Kab. Bandung, bewarajabar.com – – Dina raraga ngabantu masarakat nu kapangaruhan langsung lantaran sumebarna virus corona (Covid -19), Paguron Seni Bela Diri jeung Seni Debus Pendekar Sinar Banten, ngagelar kagiatan Bakti
sosial (Baksos) ku cara ngabagikeun Sembako jeung Masker ka masarakat nu kapangaruhan ku sumebarna Corona (Covid-19), Ahad (26/04/2020)
Ketua umum Paguron Seni Bela Diri jeung Seni Debus Pendekar Sinar Banten, Dani Mishan Rakatau, ngebrehkeun yen eta kagiatan dibagikeunana Sembako jeung masker nu dipigawe dina raraga Bakti sosial pikeun masarakat nu kakeunaan ku pangaruh sumebarna virus Corona (Covid-19) di wewengkon Kecamatan Katapang, Kabupaten Bandung.
Bakti Sosial mangrupa dibagikeunana 100 (saratus) Paket Sembako jeung masker. “Dibagikeun ngaliwatan pengurus paguron seni bela diri jeung seni debus pendekar sinar banten pikeun dianteur ka imah nu narima sangkan mangpaat, “pokna.
Salaku hiji gawe nyata ti paguron seni bela diri jeung seni debus sinar banten dina raraga ngaringankeun beban masarakat pikeun babarengan ngalawan Virus Corona (Covid-19) di wewengkon Kabupaten Bandung,” pokna.
Sedengkeun masker, Dani nuluykeun, dibagikeun ka masarakat nu ngaliwat di Jalan Desa Pangauban, Kecamatan Katapang, anu lobana 300 siki.
“Ieu Kagiatan teh mangrupakeun gawe nyata salaku kanyaah perguruan seni bela diri jeung seni debus pendekar sinar banten, pikeun masarakat nu kapangaruhan ku virus corona (Covid -19),” pungkasna. (Ajay)











































































Discussion about this post