Sabtu, Oktober 31, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Artikel

Ngeunaan “Indung jeung Anak”-na Sayudi (*Pun Acép**)

Admin 001 by Admin 001
5 Desember 2019
in Artikel, Warta Sunda
0
Ngeunaan “Indung jeung Anak”-na Sayudi   (*Pun Acép**)
Share on FacebookShare on Twitter

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Basa nyantri kénéh di Jatinangor, kuring kungsi nyieun éséy nu dijudulan Beberapa Kata Rancu dalam Terjemahan Puisi “Indung jeung Anak” Karya Sayudi. Éta éséy téh teu kungsi diwawarkeun ka (atawa dina) média mana baé ogé. Nyakitu téa: eukeur mah, harita, nulis téh ukur nulis wé, saukur nyugemakeun haté sorangan, teu kapikiran maké jeung kirim kaditu-kirim ka dieu. Eukeur mah deuih, can ngarti jeung can kaharti, kumaha ari ngirimkeun tulisan ka média masa téh. Tapi da teu kitu kétah, da ari tulisan éta, nu dimaksud ku kuring tadi téa, kungsi dibaca ku sababaraha sobat nu wawuh jeung salasaurang dosen nu ngageugeuh Fakultas Sastra. Geura urang cutat—leuwih tegepna mah: tarjamah meureun, nya?—sakabéh eusi éséy nu kurang-leuwih ditulis leuwih ti tilu taun katukangna téh—sok sanajan aya sabaraha tambahan jeung révisi dina eusina, kurang-leuwih kieu unina:

Bubuka

Narjamah hiji karya, boh prosa boh puisi, ngandung harti ngarépréséntasikeun deui naon-naon anu ku nu nulis (penyair) hayang ditepikeun ka nu macana. Ku kituna, mun anu narjamahkeun (penerjemah) sangeunahna—jeung asal jadi, pangpangna mah—mindahbasakeun hiji karya tina hiji basa ka basa nu lianna, bakal goréng akibatna, boh kanu karya nu ditarjamahna (bahasa sumber), boh kanu karya hasil tarjamahna (bahasa tujuan). Hartina, mun seug nu narjamah (nu mindahbasakeun) karya teu enyaan paham katut weruh kana harti jeung makna unggal kecap anu di paké ku nu nulis (penyair) dina karyana, antukna bakal ngakibatkeun: éta karya tarjamahan téh teu sapamagodos jeung karya aslina—nyaeta nu ditarjamah, bahasa sumber téa. Ku lantaran kitu: hiji karya nu ditarjamah kana basa lian bisa waé teu boga ajén inéjen nu kacida luhungna sakumaha karya dina bahasa aslina. Éta karya téh leungiteun nu katelahna sense téa ningan. Sababaraha—beberapa, dina éséy aslina mah—kecap nu dipimaksud ku kuring rancu téh bisa jadi kulantaran nu narjamahna kurang ngarti—teu ngarti?—atawa kurang paham kana harti jeung maknana. Ku kituna, ayeuna, urang cobaan nganalisa sababaraha kecap anu, ceuk kuring, rancu téa.

                            Indung jeung Anak, Jadi Mother and Child?

Dina narjamah judulna gé pan geus katohyan aya sense nu leungit—aya gereget nu teu karasa ngégél, teu matak ngeh, jst. Kecap “Anak” dina éta judul téh pantaranana (padanan) mah pan leuwih deukeut kana “Son”, batan kana “Child” mah: lantaran, “aweuhan” nu dipaké pikeun nunjukkeun kecap “Anak” téh nyaeta “Ujang”, lain “Budak”, komo “Nyai” mah. Malah mah deuih, kapan béda antara budak jeung anak mah. Mun rék gé dipapadankeun atuh: “child” mah keur “budak”, sedeng “anak” mah make “son” (lalaki) jeung “daughter” (awewe). Deuih, kapan kecap child mah can nangtukeun, naha nu dimaksud téh awéwé atawa lalakina: kapan geus puguh di dinya mah—dinu éta puisi—nu dipimaksud téh nyaéta “Ujang”, pasti lalaki, anu cenah mah asal kecapna téh Kujang. Éta nu katilu, aéh, kahiji. Moal enya, ujug-ujug katilu—kakara judulna, deuih.

