Jumat, Oktober 30, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Prabu Siliwangi Jatuk Rami di Masjid Agung Karawang

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
20 Januari 2021
in Warta Sunda
0
Prabu Siliwangi Jatuk Rami di Masjid Agung Karawang
Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, Bewarajabar.com — Taun 1418  Syekh Quro  ngadegkeun mushola sakaligus pasantren nu kiwari jadi Masjid Agung di Jalan Alun-alun Kelurahan Karawang Kulon Kecamatan Karawang Barat, nu kungsi jadi puseur Kabupaten Karawang nalika awal ngadeg.

Di ieu mushola Syekh Quro nyebarkeun agama Islam ka warga Karawang jeung sabudeureunna. Beja kagiatan Syekh Quro sumebar kamana-mana sarta nepi ka Prabu Angga Cegah nu kungsi nyaram Syekh Quro nyebarkeun Agama Islam di Palabuan Muarajati, Cirebon.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Sang Prabu ngirim utusan nu dipingpin ku putra mahkota nyaeta Raden Pamanah Rasa pikeun nutup Pasantren Syekh Quro. Tapi, waktu Raden Pamanah Rasa anjog ka pasantren, anjeunna kataji ku sora Nyi Subanglarang, salah saurang santri,  nu maos Al-Quran. Ahirna Raden Pamanah Rasa teu tulus nutup pasantren, tuluy mulang deui ka Cirebon.

Raden Pamanah Rasa datang deui ka Pasantren Syekh Quro bari ngalamar Nyi Subanglarang. Lamaran ditarima kalawan sarat mas kawinnna mangrupa “Bentang Saketi” simbol tasbeh nu aya di Mekah.

Raden Pamanah Rasa nyanggupan. Jatuk rami dilaksanakeun di mushola nu satuluyna  diwangun jadi Masjid Agung. Syekh Quro nu jadi panghuluna. Saterusna Raden Pamanah Rasa diistrenan jadi Raja Pajajaran kalayan gelar Prabu Siliwangi.

Tina jatuk ramina  Prabu Siliwangi jeung Nyi Subanglarang lahir Raden Walang Sungsang, Nyi  Rara Santang jeung Raden Beuki Santang. Mangsa rumaja, Raden Walang Sungsang jeung Nyi Rara Santang ninggalkeun karaton Pajajaran pikeun neuleuman agama Islam ti ajengan Syeh Dzatul Kahfi di Cirebon.

Raden Beuki Santang jadi mubalig sarta nyebarkeun agama Islam di wewengkon Garut. Raden Walang Sungsang jeung Nyi Rara Santang munggah haji ka tanah suci Mekah. Mulih ti Mekah Raden Walang Sungsang  mingpin pamarentahan Nagri Caruban Cegah (Cirebon) kalayan gelar Pangeran Cakrabuana.

Masjid Agung Karawang (Poto: Sunta Atmaja)

Nyi Rara Santang henteu ngiring mulih. Nalika di Mekah anjeunna nikah ka Sultan Mesir, Syarif Abdillah. Nyi Rara Santang ganti ngaran jadi Syarifah Muda’im. Aranjeunna mibanda dua putra, Syarif Hidayatullah jeung Syarif Nurullah.

Nalika Sultan Syarif Abdillah wafat, kalungguhan sultan turun ka putrana nyaeta Syarif Nurullah. Putra nu saurang deui, Syarif Hidayatullah sanggeus neuleuman elmu  agama di Mekah jeung di Bagdad, anjeunna miang ka nagri Caruban atawa Cirebon niatna jadi mubalig.

Taun 1475 Syarif Hidayatullah  jeung ibuna balayar ka Cirebon. Di  Cirebon  aranjeuuna dipapag ku Pangeran Cakrabuana atawa Cakraningkrat anu katelah Walangsungsang nyaeta uana Syarif Hidayatullah.

