- NYUNDA
Baheula balaréa urang Sunda hirup dina “isme” Sunda anu gembleng. Tah ieu anu dina jamanna diistilahkeun subagé “nyunda”.
Sendi-sendi kahirupan saperti ekonomi, politik, sosial, budaya, pertahanan, jeung kaamanan sakumna dumasar kana isme Sunda.
Dina hal budaya misalna: ti mimiti seni, basa, busana, teknologi, nepi ka padumukan jeung panganjrekan, kabéhanana dumasar kana budaya Sunda.
Sajalan jeung waktu sendi-sendi kasebut hiji-hiji jadi udar. Anu utamana leupas tangtuna agama. Hal ieu kacida “kasat mata” anu antukna mayoritas urang Sunda ayeuna ngagem Islam.
Kondisi anu tangtuna baé kacida dipihanjeluna ku maranéhna anu masih dalit nganut agama karuhun. Parandéné kitu tangtu baé henteu dipikahanjakal, samalah disyukuran, ku urang Sunda anu boga kayakinan yén Islam téh hiji-hijina agama anu haq.
Tah kitu leupasna sendi-sendi kasebut, leupas hiji hiji anu antukkna ngan nyésa hiji sendi wungkul anu kondisina geus di tungtung tanduk. Sendi éta nyatana basa Sunda!
Jaman ayeuna konsep nyunda tangtu kudu diséréd. Sacara nyantika urang tangtu teu bisa ngondisikeunana, komo deui kalayan dipaksa, supaya urang Sunda bisa nyunda dina harti siga jaman baheula.
Kumaha bisana urang meredih barudak ngora jaman ayeuna kuliah kalayan maké calana pangsi, kaméja kamprét, iket barangbang semplak, jeung mawa laptop ngagunakeun kanjut kundang.
Urang ogé henteu mungkin masang beungeut sangar nalika para nonoman ngadéngékeun lagu-lagu milik Nining Meida AS ku basa Sunda tapi dipirig ku musik diatonis.
Tuluy naha aya syarat pangiritna supaya urang Sunda disebut nyunda? Aya, nyaéta lamun manéhna daék ngagunakeun basa Sunda waktu “berkomunikasi” jeung sasama urang Sunda.
Tangtu dina konteks “tepat waktu sesuai tempat”.
Kajaba sendi agama, sabenerna sikep nyunda bisa dibalikkeun kana konsep awalna. Tangtu baé saluyu jeung babasan “nincak hambalan” saluyu jeung prioritas.
Jeung prioritas ayeuna nyaéta ngupayaken nyegah sangkan basa Sunda henteu leungit lebih ilang tanpa karana. Ieu penting pisan ngingetkeun yén basa téh syarat minimal manusa Sunda bisa disebut nyunda.
Kacindekanana: Syarat minimal hiji jelema disebut nyunda nyaéta daék ngomong ku basa Sunda.
Kukituna dina hal Nyunda, penting pisan ngasupkeun wajibna atikan basa Sunda di sakola-sakola. Sabab adeg-adeg Nyunda téh sakurang-kurangna nyaéta parigel cumarita ku basa Sunda. Cumarita jeung nulis.