KBB, Bewarajabar.com — Wangunan Mushola SDN 12 Lembang, geus ampir sataun mangkrak alias can rengse, jalaran kakurangan waragad (dana). Kukituna miharep ayana donatur nu haat ngabantu waragad pikeun ngarengsekeunana.
Numutkeun komite SDN 12 Lembang, Ajat Sudrajat, mimiti mah kamotipasi ku salah seorang donatur nu haat hayang pangnyieunkeun mushola 7 x 15 m, tapi kakara masang pondasi, alatan donaturna kaburu wafat. Seterusnya dirapatkeun (dimusyawarahkeun) paguyuban orang tua siswa jeung komite, harita sakola masih normal taun 2019. Nya sapuk tiap siswa nyisihkeun tina jajanna teu leuwih ti 500 perak. Ditampung di masing-masing kelas.
“Tina hasil sumbangan para siswa sababaraha bulan, aya nepika 30 jutana duit logam lima ratusan, mawana oge dikarungan ditukeurkeun ka Indomaret” Kitu ceuk Ajat Sudrajat nu dienyakeun ku Kapala SDN 12 Lembang, Sutarman. Waktu ditepungan ku Bewarajabar sababaraha waktu katukang dikantorna.
Tapi tidur saprak mahabu ku pandemi covid 19, KBM kudu diimah alias daring, otomatis pangwangunan mushola oge eureun. Tapi ya bae nu nyumbang sabeunyeureun sasieureun kakara dilarapkeun.
SDN 12 Lembang pernahna di Jl. Gunung putri Lembang Kabupaten Bandung Barat. Handapeun Gunung, hawana seger matak ngeunah keur diajar mah.
Numutkeun Kapala Sakolana, Sutarman, jumlah siswa aya 257 urang, diatik jeung didik ku guru PNS 5 urang, 6 guru honorer jeung saurang jagabaya. Ari Ruangan KBM mah aya 6 rohangan. Ditambah hiji rohangan “sarbaguna” Nya kantor kapala sakola, TU, Ruang Guru, UKS, mushola jeung dapur, kabeh ngahiji.
Kuayana mushola teh matak atoh, sabab lian ti engkena bisa dipake solat berjamaah jeung siswa kitu deui bisa ngaronjatkeun pembelajaran imtak (iman jeung taqwa). pungkas Sutarman jeung Ajat Sudrajat.