Regepkeun!
Hasil binojakrama milih pupuhu nagri di nagari Antara Dwibuwana Dwisamudra wanci warsih dwitayasangawelas bakal ngahasilkeun nagara nu ajénna mun dijual hargana dimurah-maréh. Hayu urang bandungan!
Sabab pikeun meunangkeun duit sangkan bisa naur hutang nu kudu dibayar sawarsi kahareup geus moal bisa kauntup. Dina ayana ogé wangsa lian nu nulungan mikiran dua kali sabab akibatna leuwih parna tibatan nu gering wales. Sabab nagara éta geus teu boga nanaon. Sedengkeun hutang nagara geus ngagunung kawas beuheung dibeulit ku oray sanca.
Para santana nagara kudu éling yén tisaprak ngadegna nagara harga sarakan di nagara beuki nyirorot. Harga sarakan beuki euweuh ajénna malahan nepi ka teu boga ajén pisan.
Aya nu rék meuli sarakan ti nagara sabrang tapi ngan saukur sacoél tina harga anu lumrah, pokna daék heug teu kajeun!
Nagara bakal karem!
Naha?
Sabab nagara geus teu boga pakaya deui, geus teu boga mustika kancana sarta salaka, kabéh ledis! Bekel nu ditunda di mancanagara geus dikawasa ku Sang Gorawangsa jeung Sang Sepawangsa.
Pakaya nagara geus dicekel ku Mandala Niaga Nagara anu sabagéan gedé dikawasa ku Sang Swasta ngaliwatan layang panginjeum.
Aya éta ogé pakaya nu nyésa kayaning karaton, pandapa, setrapada, wanuapada jeung amancapada. Harga nagara ngan sapadan jeung karaton, pandapa, sétrapada, wanuapada jeung amancapada, kitu ogé mun meunang dijual, sabab satemenna karaton urang masih milik ratu Kebo Bulé, kitu nu kaunggel dina layang pangaboga nu dicangkingna.
Dina itungan paniagaan, nagara ieu teu boga nanaon!
Mangkadé sing ati-ati, boa-boa nagara bisa bubar katawuran.
Cag!.
Nagara Padang, Anggara 13s Asuji 1955ÇS.
Rahyang Ajarwangi.