Bewarajabar | Bandung – Dina acara Penyerapan Aspirasi Masyarakat (ASMAS II) anu dilaksanakeun di aula SMA Darul Hikam Jalan Supratman No 88 Bandung, poe Minggu 28 Mei 2023.
Nalika acara gunem catur bebas sarengsena acara. Andi Lubis Ketua Team Pemenangan Kang Sodik Mujahid negrakeun, “Bangsa jeung nagara ayeuna perlu kader terbaikna. Lamun aya nu leuwih ti Haji Sodik mangga pilih kader nu pang hadena keur bangsa jeung nagara.”
Hal eta diunggeukan ku Kang Sodik. Satuluyna Kang Sodik mere amanat kamasyarakat anu ikhlas ngadukungna engke, ulah dugi ka mere janji ka rahayat.
Tapi ajak berjuang pikeun memeres kaayaan keur kapentingan putra jeung putri urang khususna. Putra putri pertiwi umumna sangkan caang canra dina mangsa pikahareupeun.