Bandung, bewarajabar.com –Balukar bahena minyak pertamina di perairan Karawang. Pamarentah Provinsi Jawa Barat dina ieu hal Diskanlut (Dinas Perikanan & Kelautan) Provinsi Jawa Barat koordinasi jeung Pertamina, KKP (Kementerian Kelautan & Perikanan) sarta Pamarentah Daerah Karawang jeung Bekasi. Kiwari keur ngadata ulang pikeun kaperluan ganti rugi ka masarakat.
“Sabenerna geus dilaksanakeun pendataan saminggu katukang, tapi kudu diulang lantaran aya masarakat nu lain pamayang atawa pelaku usaha di sabudeureun eta kawasan ngilu ngadaftar,” ceuk Kepala Diskanlut Provinsi Jabar Jafar Ismail di Bandung, Minggu (25/8/2019).
Nurutkeun Jafar, salian ti masarakat atawa pamayang, loba tukang ojeg nu ngilu ngadaftar, tangtuna data kudu diverifikasi deui. Para pamayang di daerah nu kabahean minyak geus teu bisa neangan lauk lantaran laut na kakotoran. Lian ti kitu para patani tambak sarua kudu eureun heula lantaran teu bisa ngaganti cai.
“Mun seug geus kadata kabeh, tangtuna bakal sagancangna bakal dibere ganti rugi. Lian ti eta, kiwari Pertamina ngagawekeun para pamayang pikeun nyokotan minyak nu barahe, ku kituna ekonomi maranehna masih bisa jalan,” ceuk Jafar.
Jafar ngebrehkeun, tacan apal kalayan pasti sabarah nominal nu bakal dibikeun ka para pelaku usaha. Gedena nominal gaji rugi masih dina proses kalkulasi. Angkana diitung keneh.
Jafar teu loba komentar tumali jeung sabaraha lilana proses ngungkulan perairan Karawang nu kabahean minyak. “Lantaran eta hal nu ngungkulannana Pertamina. Sedengkeun Diskanlut nitenan karugian masarakat,” tandesna. ( udin lesmana )