Jumat, Oktober 30, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Poe Basa Indung Internasional Dipieling Unggal 21 Februari Ku Umat Sadunya

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
26 Januari 2021
in Warta Sunda
0
Poe Basa Indung Internasional Dipieling Unggal 21 Februari Ku Umat Sadunya

Sunta Atmaja - Wartawan Bewara Jabar

Share on FacebookShare on Twitter

Bewarajabar.com — Bulan November 1999 Konferensi Umum UNESCO (United Nations Educational, Scientific and Cultural Organization) Perserikatan Bangsa Bangsa (PBB)  ngaproklamasikeun Poe Basa Indung Internasional (International Mother Language Day).

Poe pangeling-ngeling nu sok dirayakeun ku umat sadunya teh munggaran  dilaksanakeun tanggal 21 Februari 2000 tur ditalungtik unggal taun kumaha pangaruhna kana lumangsungna  sarta mekarna kaananeka-ragaman basa jeung budaya dunya.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Dipielingna  Poe Basa Indung Internasional dina  ieu tanggal dumasar kajadian taun 1952, nalika demonstrasi mahasiswa mertahankeun basana, basa Bengali, salah sahiji basa indung di Pakistan. Harita 4 mahasiswa katembak ku polisi tur tiwas di Dhaka, nu ayeuna jadi ibu kota Bangladesh.

Kajadianana, taun 1947 provinsi Bengali mangrupa bagian ti India. Ieu provinsi dibagi dumasar agama nu diagem ku umat nu panglobana. Tatar kulon jadi bagian India, tatar wetan jadi provinsi Pakistan nu dipikawanoh Bengali Wetan nu engkena jadi   Pakistan Wetan. Tuluy lumangsung papaseaan sual ekonomi, budaya, jeung basa, antara Pakistan Kulon jeung Pakistan Wetan (engkena Pakistan Wetan jadi Banglades).

Puncak papaseaan timbul taun 1948 nalika pamarentah Pakistan ngadeklarasikeun yen Urdu mangrupa hiji-hijina basa nasional. Hal ieu nimbulkeun protes ti panyatur basa Bengali nu lolobana di Pakistan Wetan. Pamarentah nandeskeun yen nu protes henteu sah, di luar jalur hukum. Ahirna, tanggal 21 Februari, 1952, para mahasiswa Universitas Dhaka jeung aktivis sejenna ngayakeun demo tur kajadian tiwasna 4 mahasiswa tea.

Di Banglades, tanggal 21 Februari mangrupa  poe pangeling-ngeling anu pangpentingna dina sajarah nagarana. Jalma-jalma biasana neundeun kekembangan dina “Shaheed Minar” (monumen sahid), ngayakeun pesta, lomba sastera, jsb. Poe ieu mangrupa  “perayaan”  budaya Banglades jeung basa Bengali.

Tanggal 19 Februari 2006, di Taman Ashfield, Sydney, Australia,  dibangun “memorial” Poe Basa Indung Internasional,  mangrupa batu tulis  dina podium nu luhur. Dina beungeut batu aya ukiran “Shaheed Minar” jeung ukiran dunya, sarta tulisan, “Kuring sarerea baris mieling sahidna 21 Februari” make basa Inggris jeung basa Bengali, sarta kecap-kecap make lima hurup alfabet, nuduhkeun simbul basa indung di lima benua.

Tanggal 16 Mei 2009 Majlis Umum PBB dina resolusina A/RES/61/266 cumeluk ka  nagara-nagara anggotana  sangkan miara tur ngajaga kalanggengan basa-basa nu digunakeun di dunya.  Dina resolusi nu sarua Majlis Umum oge ngaproklamasikeun, taun 2008 minangka Taun Basa Internasional, pikeun lumangsungna hirup sauyunan di dunya internasional  kalayan ngagunakeun basa nu beda-beda (multilingualism) jeung budaya nu beda-beda (multiculturalism).

Di Tatar Sunda, dina raraga mieling Poe Basa  Indung Internasional, sawatara paguyuban Sunda ngayakeun saniskara acara kasundaan, diantarana, Sawatara taun katukang Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) gawe bareng jeung Bale Rumawat  Unpad Bandung kungsi ngagelar acara Pasanggiri Tarucing Cakra, Peluncuran 5 Unit Buku Anyar, jeung Aki Nini Baca Sajak, di Gedong Bale Rumawat Unpad, Jl. Dipati Ukur No. 35 Bandung.

Di dunya aya 6.000-an basa nu masih keneh dipake ku sakabeh jalma. Nurutkeun panalungtikan “Summner Institute of Linguistic”, salah sahiji lembaga nu mibanda kaahlian pikeun nalungtik kalumangsungan basa saalam dunya, basa Sunda aya dina tingkatan ka 32 kalayan digunakeun ku 27 juta panyatur basa.

Tetela rea keneh nu ngagunakeun basa Sunda. Mudah-mudahan urang sadaya tetep mikanyaah basa Sunda tur narekahan sangkan Basa Sunda ulah nepi ka tumpur saperti nu diramalkeun ku para ahli basa. Salah sahiji carana, ngajarkeun basa Sunda ka para putra di mana wae ayana, boh di lingkungan masarakat Sunda boh di lingkungan luar masarakat Sunda,  boh di tatar Sunda boh di tempat lian di luar tatar Sunda.***

Tags: artikel basa sundabahasasundaBasa Sundabasa wewengkon Karawangberita basa sundabudayasundacarita basa sundaDisparbud Kabupaten KarawangFestival Teater Pelajar Basa SundakatasundaKomunitas Seniman Muda KarawangMancanagaramilangkala Kabupaten Karawangngabewarakeunngamumulenyundaorangsundapapatahsundaparibasa sundaparibasasundapelajaran basa sundaquotessundasajaksajak basa sundaSate EntogsenisundaSundasundabagjasundabuhunsundanesesunta atmajaurangsundaWarta Sundawarta sunda online
SendShare202Tweet126
Previous Post

Berkat Brimob Polda Jabar Wisata Tangguban Perahu Aman dari Covid-19

Next Post

Kasus Terkonfirmasi COVID-19 di Kabupaten Garut capai 4.000 kasus, Brimob Jabar laksanakan Penyemprotan Disinfektan

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Kasus Terkonfirmasi COVID-19 di Kabupaten Garut capai 4.000 kasus, Brimob Jabar laksanakan Penyemprotan Disinfektan

Kasus Terkonfirmasi COVID-19 di Kabupaten Garut capai 4.000 kasus, Brimob Jabar laksanakan Penyemprotan Disinfektan

Langkah yang di ambil Brimob Polda Jabar dalam mencegah penyebaran Covid-19 dengan Sosialisasi kepada Masyarakat

Langkah yang di ambil Brimob Polda Jabar dalam mencegah penyebaran Covid-19 dengan Sosialisasi kepada Masyarakat

Brimob Polda Jabar Ajak Masyarakat Untuk selalu menerapkan Protokol Kesehatan Ditengah Pandemi Covid-19

Brimob Polda Jabar Ajak Masyarakat Untuk selalu menerapkan Protokol Kesehatan Ditengah Pandemi Covid-19

Leave Comment

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026

Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota

6 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen

6 Oktober 2026

Lendeng N D’Gank Tanam 250 Pohon di Kamojang, Bidik 3.000 Pohon di Jabar

5 Oktober 2026
Prev Next
No Content Available
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.