Jumat, Oktober 30, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Papisah

Hermana by Hermana
8 Januari 2024
in Warta Sunda
0
Papisah
Share on FacebookShare on Twitter

Bewara Jabar – Keur SD boga babaturan anu loma ngaranna Leo. Ngomong naon wae sok nyambung jeung manehna mah.

Ngan waktu lulus SD mah manehna teu sarua jeung kuring. Kuring mah kawas batur nuluykeun ka SMP. Ari manehna milih nuluykeun ka MTs bari masantren. Cicingna di kobong. Ari eta sakola jeung pasantren teh masih sayayasan, ayana di lembur babaturan bapana.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Kuring jeung manehna jadi papisah. Sugan teh rek terus babarengan. Ti keur kelas 1 tepi ka lulus SD teu weleh bareng. Layeut. Puguh we kuring jeung manehna ngarasa sedih papisah.

Sabenerna Leo rek nuluykeun ka SMP kawas kuring sabatur-batur ngan kolotna hayang Leo sakola bari masantren.

Di antara babaturan, ngan Leo wungkul anu sakola ka MTs, kitu deui Leo wungkul anu sakola bari masantren. Ti saprak papisah jadi teu bisa panggih deui jeung manehna.

Imah manehna jauh ti sakola. Mulang ti kobongna teuing sok iraha. Kahayang mah saminggu sakali wae mah mulang ka lemburna terus panggihan kuring. Lebeng.

Kuring ngarasa kaleungitan ku papisah jeung manehna. Leo pinter Matematika. Kuring sok remen menta papatahan ka manehna.

Aya latihan soal atawa PR kuring tara niron ka manehna. Manehna tara mere niron. Boh kuring boh manehna jujur dimana aya tugas, PR atawa ulangan teh, ulah aya anu ngaranna patiron-tiron.

Teu pedah ka babaturan deukeut. Diterangkeun ku Leo mah sok babari ngarti.

Lila-lila mah kasedih teh teu pati karasa teuing. Boga loba babaturan anyar di SMP. Kangaranan SMP Negeri tea jumlah muridna loba-loba wae.

Di sakola loba kagiatan. Inget ka Leo teu hayuh  wae kapikiran. Di SMP kuring deukeut jeung saurang wanoja, saentragan ngan beda rohang kelas.

Kuring di kelas 1-B, manehna di kelas 1-A. Ngaranna Anka. Rupana geulis. Manehna cinta munggaran pikeun kuring.

Salila 3 taun bobogohan jeung eta wanoja anu kungsi ngajabat bendahara OSIS saperiode. Loba anu barogoheun ka manehna, kuring untung sabab kapilih jadi kabogohna. Kagiatan sakola boh intrakurikuler, boh ekstrakurikuler estu matak sumanget ari boga cengceman hate mah.

“Rek nuluykeun ka mana salulusna SMP?” tanya kuring.

            “Ka SMU Negeri,” tembalna.

Rencana kuring oge sarua rek ka SMU Negeri. Panyana teh ka SMU Negeri anu aya di ieu kacamatan, gening di kota gede.

Kacida sedihna waktu manehna bebeja yen rek pindah salulusna SMU. Waktu ditanya ngeunaan hubungan cinta antara kuring jeung manehna, manehna jiga anu bingung. Padahal hubungan kuring jeung manehna teh serieus.

Jaman harita can usum HP. Ahirna hubungan kuring jeung manehna teu manjang bareng jeung lulusna sakola ti SMP.

Kasedih papisah jeung Leo kahudang deui. Beuki tambah sedih. Leuwih sedih malah. Aya mah Leo, meureun kuring bisa nyaritakeun ieu hal, curhat.

Ti harita kuring can siap deui bobogohan. Sieun papisah deui kawas jeung Anka. Mending sakola we sing junun. Enya ge jomblo, ieu mah jomblo terhormat, lain jomblo teu payu.

Mun keur SMP mah kuring ukur jadi anggota OSIS, keur SMU mah undak. Ngalaman jadi wakil ketua OSIS. Jaman keur SMP prestasi teh asup lima besar, keur SMU mah asup 3 besar. Hanjakalna teu ngalaman rengking hiji.

Aya sajumlah awewe anu ngadeukeutan, kuring ngajaga jarak. Sakapeung kabita hayang boga kabogoh kawas batur.

Keun wae ah teu boga carita cinta deui mah, can siap ari kudu papisah  deui caran anu enggeus. Rek husyu wae diajar, ekskul jeung ngurus rupa-rupa kagiatan OSIS. Kuring jadi akrab jeung Ohan, ketua OSIS.

Ngaranan ge ketua jeung wakil. Hebat manehna mah, lian jadi ketua OSIS, Ohan ge rengking hiji. Jarang-jarang nu kitu teh.

Bogaeun kabogoh deuih. Rupana jauh leuwih kasep batan kuring. Manehna boga rencana rek nuluykeun kuliah ka perguruan tinggi negeri.

            “Sarua kuring ge,” ceuk kuring anu hayang kuliah ka UPI.

Ohan boga cita-cita hayang jadi guru PJKR. Awakna sembada, cocok pisan. Beda jeung kuring anu hayang jadi guru basa Sunda.

