu koponen nu tiasa dibedakeun tapi teu tiasa dipisahkeun. Kulawarga indung jeung bapa, sakola jeung masyarakat. Nu tilu ieu tumali teu bisa dipisahkeun. Ku hal ieu teu tiasa hasil atikan diteumbleuhkeun ka salah sahiji. Kiwari kabiasaan sok neumbleuh ka sakola, padahal kulawarga jeung lingkungan leuwih gede pangaruhna batan sakola.

Satuluyna Ceu Popong netelakeun yen nagara urang can adil, can aya suri tauladan ti gegeden. Ketahanan budaya gĕdĕ hubunganna jeung tahapan kemerdekaan. Dimana saur ceu Popong aya lima tahapan kemerdekaan.

Kebangkitan Nasional, Sumpah Pemuda, Proklamasi 1945, mendirikan Negara Republik Indonesia jeung ngeusi kemerdekaan. Sejarah ulah di robah waktu diadegkeun urang lain NKRI tapi NRI. NKRI kasabit dina batang tubuh UUD 45 tutas nagara NRI ngadeg. Satuluyna Ceu Popong manghanjelukeun undang-undang di urang dijieun lain keur dilaksanakeun tapi keur dilanggar. Padahal ketahanan budaya awalna tina kalawan cara ngalaksanakeun sakabeh aturan. Tur perlu ketahanan nagara urang lain wungkul bidang bidaya tapi bidang sejenna oge. Ketahanan dibagi dua bagian, ketahanan mikro tina diri sewang-sewangan. Jeung ketahanan makro nu dilaksanakeun ku Lembaga negara anu tumali jeung pancen gawĕna sĕwang-sĕwangan.

Jiranan tanya jawab ti Pamilon aya nu mibanda pangalaman waktu di Singapura aya pentas kaulinan urang Lembur asal Sunda anu pinuh dilalajoan ku sarebu nu lalajo kalawan mayar Rp. 100.000,- sakali lalajo tur midang tiap malem minggu. Sakali pinton panitia bisa untung 100.000.000,00. Tah naha ieu pintonan anu sederhana teu digarap di urang keur nambahan pendapatan daerah jeung penggiat nu ngamumule jeung ngaraksa budaya? Najan gunemah teu aya jawaban anu jelas tapi acara ieu kacida mundelna pikeun mukakeun wawasan jeung wewesen para guru utamana keur ekplorasi jeung eraborasi guru di kelas luyu jeung lajuning laku kurtilas, minangka kurikulum kiwari.

Sumanget ceu Popong anu teuneung ludeung ngaekplorasi jeung ngaeraborasi nepi ka bubuk ngaku yĕn santana jeung gegeden can sanggup ngalaksanakeun aturan jeung undang-undang mangrupakeun inpirasi keur para guru yen ekplorasi jeung eraborasi kurtilas perlu wawanen jeung tanggungjawab anu kacida rongkahna. Aya nu nyentug saeutik kana rasa. Seminar ketahanan budaya kearifan lokal untuk generasi melenial. Hadĕna make pintonan kacapi kawih, lamun hanteu tembang Sunda. Tapi dina waktu harita make key board lain kacapi. Sanajan pop Sunda, tapi pamirigna kacapi inggris lain kacapi Sunda.

Kahareup harepan panata calagara dina hal anu model kieu hadena murni make seni lokal ulah kacampuran ku seni budaya sejen.

Like
Like Love Haha Wow Sad Angry

Tinggalkan Balasan