“…Sang Rama énak emangan..”. Lamun dina konsep Pajajaran Santana, Pratisantana, Anggasantana tugas pokona keur mikiran dunya.
Ku saha atuh rahayat diraksa jeung diriksana?
Pamanggih urang Sunda kiwari ngeunaan KaRamaan anu ngurus elmu ngahiji jeung Karasian. Padahal atra naon anu diurus Sang Rama dina Amanat Galungung nyatana énak emangan.
Rama ngurus masalah Pangan. Hartina tugas pokok Sang Rama ngeunaan karaharjaan bangsa jeung nagara. Urusan ngaraksa karaharjaan bangsa jeung nagara bagéan Sang Rama dina Konstitusi Pajajaran.
Nu dikawasa ku sang Rama nyatana inventaris jeung tatakelola ekonomi. Potensi ekonomi bangsa jeung nagara diurus jeung dipakéakeun ku Sang Rama nepi ka ngawujud karaharjaan keur bangsa jeung nagara.
Samalah Sang Ratu ogé dibayuan ku Sang Rama nepi ka sanggup makéakeun sistem jeung strategi pikeun ngurus sapertilu dunya sakumaha amanat Silihwangi.
Tapi Ratu teu bisa marentah sangeunahna ka Sang Rama, proposal kudu kaharti dibahas heula jeung Sang Disi kakara Sang Rama bisa ngaluarkeun duit nagara.
Konsep jeung Proposal ngaheuyeuk batur urut salembur jeung batur urut sauyun kudu jelas jeung asup akal.
Nu kaasup kana rengrengan sistem Sang Rama nyatana Buyut, Muning jeung Candaan. Pacandaan pamingpin anu pangdeukeutna jeung pangdeuheusna ka rahayat.
Sedeng Buyut gédé pangaruhna ka para Santana (eksekutif, Legeslatif jeung Yudikatif).
Dina Konstitusi Pajajaran para Santana (Santana, Parisantana, Anggasantana) teu ngawasa sakabéh asfék kahirupan bangsa. Para santana atawa karatuan saukur ngurus urusan politik luar negri. Mungguh tatanan ka jero nagara ngaliwatan Buyut.
Tutas nu boga konsép nu kiwari kaceluk Silihwangi ninggalkeun alam ramé ngacacang di alam suwung. Sunda Palapa ngarasa teu ngeunah ku konsép Pajajaran. Sabab Raja teu boga kakawasaan mutlak.
Ratu kawatesan kakawasaanna. Nya ngarobah konsép jadi péodalis, nu diancurkeun nya Buyut jeung réngrénganna. Pusat Kakawasaan jadi aya di Ratu.
Maké istilah Sumpah Palapa ngaganti tatakelola atawa sistem politik Pajajaran jadi sitem monokrasi atawa Peodalis. Ahirna urang digaley ku Munding Bulé pagér Nusantara rempag.
Pangadeg nagara urang ngawujudkeun Sang Rama jadi BUMN jeung Koperasi tur nyieun UU ngeunaan BUMN. BUMN milik Nagara lain milik pamaréntah. Sakuduna aya diluar kalang pamaréntah pikeun ngolah jeung ngokolakeun pakaya bangsa jeung nagara.
BUMN urusan ekonomi hulu produksi jeung pengembangan téknologi produksi nepi ka pabrikasi. Koperasi jadi penyalur hasil produksi BUMN nepi ka pasar jero nagara jeung luar nagara (Ekspor jeung import).
Moal aya PT jeung CV investor bakal nyimpen modalna di BUMN jeung Koperasi, ahirna bangsa asing moal jadi juragan di urang sabab kudu gawé bareng kalawan diwatesan ku bangsa urang.
Pidato Presiden Soekarno dina kumpulan pidatona pernah nyabit-nyabit naha Lurah kahandap teu digajih ku nagara, atawa teu kaasup kana Kasantanaan. Jawabna Lurah kahandap pamarentahan anu deukeut jeung rahayat butuh waragad anu kacida gedéna pikeun ngaraharjakaeun rahayatna.
