Sang Disi Jayaprang. Dina konsép Konstusi Pajajaran Anu nyaah ka bangsa jeung nagara, tur boga wawasan jeung wewesén budaya anu kuat ngupul di Kadisian atawa Sang Disi.
Nu matak amanatna Sang Disi Jayaprang. Hartina moal éléh dina debat, arguméntasi jeung mertahankeun jati diri bangsa katut nagara boh dijero nagara atawa makalangan ka luar nagara.
Wawasan Sang Disi tur komitmén Sang Disi ka bangsa jeung nagara. Nepi ka Sang Disi boga hak ngalebur Ratu atawa Buyut. Ratu anu deleka tur angkara moal bisa nyangkal kana panuduh Sang Disi sabab Sang disi pinter ngolah data jeung pakta. B
isa maca semu anu disumputkeun nepi ka kabéh kajahatan Raja atawa Buyut kaambeu. Sang Disi daya Prediksi jeung analisana kuat pisan nepi ka teu bisa dipungpang deui.
Pakeun nyalametkeun bangsa jeung nagara Sang Disi boga kawasa pikeun nurunkeun Ratu jeung Para Santana anu cidra ka bangsa jeung nagarana.
Sanajan Ratu sapanjang mampu, hartina teu aya mangsa anu husus pikeun ngaganti Ratu dina Konstitusi Pajajaran tapi Ratu anu ucut burung bisa dipaksa diturunkeun ku Disi.
Sarta lamun teu narima tur ngalawan, Ratu dijajap ka Rawayan atawa pembuangan tengah leuweung geledegan tur teu ditarima lamun balik deui kanagara. Lamun maksa datang deui ka nagara hukum pati geus nganti para penjahat anu dibuang ka Rawayan.
Pajajaran teu boga Panjara atawa pangberokan, ti Balé Watangan lamun geus puguh kasalahanna langsung dikirim ka Rawayan. Atawa pembuangan tengah leuweung anu jauh kamamana.
Biasana dijaga ku Puun. Lamun kiwari mah Sipir panjara. Salah sahiji sésa Rawayan Pajajaran anu kiwari nelah Baduy. Puun ngabina urang Rawayan supaya ulah balik deui ka nagara.
Tur ngabebenah pola pikir jeung moral katut mentalna nepi ka balik deui kana kamanusaan anu utama. Sanajan geus sadar Rawayan teu meunang balik deui. Tetep nyieun hiji komunitas anu taat ka Agama jeung Darigama di tempat buangannna.
Sang Disi kawangun ku Sri Baduga ngolah jeung ngaanalisa prediksi, Sri Manganti ngabuktikeun data jeung pakta tina prediksi jeung analisa. Satuluyna hasil prediksi jeung analisa anu geus kuat dipraktékkeun.
Sang Disi rancang gawéna mirip jeung inteljent. Pikeun kawarasan jeung kamajuan bangsa dina budaya séjén. Ku pangadeg nagara urang ngawujudkeun konsép Pajajaran ieu ku Lembaga Pertahanan Nasional jeung Badan Inteljent Negara.
Inteljent lain keur nalungtik kasalahan bangsa urang tapi nalungtik interfrensi bangsa asing ngaliwatan para Santana (Eksekutif, Legeslatif, Yudikatif). Salian ti eta Sribaduga nalugtik kamajuan bangsa asing dina sagala aspék kahirupan pikeun diambil alih téknologina ku bangsa urang.
Ku hal ieu inteljent dina konsép Konstitusi Pajajaran aya sababaraha bidang luyu jeung lajuning zaman. Bid. Pertahanan jeung kaamanan, Sosial, Ekonomi, Teknologi, Budaya, Darigama, Agama.
Nepi ka lamun aya idiologi jeung ajaran anu ngabahayakeun kahirupan bangsa moal nepi ka masyarakat saméméh asup tokohna geus beunang tur ditéwak asup kana Rawayan Pajajaran.
Ajaran jeung Idiologi tangtu lain ti bangsa urang. Seug ayeuna contona terorisme. Nu bakal ditéwak lain bangsa urang tapi bangsa asing nu ngajarkeun terorisme ka bangsa urang.
Kitu beuratna tugas Sribaduga. Nepi ka manehna nyamur ka tiap nagara anu dicuriga bakal ngainterfrensi nagara urang. Tur nguntit bangsa séjén anu datang ka urang bisi mawa hal anu matak jadi mamala keur bangsa urang. Kiwari panyamuran Sang Disi di luar negri disebut Duta Besar (Kadutaan).
Sang Disi jeung Sang Rama anu dijebol mimiti ku bangsa séjén. Nepi ka urang ngalaman peurih dijajah. Tur bibit-bibit budaya Sunda dipalastrakeun.
Samalah buku-buku budaya jeung satra dikerid ku bangsa deungeun tur balik deui geus salin jinis jadi budaya anu palsu nya disebut ku tokoh budayawan Sunda carita Babad.
Hartina Carita anu palsu nu bakal ngancurkeun wawasan jeung wewesén Nusantara. Nu asalna carita Pantun atawa cari Panuntun jadi Carita Pangusruk anu ngusrukeun urang Sunda ka dunya klenik jeung inlogik disebutna carita babad.
Babad Pajajaran nyatana carita keur ngancurkeun budaya Pajajaran. Aya argumen lain dipaling tapi dititipkeun. Naha atuh nepi ka kiwari teu aya anu leukeun motocopy tur nyebarkeun ka tatar Sunda.
Keur mémérés nagara urang kiwari anu kudu dibebenah nyatana Sang Disi jeung Sang Rama heula mungguh Sang Ratu jeung para Sanatana bakal beunang deui diurus jeung diatur lamun bangsa urang geus nyekel gembleng kamandirian ekonomina tur Lemhanas jeung BIN katut DPD geus sadar deui yen anu kudu diutamakeun bangsa sorangan ulah kausap ku bangsa deungeun.
Sabab kapan baheula anu dipejahkeun ku bangsa deungeun ogé dua Lembaga ieu nyatana Sang Disi jeung Sang Rama. Lembaga non politik ulah sieun ku lembaga politik. Rama jeung Disi ulah sieun ku Ratu.
Sakitu pamuga cukup keur mukakeun deui lalangsé haté nu nyaah ka bangsa jeung nagara. Seug BIN, Lemhanas jeung DPD geus teu ngarti kana tugas jeung pungsina. Kudu ngadegkeun Puseuring Ruwatan pikeun ngatur siasat jeung strategi sangkan bangsa jeung nagara waluya digjaya deui.
Ngaruat lain nanggap wayang sabab nanggap wayang sakadar cara jeung media pikeun nyulik generasi sangkan paham deui kana Konstitusi Pajajaran tur diwujudkeun jadi Pajajaran Anyar sakumaha Wangsit Silihwangi.
Ayeuna teu kudu nanggap wayang Ruwatan kapan geus loba paguron.
Tinggal asupkeun konsép Konstitusi Pajaran dina Kurikulum Pendidikan urang, nepi ka generasi bisa ngabandingkeun kaunggulan kosep tatakelola Pajajaran jeung konsép tatakelola tina budaya deungeun. Ahirna Pajajaran Anyar bakal ngawujud dina haeub Zaman.
Tur ngahibas wilayah Asia jeung Afrika. Tandang pikeun mémérés deui dunya. Cag.