   “Alus, jarang-jarang aya anu hayang jadi guru basa Sunda,” pokna.

Kuring jeung Ohan miluan UMPTN. Indit bareng. Di Bandung cicing di barayana Ohan. Tempat tesna gening sarua.

Beuki bungah sabab ti imah dulurna ka tempat tes teh teu jauh. Waras ku leumpang ge. Kahayang babarengan kuliah teh teu ngabukti.

Ohan jeung kuring kudu papisah. Manehna mah lulus UMPTN. Ngaran kuring jeung nomer peserta euweuh dina koran. Teu nyangka kuring teu lulus UMPTN.

  “Geus we kuliah di PTS nu deukeut!” ceuk ema.

Nu disebut nu deukeut teh nyaeta PTS anu aya di kabupaten sorangan. Di eta PTS euweuh jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda. Langka eta jurusan teh. Kuring mah resep pisan kana eta pelajaran teh. Resep maca bacaan anu make basa Sunda.

Resep kana budaya Sunda, komo ari geus ngabandungan seni Cianjuran jeung Kendang Penca. Nikmat pisan ngabandunganna.

Moal aya tandinganna jeung musik sejen komo lamun dibandingkeun jeung musik luar negeri. Ahirna kuring kuliah nyokot jurusan Pendidikan Sejarah. Sedih papisah jeung Ohan, sedih papisah jeung babaturan sakelas.

Babaturan sakelas rereana kuliah di kota gede, ngan ka PTS. Babaturan kuring di kampus aya anu sasakola keur SMU tapi teu sakelas.

Kuring miluan kagiatan pangaosan di masjid nu aya di lingkungan kampus. Eusina asa nenggel kana hate. Ceuk eta penceramah, nu ngaranna papisah pasti bakal aya dina saban kahirupan manusa. Tapi ulah dipake kasedih anu kaleuleuwihi.

Boh pisah  anu bisa panggih deui, boh papisah nu teu bisa tepung deui saperti ditinggalkeun maot ku babaturan, dulur atawa baraya. Aya waktuna tepung, aya waktuna paturay. Sugan we bisa patepung deui jeung anu kungsi papisah.

Dina henteuna bisa deui tepung di dunya, jaga di aherat mah bakal tepung, karumpul di padang Mahsyar, pikeun madep ka Alloh, mertanggungjawabkeun sakur amal anu kungsi dipilampah di alam dunya.

Dimana rea amal hadena nya bakal asup surga, sabalikna, dimana euyeub amal gorengna bakal asup kana naraka. Masih ceuk eta ajengan, mun rek sedih mah, sedih dimana pajauh jeung rohmat Alloh, pajauh jeung amal kahadean.

Ti harita kuring tara nalangsa deui dimana papisah jeung saha wae. Kaasup waktu tatangga anu imahna aya gigireun pindah ka kota. Tatangga jeung kulawargana geus nempatan eta imah puluhan taun, samemeh kuring lahir geus aya di dinya.

Imahna dijual ka batur. Kitu deui waktu nini maot, memang sedih, tapi sabisa-bisa ulah kaleleban teuing sedihna. Saha anu apal jaga kuring bisa tepung deui jeung Leo anu ti saprak lulus SD can kungsi panggih deui.

Atawa saha anu nyaho jaga tepung jeung Anka, waktu jeung tempatna duka iraha jeung dimana. Boa manehna teh jodo kuring ngan ayeuna papisah heula samemeh tepung di bale nyuncung. Ah, jauh keneh kuring mah kana mikiran rumah tangga.

Kuliah karek semester hiji. Lalaki mah memeh nikah teh kudu mapan sagala rupana utamana ekonomi. Loba anu kabejakeun rumah tangga anu teu lana.

Aya anu welasan taun ahirna pipisahan. Aya anu can saatun-taun acan, sarua pipisahan. Gede kamungkinan nu jadi panyababna nyaeta faktor e, ekonomi.

 

Tags: Basa Sundacarpon sundaWarta Sunda
SendShare197Tweet123
Previous Post

Sajak

Next Post

Seorang Wanita Tabrakkan Diri ke Kereta di Kabupaten Sukabumi

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Sajak
Warta Sunda

Sajak

8 Januari 2024
Next Post
Seorang Wanita Tabrakkan Diri ke Kereta di Kabupaten Sukabumi

Seorang Wanita Tabrakkan Diri ke Kereta di Kabupaten Sukabumi

Tujuan Kursus Orientasi Singkat, Ini Kata Bupati, Camat, dan Ketua MKKS SMK Kabupaten Sukabumi

Tujuan Kursus Orientasi Singkat, Ini Kata Bupati, Camat, dan Ketua MKKS SMK Kabupaten Sukabumi

100 Karung Sampah Terkumpul Dalam Kegiatan Bersih Pantai Talanca Loji

100 Karung Sampah Terkumpul Dalam Kegiatan Bersih Pantai Talanca Loji

Leave Comment

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026

Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota

6 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen

6 Oktober 2026

Lendeng N D’Gank Tanam 250 Pohon di Kamojang, Bidik 3.000 Pohon di Jabar

5 Oktober 2026
Prev Next
No Content Available
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.