Wangsit Silihwangi maréntahkeun ka urang Sunda pikeun ngadegkeun Pajajaran Anyar anu dihaeuban ku zaman. Dina gempungan Sunda ogé sering dibahas ngeunaan ngadegna Pajajaran Anyar anu diamparan zaman.
Tapi can kawénéhan aya nu médar jiga kumaha Konstitusi Pajajaran. Jeung Naon bedana lamun dibandingkeun jeung konstitusi nagara urang kiwari atawa nagara séjén. Anu dimaksud konstitusi didieu nyaéta tatakelola nagara. Kumaha atuh tatakelola nagara Pajajaran?
Samalah aya nu curiga ngadegkeun nagara Pajajaran Anyar saperti GAM atawa gerakan Irian Merdéka. Urang makar jeung misahkeun diri tina kakawasaan NKRI.
Ngadegkeun Nagara Pajajaran anu merdéka bébas tina aturan nagara anu kiwari keur lumaku. Asa piraku Silihwangi rék maséakeun anak incuna nepi ka kudu makar jeung ngadegkeun nagara sajeroning nagara.
Pajajaran ulah ditafsirkeun nagara. Tapi kudu dihartikeun sistem tatakelola nagara. Nepi ka Pajajaran Anyar bisa dipaké jeung dilarapkeun di sakabéh nagara di dunya ieu. Anu kabita ku tatakelola Pajajaran.
Urang ulah nyimpi ngadegkeun nagara di jero nagara. Tapi kudu ngasupkeun adeg-adeg tatakelola nagara (Sistem) Pajajaran urang dina konstitusi nagara urang.
Tangtu ieu bagéan Sang Disi. Nu Kasabit dina Amanat Galunggung “Sang Disi Jaya Prang”. Hartina urang Sunda kudu ngayakinkeun ka bangsa Indonésia yén konstitusi Pajajaran bakal mawa waluya ka bangsa jeung nagara urang.
Nepi ka aturan jeung perundangan di urang ngadopsi sistem tatakelola atawa konstitusi Pajajaran. “Lain Pajajaran ayeuna tapi Pajajaran anu di amparan zaman”.
Hartina teu kudu disebutkeun istilahna dina basa Pajajaran baheula, tapi cukup ésénsina tur diganti ku istilah nu ayeuna. Hal ieu pikeun ngutamakeun kamanan sangkan teu aya anu sisirikan lamun konstitusi Pajajaran dipaké kiwari.
Keur anu teu ngarti kapan jadi masalah atawa sisirikan lamun nu dipaké sistem konstitusi Pajajaran. Padahal maranéhna ogé baheula maké sistem jeung tatakelola Pajajaran.
Ku hal ieu Konstitusi nagara Pajajaran bakal ngahaeuban zaman. Tur mawa waluya jeung digjaya ka bangsa mana waé anu maké konsép jeung sistem tatakelola atawa konstitusi Pajajaran.
Dina Amanat Galungung Kasabit tatakelola nagara Pajajaran “….Marapan atis ingkang Désa, Sang Ratu énak alungguh, Sang Rama énak emangan, Sang Disi jayaprang…”
Tatakelola Nagara Pajajaran dina Amanat Gaunggung aya tilu hal. Sang Ratu, Sang Rama jeung Sang Disi. Urang wincik hiji-hiji pamuga kaharti tina ieu amanat anu aya tumalina jeung konstitusi Pajajaran baheula. Tur ésénsina bisa dilarapkeun dina zaman kiwari ku istilah kiwari nepi ka ngawujud Konsép Pajajaran anyar anu diamparan ku zaman.
Pangadeg nagara urang geus ngalarapkeun sitem Pajajaran Anyar. Nepi ka Nagara Demokrasi ogé ngarasa kagét ngabandungan sistem Demokrasi di urang. Harita kacelukna Démokrasi Pancasila, lain démokrasi liberal atawa capitalisme cara Amerika.
Jadi sistem Démokrasi mana atuh nu diturutan ku Indonesia lamun lain sistem Demokrasi Amerika? Demokrasi Pajajaran Anyar. Hayu urang guar kumaha konstitusi nagara Pajajaran anu kasabit tina naskah kuno. (Hanca)