Subang, bewarajabar.com – Kasapukan ngeunaan penandatanganan MoU perdagangan rempah antara Lembaga Adat Karatwan (LAK) Galuh Pakuan jeung pangusaha Singapura-Malaysia, di Desa Cikadu Kec. Cijambe Kab. Subang, Ambassador Indonesia Wollonia Batharihyang Janapati Madrim Kusuma
Andini, meredih ka para UKM (Usaha Kecil Mikro) dina pangawasan BUMDes (Badan Usaha Milik Desa) kudu bisa leuwih inovatif tur kreatif deui sangkan produkna bisa tembus ka pasar ekspor.
”Lolongkrang ieu teh kawilang hade keur para UMKM jeung BUMDes nu icikibung dina raraga ngaronjatkeun ekonomi rakyat pikeun ningkatkeun ajen jeung kualitas produk UMKM, sangkan bisa tembus ka pasar ekspor,” ceuk Madrim.
Salian ti eta, masalah nu disanghareupan ku para patani jeung UMKM dina waktu kiwari teh nyaeta dina proses melakna jeung hasil produksina. Saperti dina masalah ajen jeung kualitasna. Katambah oge dina masalah modal usahana nu jadi rereged teh. Antukna ngabalukarkeun produk jadi hese tembus ka pasar ekspor.
Sedengkeun pikeun ngabantu para patani jeung para pelaku UMKM, LAK Galuh Pakuan bakal mere fasilitas mangrupa Tradding House nu aya di 20 kementerian, sangkan bisa ngabantu masarakat patani sarta para UMKM.
“Engkena masarakat patani jeung para umkm bakal dibantu pikeun ningkatkeun ajen jeung kualitas tina hasil panen, kaasup produk umkm-na. Malah mah bakal dibantu oge dina masalah modalna sangkan bisa tandang makalangan di pasar ekspor,” ceuk Madrim.
Leuwih jauh Madrim netelakeun yen henteu ngan saukur pangusaha Singapura jeung Malaysia wungkul nu siap narima hasil panen ti para patani jeung UMKM Desa Cikadu, Cirangking jeung Desa Bantarsari, tapi oge loba pangusaha ti sababaraha nagara Eropa nu geus siap narima kiriman ti para patani jeung UMKM Indonesia, umumna. (ghan/bj)
Discussion about this post