Bab 1: Tamu Sherlock Holmes

oleh

Ngaran kuring Dokter Watson.  Geus mangtaun-taun kuring jeung ki sobat, Sherlock Holmes, nyewa apartemen di London. Sababaraha taun kuring digawe di Angkatan Darat Inggris. Nalika kuring digawe di dinya kuring mamangkatan ka tempat-tempat aheng jeung nu narik ati. Kuring boga pangalaman lalampahan nu pikaresepeun.

Hiji poe, di Afganistan kuring katembak dina taktak. Raheut kuring jero, butuh mangbulan-bulan pikeun cageur deui. Nyeri pisan karasana,  kuring raheut jeung muriang. Ahirna kuring cageur, tapi teu bisa digawe deui di angkatan darat. Kuring pangsiun, tuluy mulang ka Inggris.

Tah kitu naon sababna kuring nganjrek di London jeung Sherlock Holmes. Kuring geus lila wawuh jeung Sherlock Holmes.  Alamat kuring duaan di puseur kota London, Jalan Baker Nomer 221 B.

Kuring sugema nyewa apartemen jeung Holmes. Sobat kuring teh jalma pinter. Manehna detektif swasta nu pangsohorna di London. Manehna mantuan ngarengsekeun rupa-rupa perkara kriminal jeung nangkep nu jahat. Nalika jalma-jalma meunang masalah tur butuh pitulung, maranehna nepungan Holmes. Kadangkala polisi oge datang ka Holmes menta bantuan pikeun nangkep nu jahat.

Teu jadi sual nu menta tulung teh jalma beunghar atawa miskin. Manehna resep ngarengsekeun masalah nu aneh. Manehna resep digawe. Nurutkeun dirina, digawe teh mangrupa hal nu pangpentingna dina kahirupanna.

Hiji poe pasosore, kuring keur maca buku, Holmes keur nangtung deukeut jandela di rohangan tamu. Biasana manehna sibuk. Tapi sore eta manehna tembong teu berag. Kuring ngarasa hariwang.

“Aya naon Holmes?” kuring nanya.

“Ka dieu ka deukeut jandela, Watson,” ceuk Holmes.

“Tempo ka jalan. Kacida teu narik atina kota London poe ieu.”

Harita  musim  dingin.  Jalan di luareun apartemen ampir kosong. Jalma-jalma araya di jero imah hareupeun tempat siduru.

“Kuring butuh pagawean, Watson,” ceuk Holmes teu sabar. “Kuring teu bisa hirup tanpa masalah nu narik ati jeung misterius. Eta sababna kuring jadi detektif swasta nu kasohor. Kuring micinta pagawean. Kuring ngusahakeun sangkan uteuk kuring tetep aktip. Tapi lamun euweuh masalah sarta euweuh misteri pikeun direngsekeun, ah, hirup teh kacida pikaboseneunana. ”

Manehna ngajauhan jandela. Teu lila aya nu ngetrokan panto. Tukang ngurus rumah-tangga nyampeurkeun. Manehna  mawa kartu leutik warna bodas dina nanampan perak. Holmes nyokot kartu.

“Nona Mary Morstan,” Holmes maca kartu ditarikkeun. “Kuring teu mawuh ka eta ngaran. Sina ka dieu  tamu teh. Jigana ieu klien anyar.”

Teu lila  Nona Morstan asup ka rohangan tamu. Eta awewe teh ngora keneh, teu pati jangkung, buukna pirang, panonna biru. Pakeanna model  heubeul, tapi beresih tur rapih. Beungeutna geulis. Sajorelat kareret yen manehna keur kebek ku rasa hariwang jeung  nandangan tunggara.

“Mangga linggih Nona Morstan,” ceuk Holmes sopan. “Sim kuring Sherlok Holmes, ieu rerencangan sim kuring, Dokter Watson. Anjeunna sareng sim kuring sasarengan seueur ngarengsekeun rupi-rupi pasualan.”

“Abdi sugema tiasa ditepangkeun sareng Bapa-bapa,” ceuk Nona Morstan. Tuluy manehna ngalieuk ka Holmes, neuteup ku panonna nu warna biru tur endah.

“Pa Holmes, nguping wartos Bapa sok masihan nasehat nu sae ka jalma-jalma nu peryogi pitulung. Abdi sanes jalma beunghar namung abdi oge peryogi pitulung. Aya kajadian aheng nu tumiba ka diri abdi. Pa Holmes tulungan abdi.”***(Lajengkeuneun)

(Teu lila Nona Morstan asup ka rohangan tamu)