Kumaha sangkan Ratu ieu énak Alungguh?
“Sang Ratu énak alungguh”. Ngan sakitu kecapna tina Amanat Galungung. Multitafsir kumaha carana sangkan Ratu énak alungguh.
Geus dibahas anu disebut ratu atawa karatuan lain hiji jelema atawa tokoh tapi sistem tatakelola nagara di bidang politik.
Santana, Pratisantana jeung Anggasantana. Atawa Eksekutif, legeslatif jeung Yudikatif.
Sasabna pamikiran urang Sunda kiwari nganggap Ratu adil saurang nepi ka nyoko kana hiji tokoh Silihwangi, ratu adil pinandita. Padahal Silihwangi dina naskah kuno dipaké kecap awal saméméh hiji pedaran. Lamun dinu Qur’an mah bismillahna.
Keun wé tong katutuluyan jadi ontrog omong, mangké lamun urang Sunda geus ngarti, surti kana budayana moal jadi masalah deui saha Silihwangi. Ayeuna mah maranéhna kapangaruhan kayakinan Prabu Silihwangi Raja Pajajaran nu ngaping-ngajaring incu putuna ti alam Ghaibna.
Heup. Wé tong jadi ontrog omong sabab taya guna jeung manfaatna dipedar saukur jadi papaséaan. Urang sapamadegan heula baé anu dimaksud Karaton atawa karatuan, sistem tatakelola nagara di bidang politik nyatana Santana, Anggasantana jeung Pratisantana.
Ieu kecap aya dina Kitab Sang Hyang Siksa Kanda Ng Karasian. Anu ku pangadeg nagara urang diwujudkeun jadi Eksekutif, Legeslatif jeung Yudikatif.
Sistem tatakelola atawa konstitusi Pajajaran mémang Ratu satungtung bener. Teu aya watesan sabaraha taun jadi Ratu, sabab Ratu lain pagawéan pisik tapi konsép jeung pamikiran.
Jadi teu aya udur ku umur, satungtung mampu tur bener bisa ngalaksanakeun Karatuan bari taya gangguan, jeung moal sieun dikudéta.
Nepi ka aya Ratu Sepuh atawa Resi, tetep masih kénéh gédé pangaruhna keur ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara.
Ratu teu aya pénsiun aya ogé istilah mangkat néangan marga lantaran. Lamun Ratu geus ngarasa teu betah hirup didunya.
Kumaha sangkan ratu énak alungguh. Konsép pamikiran jeung tarékahna kudu méntingkeun bangsa jeung nagara. Teu aya nu ngaranan tokoh karatuan boga pakaya anu ngaleuya atawa beunghar ku dunya barana.
Ngan konsép jeung pamikiranna dipiajrih sanagara. Nepi ka indit kamana waé Ratu diaku jeung dihargaan. Hal ieu nu jadi marga lantaran Ratu teu kudu boga harta.
Da bisa ngagunakeun harta saha waé keur perjuangan ngolah bangsa jeung nagara. Ratu teu pernah mikiran diri jeung kulawargana. Ngainfakeun diri jeung kulawargana pakeun kapentingan bangsa jeung nagarana. Ku hal ieu garwa Ratu oge disebut Prameswari, istri anu tigin janji pikeun ibadah ka Illahi teu galideur ku tri pangindra jala atawa heurap kahirupan.
Kumaha lamun Ratu ngalajur napsu?
Dina konstitusi Pajajaran Ratu bisa dieureunkeun, lamun mantangul biasana dibuang ka Rawayan jeung jelema nu jarahat ngarongrong konstitusi Pajajaran. Di Pajajaran teu aya konsép Penjara aya ogé konsép Rawayan.
Pembuangan di leuweung geledegan anu jauh kaditu kadieu. Urut Rawayan Pajajaran kiwari salah sahiji contona Baduy.
Saha anu ngabuang Ratu lamun Ratu ngalajur napsu?
Mangké kaguar dina Amanat Galungung aya kecap “Sang Disi Jaya Prang”. Sang disi anu nangtukeun Ratu kudu dibuang jeung saha gagantina.
Samalah lamun taya anak atawa turunan biologis Ratu nu pantes jadi Ratu teu dibikeun ka anakna tapi dipasrahkeun ka lalaki lagit lalanang jagat.
Turunan séjén anu sanggup ngaleungitkeun égo dirina jeung égo kulawargana, nangtung hurung ngan keur kamaslahatan jeung karaharjaan bangsa jeung nagara.
