Bandung, bewarajabar.com — Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kota Bandung, Juma’ah (8/5/2020) ngabagi-bagi deui tajil keur para tukang ojeg online, supir angkot, tukang ngamen, tukang dagang, jeung masarakat sabudeureunana.
Mangpuluh puluh anggota PWI katinggali ngajengjreng di sisi jalan, bari ngajingjing bungkusan kadaharan tajil. Ku kituna dibagikeunana teh aya dina kaayaan tartib teu ngalantarankeun pating laliudna massa. Lian ti eta, dina kayaan Covid-19, sakabeh anggota PWI oge marake standar kesehatan, salian ti make masker oge make sarung tangan.
Ngan aya nu istimewa ayeuna mah, salian ti kolek oge aya nasi bungkus. Ku kituna nu narampa teh katinggali jigrah, bungah.
“Alhamdulillah, haturnuhun PWI kuring sarerea bisa beunang kadaharan jeung tajil gratis. Mugia kahadean nu dibikeun ti PWI ka kuring sarerea dibales ku Alloh jeung PWI Kota Bandung leuwih maju deui jaya salawasna,”ceuk salah saurang tukang ngamen nu biasa mangkal di parapatan Jl Ahmad Yani – Jln. Riau, Bandung.
Sarua jeung nu dicaritakeun ku Diding tukang dagang roko asongan, manehna ngarasa kabantu ku ayana kadaharan jeung tajil ti PWI Kota Bandung. Manehna ngeceskeun yen salila sumebarna covid-19 beubeunanganana anjlok. Lantaran kitu, bisa bertahan hirup ge geus untung.
“Alhamdulillah aya bantuan dahareun jeung inuman ti PWI, abdi tiasa buka puasa gratis. Saprak corona, enyaan repot, dagang roko oge hese payu. Bisa bertahan hirup ge geus untung,” pokna bari ngadu’akeun PWI Kota Bandung sangkan leuwih jaya jeung maju.
Ketua PWI Kota Bandung, Hardiansyah ngebrehkeun yen ieu kagiatan teh rutin dilaksanakeun unggal bulan Ramadan salaku bentuk kanyaah ka sasama. Sakaligus mupuk rasa rumasa babarengan anggota pikeun paheula-heula ngahontal pahala di bulan puasa.
“Kagiatan ieu teh rutin dipigawe ngarah bisa babagi pikeun sasama. Nya mugia aya mangpaatna pikeun nu narima. Sedengkeun pikeun anggota, prak jadikeun kagiatan ieu teh salaku ladang amal soleh ku cara babagi ka papada urang ,” pokna.