Batam, bewarajabar.com – FORUM Pembauran Kebangsaan (FPK) Kota Batam gawe bareng jeung manajemen Khazanah Plaza muka pasar Seni FPK Kota Batam di Khazanah Plaza Sukajadi Kota Batam, sababaraha waktu katukang.
Numutkeun Ketua Panitia Pasar Seni Budaya FPK Kota Batam, Mulyadi Nasution, konsep Pasar ieu lian ti ngawanohkeun seni budaya, oge bakal jadi ajang promosi wisata, lolongkrang investasi sarta pikeun ngawanohkeun produk unggulan tiap-tiap daerah nu aya di Indonesia.
” Inshaa Allah saluyu MoU FPK Kota Batam jeung pihak Khazanah Plaza, pasar Seni ieu bakal dipermanenkeun tur dirojong sangkan bisa jadi destinasi wisata anyar di Kota Batam,” ceuk Mulyadi.
Masih ceuk Mulyadi, nu oge pengurus Askot PSSI Batam, dina waktu soft opening geus 16 provinsi nu daftar tur diharepkeun di acara Grand Opening awal Pebruari 2020 engke, sakumna wawakil provinsi geus milu ngagabung di pasar seni ieu.
Anapon sababaraha daerah nu geus muka stand dina acara soft opening kamari nyaeta:
1. DKI Jakarta 1 stand,
2. Jawa Barat 1 stand
3. Maluku Utara 1 stand
4. Banten 2 Stand,
5. Aceh 1 Stand,
6. Sulut 1 Stand,
7. Kepri 1 Stand
8. Jawa Timur 2 Stand.
Aya oge daerah sejenna nu masih proses negosiasi nyaeta Riau, Kalsel, Sumut, Sumbar, Babel, Sulsel jeung Bali.
Jeroning kitu, salah saurang sesepuh masarakat Jawa Barat di kota Batam, Barli Soekandar netelakeun yen dirina nga-apresiasi tur ngarojong positif ide nu diayakeun ku FPK Kota Batam ieu, sarta stand ti provinsi Jawa Barat geus siap didatangan ku masarakat kota Batam. Ceuk Mulyadi, Stand Jawa Barat ieu teh bakal dieusi ku rupa-rupa produk karajinan, boh cinderamata atawa kuliner (dahareun) khas ti sababaraha Kota jeung Kabupaten sa-Jawa Barat. (G*/bj)