Jakarta, bewarajabar.com – Kepala Staf Angkatan Udara (KASAU) Marsekal TNI Yuyu Sutisna ngabageakeun rombongan pangurus PWI Pusat ka Markas Besar Angkatan Udara di Cilangkap, Jakarta Timur, Salasa (8/10-2019) nu kaliwat.
Rombongan PWI Pusat dipigpin langsung Ketua Umum PWI Pusat Atal S Depari, dibarengan Sekertaris Jenderal Mirza Zuhaldi, Ketua Bidang Kerja Sama sarta Kemitraan Zulkifli Gani Otto, Ketua Bidang Pendidikan Nurjaman Mokhtar, katut Direktur Kerjasama Wartawan ASEAN Dar Edi Yoga.
“Kalayan asmana TNI AU kuring ngaapresiasi tur ngahatur nuhu kana waktu jeung kasempatan Pangurus PWI Pusat nu geus silahturahmi ka Mabes Angkatan Udara. Momentum saperti ieu tangtuna kalintang diharepkeun sangkan kahareupna aya gawe babarengan nu positif turta aya mangpaatna antara TNI AU jeung PWI,” ceuk Marsekal TNI Yuyu Sutisna.
Marsekal Yuyu Sutisna nambahkeun, pihakna bakal sinergi terus jeung PWI sarta suport tur rojongan kalayan daria ka kapangurusan PWI Pusat periode 2018 – 2023. Sarta tangtuna bakal kontribusi di Hari Pers Nasional Taun 2020, nu bakal dilaksanakeun ku Insan Pers Indonesia.
Jeroning kitu, Ketum PWI Pusat Atal S Depari ngarasa diajenan ku ditarimana rombongan Pangurus PWI Pusat ku KASAU. “TNI AU ngarupakeun lembaga nu munggaran nu didongdon Pangurus PWI Pusat sacara resmi. Tangtuna PWI siap ngawangun hubungan hade kalayan positif sangkan euweuh deui jarak antara TNI AU jeung pekerja pers,” pokna.
Atal S Depari ngajentrekeun PWI ngawengku saniskara media massa tangtuna mibanda ajen strategis, salaku sumber informasi nu jadi edukasi pikeun masarakat. “Mun seug hayang ngawujudkeun Indonesia bener bener berdaulat, aman, hebat, adil tur makmur, tangtuna teu bisa ngan miharep ka TNI salaku komponen paling hareup, tapi eta hal kudu dikerjakeun ku sababaraha komponen bangsa kaasup PWI jeung TNI, AU,” tandesna.
Kahareupna, ceuk Atal Depari, PWI katut TNI AU bisa gawe babarengan dina saniskara hal, contona pikeun ngaronjatkeun kapasitas sarta wawasan ngeunaan media mapag era 4,0. Salian ti kitu, bisa diskusi, dialog, sarta gawe babarengan pikeun nambah wawasan tumali hubungan antara Pers jeung TNI AU.
KASAU dina eta gempungan dibarengan Asisten Pengamanan Kasau Marsekal Muda TNI Tamsil Gustari Malik, Kepala Dinas Penerangan TNI AU Marsekal Pertama TNI Fajar Adriyanto katut Kasubdispenum Dispen AU Kolonel Muhammad Yuris. ( Mansuh )