Ku ayana wabah covid 19 nu beuki sumebar kiwari sakitu badagna tangtu mangaruhan masarakat Indonesia tangtuna nu kaasup kategori ekonomi di lapisan bawah. Kitu oge pikeun kuli tanaga kontrak jeung pagawe kantor di Kementrian Agama Kabupaten Tasikmalaya.
Hal eta teh dibageakeun kalayan sumingrah ku salasaurang tukang dagang di sabudeureun Kementerian Agama Kabupaten Tasikmalaya, ceuk manehna ku diberena eta bantuan bisa ngaringankeun beban pikeun mere kahirupan 2 anak jeung istrina.
“Alhamdulillah kuring sarerea ngarasa muji syukur ku diberena bantuan ti Baznas ieu teh. Hatur nuhun pisan sareng ngabantos pisan, pa.” ceuk Heri salasaurang tukang dagang di sabudeureun Kantor Kemenag.
Akew katelahna mah, ngungkapkeun yen ieu wabah covid 19 the mangaryhan pisan kana panghasilanana. Manehna biasana dagang di lingkungan kantor Kementerian Agama Kabupaten Tasikmalaya pikeun ngahirupan anak jeung istrina. Kulantaran diberlakukeunana Work From Home jeung Social Distancing manehna kudu bisa bertahan hidup dina sarwa sylitna kaayaan nu disinghareupanana. Tapi puji sukur kanu Maha Kawasa manehna masih dibere walagri jagjag waringkas lantaran tangtuna nu paling utama mah nyaeta kasehatan.
“Kaayaan kesehatan mah alhamdulillah sehat, ngan kaayaan ekonomi nurun drastic pisan.” pokna. Sajaba ti eta, Staf Baznas, Ade Badruzaman, SH.I ngajelaskeun yen pihakna nyalurkeun bantuan ti masarakat ngaliwatan Baznas. Hal eta dipigawe sangkan ngaringankeun beban jeung ngabantu perekonomian pikeun maranehna nu kapangaruhan ku corona virus disease 2019 (Covid-19). Dina eta paket the aya 5 kilo beas, 1 leter minyak goreng, 5 bungkus mie instans, 1 kaleng susu kental manis, 1 kaleng sarden, 1 bungkus garam yodium jeung 10 siki minuman serbuk.
“Kami nyalurkeun bantuan ti masarakat keur nu daragang jeung jalma nu kapangaruhan kasabna ieu corona. Hal ieu dipiharep bisa jadi jeung ngaringankan beban ekonomi pikeun kulawargana. Mugia aya mangpaatna pikeun urang sarerea.” pungkasna.(Sarif H/KJT)