Bewarajabar.com — Raja munggaran Karajaan Tarumanagara, Jayasingawarman asalna ti Magadha, India. Anjeunna datang ka tatar Sunda balukar peperangan di nagarana. Magadha, nyaeta karajaan gede di India, saperti nu dilalakonkeun di TV Swasta Indonesia dina sinetron jeung film TV nu judulna “Ashoka”.
Jayasingawarman saurang maharesi atawa pandita. Anjeunna miang ti Magadha datang ka tanah Pasundan, nepungan Raja Dewawarman III, raja Karajaan Salakanagara di tatar Sunda nu harita kumawasa. Jayasingawarman menta idin pikeun ngawangun panganjrekan.
Sanggeus meunang idin ti raja, Jayasingawarman ngadegkeun lembur sisi walungan nu dingaranan Tarumanagara. Dingaranan kitu teh dumasar ngaran walungan deukeut eta lembur nyaeta walungan Citarum. “Taruma” hartina “Citarum”, “nagara” haritna “karajaan”. Saterusna eta lembur jadi Karajaan Tarumanagara. Jayasingawarman jadi raja munggaran di Karajaan Tarumanagara ti taun 358 nepi ka 382 Masehi, kalayan gelar Rajadirajaguru Jayasingawarman.
Karajaan Tarumanagara beuki lila beuki mekar. Saterusna wilayah kakawasaanna ngawengku, Banten, Jawa Barat tatar kaler jeung Cirebon ayeuna. Karajaan Tarumanagara ngalaman kajayaan salila tilu generasi, sarta puncakna nalika generasi katilu nyaeta Raja Purnawarman.
Ayana Karajaan Tarumanagara kacatet dina berita Karajaan Tiongkok nu netelakeun yen Karajaan To-Lo-Mo atawa Tarumanagara kungsi ngirimkeun utusan karajaan ka Tiongkok taun 528, 538 jeung 666 Masehi pikeun kunjungan persahabatan. Berita sejenna ngeunaan Karajaan Tarumanagara, ti Gunawarman, pandita ti Kashmir nu nyebutkeun yen agama nu diagem ku rahayat Tarumanagara nyaeta Hindu.
Raja Jayasingawarman tilar dunya taun 382 Masehi, dimakamkeun di sisi walungan nu ayeuna wilayah Bekasi, nyaeta di sisi walungan Gomati. Tuluy tahta karajaan diganti ku putrana, Dharmawarman. Raja Dharmawarman nyangking kalungguhan taun 382-395 Masehi.
Saterusna karajaan dicangking ku Raja Purnawarman nu mibanda gelar Sri Maharaja Purnawarman Sang Iswara Digwijaya Bhima Prakarma Suryamaha Purasa Jagatpati. Anjeuna nyangking kalungguhan taun 395-434 Masehi.
Nalika Karajaan Tarumanagara dipingpin ku Raja Purnawarman, diwangun palabuan jeung sawatara walungan pikeun ngalancarkeun perekonomian. Lian ti eta, Karajaan Tarumanagara mekarkeun kakawasaanna, nalukkeun raja-raja leutik di tatar Pasundan.
Pamarentahan Purnawarman tulaten dina miara saluran cai. Taun 410 Masehi Raja Purnawarman ngahadean walungan Gangga nepi ka walungan Cisuba di daerah Cirebon. Taun 421 Masehi anjeunna memeres walungan Cupu nu ngamalir ka sabudeureun istana.
Taun 413 Masehi Raja Purnawarman nyieun walungan Sarasah atawa walungan Manuk Rawa nu ayeuna dipiwanoh walungan Cimanuk. Anjeunna oge ngarenovasi walungan Gomati jeung Chandrabaga nu kungsi dijieun ku akina taun 417 Masehi. Numutkeun para ahli, walungan Gomati jeung Candrabaga, nyaeta nu ayeuna dipiwanoh walungan Bekasi. Taun 419 Masehi anjeunna marentahkeun rahayatna, ngajeroan walungan Citarum, walungan nu panggedena di wilayan Karajaan Tarumanagara.
Tulatenna Raja Purnawarman dina ngawangun jeung ngarenovasi walungan-walungan, nguntungkeun pamarentahan karajaan nu dipingpinna. Ku ayana ieu walungan-walungan, kamekaran ekonomi jadi lancar, ekonomi perdagangan jeung pertanian ngaronjat.
Raja-raja sanggeus Purnawarman nyaeta, Wisnuwarman (434-455 Masehi), Indrawarman (455-515 Masehi), Candrawarman (515-535 Masehi), Suryawarman (535-561Masehi), Kertawarman (561-628 Masehi), Sudhawarman (628-639 Masehi), Hariwangsawarman (639-640 Masehi), Nagajayawarman (640-666 Masehi). Pamungkas Raja Linggawarman (666-669 Masehi).
Bukti ngadegna Karajaan Tarumanagara nyaeta ku ayana tujuh prasasti nu kapendak, ngawengku: lima prasasti di Bogor (Prasasti Ciaruteun, Prasasti Kebon Kopi, Prasasti Kebon Jambu, Prasasti Muara Cianten jeung Prasasti Pasir Awi), hiji di Bekasi (Prasasti Tugu), hiji deui di Lebak, Banten (Prasasti Munjul).