Saterusna Syarif Hidayatullah dipercaya ngaganti Pangeran Cakrabuana pikeun mingpin Cirebon kalawan gelar Susuhunan atawa Sunan. Diistrenanna Syarif Hidayatullah jadi pamingpin Cirebon meunang pangrojong ti Raden Fatah, pamingpin pasantren sarta Sunan Bintoro, putra Raja Majapahit Brawijaya V,  anu jadi sultan di Karajaan Demak.

Dina  raraga pangwangunan Masjid Agung Demak, Sunan Cirebon atawa Syarif Hidayatullah diondang pikeun netepkeun kawijaksanaan ngeunaan sumebarna agama Islam di Pulo Jawa. Sidang para sunan nu dipiwanoh “Wali Songo” netepkeun yen Syarif Hidayatullah dipilih jadi pupuhu “Wali Songo” kalayan gelar Sunan Gunung Jati.

Jadi, pupuhu “Wali Songo” nu kawentar Sunan Gunung Jati mangrupa turunan murid Syekh Quro. Anjeuna putra Nyi Rara Santang atawa putu Nyi Subanglarang murid Syekh Quro di mushola nu kiwari jadi Masjid Agung Karawang.

Masjid Agung Karawang “direnovasi” (dihadean) ku Bupati Karawang Adipati Singaperbangsa nu jeneng taun 1633 nepi ka 1677`. Deukeut masjid diwangun alun-alun kalawan dipelakan dua tangkal caringin kenca-katuhueunna. Oge diwangun pendopo kabupaten, kantor kaamanan jeung tempat tahanan. Wangunan masjid nu “direnovasi” dipapantes disalayukeun jeung wangunan kantor kabupaten nu anyar diwangun.

Karawang harita mangrupa bawahan Sultan Agung anu tekadna ngahijikeun karajaan-karajaan di Pulo Jawa jeung sabudeureunna. Karawang mangrupa benteng pertahanan ngalawan Kompeni di Batavia sarta mangrupa leuit oge puseur logistic. Ampir salila 44 taun Adipati Singaperbangsa ngamangpaatkeun masjid Agung minangka tempat ibadah sarta tempat mere sumanget masarakat dina mancen tugasna sewang-sewangan. (Sunta Atmaja)

Tags: artikel basa sundabahasasundaBasa Sundabasa wewengkon Karawangberita basa sundabudayasundacarita basa sundaDisparbud Kabupaten KarawangFestival Teater Pelajar Basa SundakatasundaKomunitas Seniman Muda KarawangMancanagaramilangkala Kabupaten Karawangngabewarakeunngamumulenyundaorangsundapapatahsundaparibasa sundaparibasasundapelajaran basa sundaquotessundasajaksajak basa sundaSate EntogsenisundaSundasundabagjasundabuhunsundanesesunta atmajaurangsundaWarta Sundawarta sunda online
SendShare198Tweet124
Previous Post

Bantuan Toren ti Penguin ka SDN Kutamekar II Ciampel

Next Post

Metode Pembelajaran Mangsa Covid-19 di SMPN 1 Ciampel

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Metode Pembelajaran Mangsa Covid-19 di SMPN 1 Ciampel

Metode Pembelajaran Mangsa Covid-19 di SMPN 1 Ciampel

Dengerin Lagu Nostalgia Emang Bikin Baper

Dengerin Lagu Nostalgia Emang Bikin Baper

Woro-Woro 3 Pilar di Polsek Bandung Kidul Diliput Secara Live Oleh Humas Polrestabes Bandung

Woro-Woro 3 Pilar di Polsek Bandung Kidul Diliput Secara Live Oleh Humas Polrestabes Bandung

Leave Comment

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026

Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota

6 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen

6 Oktober 2026

Lendeng N D’Gank Tanam 250 Pohon di Kamojang, Bidik 3.000 Pohon di Jabar

5 Oktober 2026
Prev Next
No Content Available
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.