Jadi kasimpulanna sangkan Ratu énak alungguh kudu bener sapanjang umur, tur sanggup konsistén dina ngajalankeun tugas tur kawajiban mawa bangsa jeung nagara waluya katut digjaya. Tangtu ieu hasil panalungtikan jeung pangujian para Disi dina kelompok Sang Disi.
Pangadeg nagara urang Soekarno saparakanca ogé berjuang teu maké modal tapi urun rempug para Raja SaNusantara anu papada hayang merdéka. Naha nepi ka nyumbang kana perjuangan Soekarno para Raja Sa Nusantara.
Sabab siasat jeung strategina kaharti. Tur bukti perjuangan Soekarno waktu di Méja Bundar Den Hag. Manéhna sanggup mawa surat-surat agraria beunang Belanda tur dibagikeun ka Para Raja jeung karatuan sa Nusantara.
Teu dijabel atas nama NKRI. Tapi dibagikeun ka hakna masing-masing. Ku hal ieu perjuanganna diaku jeung didukung. Leupas tina hal miringna. Soekarno geus nurutan Konsép Konstitusi Pajajaran dina ngahijikeun bangsana.
Satuluyna pangadeg nagara urang ngawujudkeun Sang Ratu Enak Alungguh, ku sistem jeung strategi Pemilihan umum.
Konsépna geus bener tapi kiwari praktékna jadi kotor ku ambisi politik, jelema anu teu ngarti kana tata kelola nagara. Samaruk jadi pejabat ngeunah loba harta. Padahal konsép tatakelola nagara Pajajaran Pejabat beurat nandonkeun kahormatan bangsa jeung nagara.
Ku sistem pemilihan umum rahayat bisa ngaganti pejabat anu jahat ku pejabat anu amanah tur sanggup ngangkat darajat bangsa jeung nagara, dina waktu lima taun sakali.
Keur ngalaksanakeun pemilu boh pemilihan teu langsung (milih partey) boh pemilihan langsung milih Presidén, Kepala Daérah jeung Anggota DPR, DPRD I jeung DPRD II, perlu kacerdasan masyarakat.
Nu matak sistem pendidikan di urang mencerdaskan bangsa. Rahayat anu cerdas moal kabobodo tenjo kasamaran tinggal. Bisa neguh mana ketak pencitraan jeung mana karakter calon anu sabenerna.
Dina kaayaan daya prediksi jeung daya analisa masyarakat mintul. Sistem Pemilu bakal disangling ku jual beuli sora ahirna anu bakal jadi anu ngaluarkeun modal gedé. Tur geus jadina ogé pragmatis bakal poho kana tujuan perjuangan.
Sakuduna rahayat ngaévaluasi para pejabat jeung pamingpin salila lima taun nepi ka lima taun satuluyna pejabat anu cidra moal diparilih deui. Tapi nepi ka kiwari harepan konstitusi ieu can tinekanan.
Pemilu can LUBER jeung can JURDIL. Serangan fajar leuwih efektif tinimbang tapak lacak. Padahal kiwari jejak digital gampang ditéangan. Saha anu bener jeung saha anu teu bener calon pamingin tinggal nalungtik tapak digitalna waé.
Tapi kanyataan can sanggup pikeun milih pamigpin anu jujur jeung adil. Ieu hartina rahayat urang cang ngarti jeung surti, sabab disebut barodo kénéh mah kapan embung.
Pendidikan di urang gagal pikeun mencerdaskan kehidupan bangsa anu gembleng.
Perlu sistem dunya atikan anu nunjang pikeun ngabukakeun daya analisa jeung daya prédiksi generasi lamun bangsa jeung nagara hayang digjaya waluya sapanjang sajarah zamanna.
Sabab kiwari anu nangtukeun Karatuan rahayat ku sistem pemilihan umum. Moal tengtrem karatuan lamun sistem pemilu butuh waragad anu mahal.
Sabab pasti nu jaradi bakal malikeun heula modal kampanyeu tur poho kana perjuanganna.
Naha bisa dirobah sistem Pemilu di urang?
Lain bisa tapi kudu nepikeun ka ngahasilkeun Karatuan anu tengtrem “Marapan atis ingkang Desa sang Ratu enak Alungguh”. Ieu anu jadi tujuan cara keur ngahontal tujuan bisa dirobah jeung dibebenah. (Hanca)