Sang Ratu énak alungguh. Anu dimaksud Ratu kabahas dina Siksa Kanda Ng Karasian, nyaéta tilu Kelompok disebut Santana, Pratisantana, Anggasantana.
Atawa lamun ceuk bahasa deungeun mah trias politika (Eksekutif, Legeslatif jeung Yudikatif).
Sang Ratu dina Amanat Galunggung lain ngawujud hiji jelema atawa tokoh. Tapi hiji sistem politik keur ngolah bangsa jeung nagara.
Aya tilu anu disebut karatuan Pajajaran Santana nyatana anu ngabahu denda calik dina korsi gading gilangkancana. Lamun ayeuna nya Pamaréntahan anu dipingpin ku Presidén dina sistem Presidentil (eksekutif). Naon anu diurus ku Santana?
Tangtung Ratu kiwari ogé aya nyatana Pamaréntah teu kudu nyieun Santana atawa Pamaréntah anyar. Tapi tugasna anu kudu dibébérés saperti tugas para Santana baheula zaman Pajajaran.
Kiwari urang Sunda kabius ku Raja dina konsep Jawa, anu boga kakawasan mutlak. Padahal Santana lain saurang tapi réngréngan Karatuan dina harti kabijakan Pajajaran koléktif kolégia.
Lain putusan hiji jelema anu dipaksakeun kudu dilaksanakeun. Samalah Pucuk Karatuan (Presidén lamun kiwari) bisa diragragkeun lamun ngabahayakeun nagara.
Diganti ditengah jalan samalah lamun anak jeung turunanna teu pantes jadi Ratu bisa diganti ku lalaki langit lalanang jagat, teu kudu turunan génétik Ratu.
Tugas Ratu nangtukeun kabijakan luar negri, pikeun nohonan Wangsit Silihwangi kénéh tutas tugas ngadegkeun Pajajaran anyar dina amparan zaman, nyaéta ngaheuyeuk batur urut salembur jeung batur urut sauyun.
Naha ieu konsép dilaksanakeun ku Pangadeg nagara urang?
Saha batur urut salembur. Nu dimaksud batur urut salembur nyatana Nagara-nagara anu rentul ayeuna di wilayah Asia, baheula aya konsép Sunda Ageng nyatana Nusantara, Sunda Alit nyatana Aséan, Sunda Jauh (Palapa) nyatana Jepang, Cina, Hongkong, Korea jeung Taiwan.
Sanggeus merdéka masih kénéh aya istilah Sunda Besar, Sunda Kecil jeung Sunda Palapa. Ngan wilayahna jadi heureut aya sajeroning Nusantara.
Mungguh anu disebut batur sauyun atawa saidiologi, dina wangsit Silihwangi mangrupakeun jajirah atawa benua, anu kiwari jadi sababaraha nagara. Kahiji jajirah India, Arabia jeung Afrika.
Batur sauyun ieu nu kudu dihijikeun deui pakeun mémérés dunya. Kumaha pikeun ngahontal hal ieu?
Ir. Soekarno jeung para pangadeg bangsa urang geus nyieun konsép anu kainpirasi ku ieu Wangsit nyaéta konsép nagara non blok jeung Asia-Afrika. Dipiharep urut batur salembur jeung urut batur sauyun ieu pengkuh kana jati diri sorangan ulah milu ka Blok Barat atawa Blok Timur zaman harita.
Ulah milu ka Nato jeung Seato, komo deui pipilueun ka Paktawarsawa. Urang kudu nyieun blok séjén anu bisa jadi wasit keur dua blok anu harita papada hayang ngawasa dunya. Nyatana non blok.
Puseuring kakuatan non blok nyatana poros Asia jeung Afrika. Naha teu Asia, Arabia, Afrika jeung India?
Prédiksi pangadeg nagara urang nu bakal gampang dinterfrensi jeung diawut-awut tatanan kelola nagarana ku kelompok nu hayang ngawasa dunya boh Primason atawa ngaran séjénna, nyatana Jajriah Afrika.
Ku hal ieu kudu aya beungkeutan heula Asia jeung Afrika. Arabia jeung India bakal jadi nagara anu rada kuat tina pangaruh kelompok nu hayang ngawasa dunya. Kitu prediksi-prediksi tina naskah kuno budaya Sunda anu ngainpirasi para pangadeg nagara urang.
Tah ieu mangrupakeun kawajiban para Santana, Pratisantasa jeung Anggasantana. Anu kiwari ngawujud Eksekutif, Legeslatif jeung Yudikatif.
Aturan jeung strategi digodog di Pratisantana (Legeslatif), dilaksanakeun ku Santana (Eksekutif) lamun aya pabéntar paham atawa kasalahan dina ngalarapkeun strategi jeung aturan diputus ku Anggasantana (Yudikatif).
Enggoning ngalaksanakeun tatakelola nagara atawa konstitusi urang teu kudu neuleu jeung maca budaya deungeun. Sabab tiap budaya miboga maksud jeung tujuan.
Lamun kagelo ku budaya deungeun urang moal surti yén éta budaya rék ngajajah urang sabab maranéhna hayang ngawasa dunya.
Konstitusi Pajajaran béda jeung konstitusi Yahudi. Liberalis, capitalis jeung komunis. Konstitusi Pajajaran miharép masing-masing bangsa di dunya ieu sajajar jeung babarengan pikeun ngolah kamaslahatan jeung kamanfaatan. Moal ngajajah jeung cadu dijajah ku bangsa deungeun.
Moal ngainterfrensi jeung cadu diinterfrensi ku bangsa deungeun. Gawé bareng jeung saling hargaan antara bangsa ngawangun hiji hubungan luar negri anu harmonis jeung mutualisma.
Kumaha sangkan Ratu ieu énak Alungguh? (Hanca)