Sign in

Sign up

November 13, 2019

WANGSIT SUNDASUYA (1)

By admin@bewara 0 160 Views

Ki Dharmasetiawan Natapradja

Pamuka Lawang:

Luluhur Ki Sunda miharep sangkan ieu nagara TATA TINGTRIM, GEMAH RIPAH, RÉPÉH RAPIH, LOH JINAWI dina papayung PANJI PAYUNG AGUNG SUNDA GALUH PAKWAN PAJAJARAN – SUNDA NUSWANTARA, kalawan palasipah: SILIH ASIH, SILIH ASUH, SILIH ASAH, SILIH WANGI, demi kaciptana nagari nu adil makmur, aman santosa, damey sejahtera di BUMI PERTIWI, salametkeun bumi ieu tina kaancuran, kaayaan geus genting, pék sing jadi PAMINGPIN anu AMANAH jeung RAHMAT’TAN LIL ALAMIN, Rahmat keur alam manusa, alam sasatoan, alam tutuwuhan, alam jin, jeung Rahmat keur kumna alam jagad raya ieu.

Kembang Malati geus ngabeukahan, paré mah lain gé eurih, pacul patani buahna kajayaan, kabéhanana ngan siloka wungkul, prak geura jadi abdi nagari nu sajati anu nangtayungan balaréa, luhur budi parangi, yeuh para nonoman geura tancebkeun masing jero Sumpah Jangji Bhakti ka Ibu Pertiwi.

Wangsit

Tutug Wangsit Siliwangi katigas ku wates wangen kamampuh manusa enggoning ngirong mangsa nu bakal datang. Saban-saban datang mangsa anyar mawa ciri nu mandiri angger kahayang manusa patéma-téma.

Lalakon Wangsit Siliwangi ngan nepi ka mangsa raja panyelang diléngsérkeun, dina sangkala Paksa Nekung Marga Rudra Murti, nu hartina dipaksa tatapa ku lantaran aya pangamuk anu rohaka.

Rubuh baluwarti kakawasaan raja panyelang, laju ganti jaman. Raja jeung ratu silih gilir dina mingpin, aya nu teu lana jeung anu lana. Mpu linuhung anu satadina ngadeg wawakil, mancal tahta jadi raja, rahayat mardika dina cumarita. Budak angon jongjon teu perlu nyamuni, budak janggotan mardika mawa fatwa teu diancam ku pangbérokan. Alam anyar mimiti dituturus ananging sang mpu teu lana ngolah nagara.

Dina mangsa baluwarti rubuh, salapan naga keuna ku tatu anu teu parna. Ngadekem saheulaanan bari taki-taki ngetakkeun ojah nu leuwih rosa. Ngandika naga nu panggalakna, “Kamari urang nindak kalawan dibarung ku gimir, ogé ajrih ku pangaribawa raja panyelang. Kiwari hayu urang nyageurkeun ieu tatu, ladang kabarérang ku rahayat anu ngamuk.

Ka sakabéh wadiabalad naga, hayu urang sasanti reureuh bari mikir, laju taki-taki pikeun nindak anu rohaka, tapi lantip kalawan lemes, siga nu bihari.”

Tunda saheulaanan naon anu keur disidem ku salapan naga, kiwari kacarita ketak saurang empu nu pangawakanana leutik, cumarita perténgtang, kalawan ojah sinabet lir kapinis. Sang empu kedal ungkara dimana-mana, pangaruhna rosa kacida pikeun para wiku tur sinatria, sok komo pikeun rahayat. Ku kamampuh ieu pisan harita rahayat ojah, sabagéan ngarudra murti, nu ngabalukarkeun raja panyelang léngsér kaprabon.

Sang empu terus jeung terus ngungkara dibarung panindak, nepika samiuk sakabéh panata nagri pikeun ngangkat raja anyar deui. Kitu jeung kitu nepika sababaraha kali ganti papayung agung nagara. Mangka bakal kasampeur wanci, cunduk mangsa inyana pasrah ku kakolotan.

Laju kumaha nasib ki Sunda anu taneuhna ti jaman bihari jadi palagan perang siasat ti mangrupa-rupa golongan? Hayu urang terus paguneman jeung sang kala, anu kakuatanana ngan bisa disengker ku Sang Maha Prakosa.

Like
Like Love Haha Wow Sad Angry

Tinggalkan Balasan