Jumat, Oktober 30, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

Dedi Ruspendi by Dedi Ruspendi
20 November 2024
in Warta Sunda
0
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Share on FacebookShare on Twitter

Bandung, Bewarajabar.com – Béo Ki Léngsér dina carita Sakala Gunung Tangkuban Parahu hiber tutas ngadéngé rencana Raja Sugingplebangkara badé moro ka leuweung larangan, ngabéjaan pangeusi leuweung supaya bebekelan kadaharan jeung nyieun panyumputan di Leuweung larangan ngarah ulah beunang diboro ku Raja Suging Plebangkara saparakanca.

Kitu carita Sakala Gunung Tangkuban Parahu, carita Sunda anu mangrupakeun 17 totondén kaancuran bangsa dina budaya Sunda. Salah sahiji Sempalana nya Béo Léngsér anu nyalametkeun pangeusi leuweung tina pangboro Raja Suging Plebangkara.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Sastrawan ukur gumujeng lamun ngadéngé kasus Vina jeung Eky di Cirebon anu bisa kaludang deui sanggeus dalapan taun lantif disimbutan tur geus aya anu dihukum kalawan inkrah.

Tétéla Budaya jeung Sastra Sunda weruh sadurung winarah geus méré céré jeung totondén hiji kajadian nepi ka céré jeung cirina bukti kiwari. Kapan kasus Vina ogé kaludang deui sanggeus aya Sinétron anu jadi héboh di Jagat Maya.

Tur nitizen saur manuk jeung nyaksian peradilan sesat anu ngalantarankeun nu kiwari dianggap teu tuah teu dosa sabelas urang dipenjara saumur hirup.

Moal héboh pisan ieu kajadian lamun teu aya manten pejabat anu milu aub. Bapa Aing Dedy Mulyadi jeung Manten Kabaréskrim anu pernah ngalaman kumaha peureusna hukum di urang nyatana Susno Duaji.

Samalah kapan Pejabat anu masih kénéh lungguh ogé Mahfud MD milu ngoméntaran. Geunjeung weh Jagat Maya anu ahirna ieu kasus dicokot ku Polri tur dibebenah deui. Ieu kakuatan media Sosial anu ditunjang ku para manten Pejabat. Samalah Kang Dedy Mulyadi mah jiga penyidik wé investigasi nepi ka ngumpulkeun data jeung fakta ti para saksi anu salila ieu bungkem sabab ngemu kakeueung.

Béo dina carita Sakala Gunung Tangkuban Parahu. Ngagambarkeun carita anu jujur teu bohong. Sabab kapan Béo ukur cumarita anu diajarkeun tur teu tambahan jeung teu dikurangan.

Nu disebut Léngér nyaéta Pejabat Manten. Kapan dina Budaya Sunda ogé Léngsér lain pakacar tapi manten atawa Raja Sepuh anu teu mangkat nyiar marganing lantaran.

Samalah lamun karajaan aya pakewuh Raja manten anu keur nyiar marga Lantaran ogé sok digeroan ka Karaton. Maké gelar Mamang Léngsér.

Hiji mangsa Raja Cidra marganing amarah, Ratu kalangsu katuntun napsu, Narpati jalir katiir geulisna istri, katéndok ku bujur dénok. Léngsér anu nyieun siasat pikeun nurunkeun Ratu, gawé bareng jeung Para Buyut, Kamuningan katut Pacandaan.

Nepi ka Ratu turun dipaksa digentos kunu pantes jadi PiRatueun. Bisa ngangkat putra mahkota, lamun putra mahkota saruana jeung bapana. Nya biasana nyiar lalaki langit lalanang jagat di Padepokan jeung Kamuningan pikeun ngurus bangsa jeung nagara.

Kuduna kiwari ogé para mantan pajabat nyieun siasat pikeun ngarobah sistem tatakelola nagara lamun hukum lalayu sekar napsu politik geus nepi kana embun-embunan, pajabat geus neangan siasat jahat ku nyieun aturan jeung undang-undang anu ngarugikeun bangsa jeung nguntungkeun ka bangsa deungeun.

Lamun dina tatakelola Pajajaran baheula Léngsér ngagerakeun Pacandaan, Kamuningan jeung Kabuyutan. Dina tatanan tatakelola Nagara Pajajaran Anyar atawa nagara urang kiwari kapan aya DPD, BIN jeung Lemhanas pikeun ngarungkadkeun pejabat anu jahat jeung peradilan sesat.

Lamun Lengser, Pacandaan, Kamuningan jeung Kabuyutan geus teu sanggup ngarungkad Raja anu durjana. Hartina bangsa jeung nagara bakal ancur. Salah sahiji carana iwal ti Béo Léngsér nu kudu kabur ka Leuweung Larangan ngabéjaan pangeusi leuweung sangkan salamet tina pangborona Raja Durjana.

Sarua kiwari oge lamun Para Manten Pejabat, DPD, BIN jeung Lemhanas Banci teu sangkup ngarungkadkeun pejabat (Eksekutif, Yudikatif jeung Legeslatif) anu gawé bareng jeung bangsa asing pikeun pésta ku pakaya bangsa jeung nagara urang. Kudu aya cara séjén.

Kumaha cara séjénna?

Kasus Vina Cirebon anu geus kakubur salila dalapan taun kabuka deui ku média sosial anu didukung ku nitizen jeung para mantan pejabat Bapa Aing jeung Susno Duaji katut Mahfud MD.

Ieu ibarat Béo anu ngabéjaan pangeusi leuweung larangan. Nepi guyur sanagara samalah tembus ka nagara deungeun, geunjleung aya peradilan sesat jeung sajabana.

Naha Bener? Kapan ayeuna Kapolri keur memeres deui kasus ieu. Sugan hasilna bisa nyelep deui hukum nu lalayu sekar di urang. Cag.

Tags: artikel basa sundakasus vina cirebonWarta Sunda
SendShare196Tweet123
Previous Post

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Next Post

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Sajak
Warta Sunda

Sajak

8 Januari 2024
Next Post
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

Langkah-Cerdas-Mendapatkan-Uang-Jutaan-di-TikTok-Tips-Praktis-untuk-Pemula

Langkah Cerdas Mendapatkan Uang Jutaan di TikTok, Tips Praktis untuk Pemula!

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran - Bagian Kadua

Leave Comment

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026

Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota

6 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen

6 Oktober 2026

Lendeng N D’Gank Tanam 250 Pohon di Kamojang, Bidik 3.000 Pohon di Jabar

5 Oktober 2026
Prev Next
No Content Available
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.