Sabada niténan hiji kajadian di situs sejarah Sunda Karang Kamulyan, Tatar Galuh, nyaéta hiji kalakuan anu teu pinuji. Nyaéta:
Polah tingkah tanpa tatakrama di situs Lingga ku hiji jalma nu ngaranna Retty Isnendes, dosen UPI, Ketua Patrem, Sekretaris Dewan Kesenian Kota Bandung, Penasihat LSM House of Varman anu dibarengan ku jalma séjén nu ngaranna Gelar Taufik Kusumawardana Ketua Tim Perjalanan House of Varman ka Karangkamulyan.
Kajadian dina ping 5 Oktober 2020.
Anu sagemblengna ieu kajadian geus diwartakeun di sawatara media.
Ku kituna Kuring Ki Dharmasetiawan Natapradja salaku Pupuhu Yayasan Kabudayaan Sawala Kandaga Kalang Sunda (SKKS) nandeskeun yén:
Kalakuan éta dua jalma kasebut di luhur geus ngarempak tatakrama kasopan-santunan atawa tata cara dina ngahargaan hiji situs karamat wangsa Sunda.
Jalaran éta SKKS ngarasa kuciwa ka éta dua jalma sarta ngarojong sing saha baé anu geus ngalaporkeun ka péhak kapolisian. Sarta miharep ieu kajadian kudu dicindekkeun di balé watangan.
Sakitu panandes ti Yayasan SKKS.
Padukuhan Pakujajar 28 Oktober 2020.
Yayasan Sawala Kandaga Kalang Sunda
Dr. Darmasetiawan Natapradja
Pupuhu.