Lurah kahandap teu mungkin digajih saluhureun Bupati atawa mentri. Jadi perlu dibéré kalaluasan anggaran anu ngaleuwihan gajih mentri keur ngokolakeun rahayatna sangkan raharja.
Solusi Ir. Seokarno Lurah kahandap bakal jadi agén jeung distributor BUMN. Koperasi distributor tunggal satuluyna muka Koperasi Unit Desa anu bakal nyalurkeun produksi ka RT jeung RW.
Soekarno geus ngalarapkeun Lurah Kahandap jadi Buyut, Muning jeung Candaan tina konsép konstitusi Pajajaran. Ku hal ieu RT jeung RW bakal boga waragad anu ngaleuwihan mentri keur ngolah ngawangun wilayahna teu kudu maén proposal anu kiwari dikawasa ku mafia proposal anu ahirna wargad teu nepi kahandap.
Tur Pangwangunan puraga tamba kadenda. Da proposalna beak ku mafia proposal. Hanjakal ieu konsep moal ngabeungharkeun bangsa asing anu aya di nagara urang.
Ku hal ieu zaman orde baru anu rék gawé bareng jeung bangsa asing maké istilah Padat Karya. Diburak diganti ku sistem ékonomi bangsa séjén. Kiwari BUMN jeung Koperasi nambru nu hudang juringkangna PT jeung CV bogana para investor asing. Tur bangsa urang cukup jadi badéga.
Sistem tatakelola Pajajaran Anyar kacida dipikasieunna ku bangsa anu hayang maling pakaya bangsa deungeun atawa hayang ngawasa dunya. Bangsa anu hayang ngarebut pakaya bangsa deungeun ngahiji dina hiji kelompok élite global.
Ku hal ieu Soekarno geusan ngungkulanna ngadegkeun élite Asia jeung Afrika ku konsép Asia-Afrika jeung non blokna. Teu saladar keur urang yén Konsép non blok jeung Asia-Afrika tina budaya Sunda keur jadi katalisator kaangkaraan bangsa nu hayang ngawasa dunya.
Kuhal ieu konsép jeung strategi tatakelola Pajajaran dilelep-lelep. Ieu alesanna ogé konsép Pajajaran ku Pangadeg nagara urang teu disebut Pajajaran Anyar. Tapi diasupkeun kana tilu konstitusi urang anu kiwari pada ngoprék keur kapentingan bangsa asing jeung kelompok maranéhna (Para Sanatana).
Teu sadar baheula ogé kapan nepi ka dijajah ku Belanda alatan Para ningrat jeung santana gawé bareng heula nepi ka urang diajajah. Konstitusi Pajajaran Anyar nyatana Proklamasi, UUD45 jeung Pancasila.
Tilu adeg-adeg ieu kudu ngalahirkeun aturan jeung perundangan anu mihak ka bangsa sorangan. Nepi ka diteteskeun dina Prolamasi pindahna kakawasan jeung hal sejenna bakal dilaksanakeun kalawan taliti jeung waktu anu sasingket-singketna.
Kiwari urang aya dina beuheung bangsa deungeun, interfrensi geus jadi rasiah umum, bangsa urang saukur jadi golék jeung badéga. Ku hal ieu perlu balik deui kana konsép Pajajaran sangkan wujud Pajajaran Anyar teu aya nu ngaganggu.
Kearifan lokal urang anu cukup pikeun ngahalangan napsu bangsa anu angkara pikeun ngawasa dunya geus wayah dibuka dipaledar. Kapan cenah Sunda bakal mémérés dunya.
Bekel keur mémérés dunya nya surti jeung ngarti kana kearifan lokalna. Lamun teu dipaliré palias dipihané ku bangsa séjén. Sakumaha nu dipikahariwang luluhur urang dina Amanat Galunggung. Mangkadé bonangna ku bangsa lian sakalih. (Hanca)