Asup kana puisina, nya éta eusi sajakna, beuki loba deui waé geuning, nu laleungitan téh. Urang tengetan geura: Dina baris kadua bait ka hiji aya kalimah—klausa meureun nya, ceuk basa nasional mah, tina basa deungeun clause—jeung di mana tungtung langit, anu dibasa-inggriskeun jadi: and how far does it go. Ceuk pamanggih kuring mah patojaiyah pisan. Pék wé geura tengetan: kapan kecap di mana téh ngandung harti nunjukkeun tempat, rohang, anu di tempat éta téh aya kajadian atawa aya nu dijadikeun, rék naon baé éta mah. Ku kituna, ngandung harti, ogé, kecap—atawa frasa meureun nya, da dua kecap—di mana ukur bisa dipantarkeun (sepadan) reujeung kecap where, anu dipitanda ku there (jauh; di ditu) atawa here (deukeut; di dieu), moal bisa dipantarken jeung frasa how far, sabab how far mah nyaéta keur kecap nu pitandana téh hiji hal atawa hiji barang nu tadina deukeut (ti dieu) tuluy ngajauhan (ka ditu), rék ka luhur, ka handap, ka tukang, jst., sedengkeun di mana di dinya mah teu nyualkeun ngajauhan atawa jadi jauh, tapi nyual patempatan hiji hal atawa hiji barang, anu aya di hiji tempat atawa rohang. Kapan kecap di mana mah di mana-mana ogé tinangtu nyualkeun patempatan, lain jarak, lain ka mana; lain space, tapi room. Tah, lantaran kitu ogé, kecap go di dinya téh geuningan enyaan, teu paruguh. Ari dina urusan grémerna mah bener—how far mah dipitandana téh ku go. Ngan, lebah dipantarkeun, geuning teu cocog, da lain éta, geura buka kamus. Arah leuwih écés mah, urang pecak basa-nasionalkeun geura:

jeung di mana tungtung langit, jadi dan di mana batas (akhir) langit

and how far does it go, jadi dan seberapa jauh (langit) beranjak

Kapan deuih, dina tarjamah basa nasionalna mah—nu kenging kang Ayip—unina kieu:

jeung di mana tungtung langit, janten dan di mana ujungnya. Nya?

Tuluy dina baris katiluna, na bait éta kénéh, aya klausa (kalimah?): with all those stuck on it, nyaéta tarjamah tina katut béntang nu baranang. Urang ilikan kecap nu digarishandapan: Kecap stuck téh bentukan heubeul (lampau) tina kecap stick. Dina kamus, rék kamus saku—nyaéta kamus nu bisa disakuan—rék kamus badag—kamus nu teu bisa disakuan, kajaba ku saku buta—kecap stick biasa disepadankan—dina basa nasional—jeung kecap: menancap; melekat; menempel. Ceuk babasan urang mah: nanceb; napel; eunteup jsb. nu ngandung harti sarua. Geuning? Enya, kitu geuning. Jajauheun—ceuk basa lembur kuring mah—nelahna téh. Kuring kirang paos, ari kecap baranang pantaran (padanan) dina basa Inggrisna téh naon, da kaleresan teu acan gaduh kamus Sunda-Inggris. Ngan, kapan bénten ari baranang eujeung eunteup mah, komo deuih ari jeung nanceb mah: kawas jarum waé atuh béntang téh geuning nya? Atawa nyéré meureun? Sedeng bumi téh cilok—pedah éta, buleud meureun.

Nya geus moal jauh deui, kitu jeung kitu wé satuluyna gé—baris kadua, katilu jeung saterusna—da sidik heueuh, leungiteun éta téa, sense, ku lantaran: béda atuh da lelembutan nu nyieun karyana ku anjeun, jeung lelembutan nu narjamahkeunana. Jeung deuih, ceuk kuring, pangpangna mah: beda présépsi jeung cara pandang ngeunaan langit antara nu nulis sajak jeung nu narjamahna. Heug atuh.

Panutup

Atuh teu nyalahan mun aya nu nyebutkeun yén: narjamah hiji karya téh sarua jeung narjamahkeun lelembutan katut pamikiran, ogé pipikiran deuih meureun nya, nu nulis karyana ku anjeun. Ku kituna, bener ogé deuih, yen: mun seug urang boga paniatan pikeun narjamah hiji karya, urang kudu enyaan ngarti tur surti kana sagala hal nu aya kakaitanana reujeung karya katut nu nyieun karyana ku anjeun. Atuh paingan nu aranna narjamahkeun téh hésé-hésé teuing geuning, nya? Komo ieuh bari dicampuran jeung dieunteupan ku horéam mah: puguhning meuweuh-ceuyah nu matak horéam téh.

Tah sakitu, kirang-langkung. Tos wé, moal dileuwihan moal dikurangan. Cag!

*) Salahsahiji karya Sayudi nu ditarjamah ku Wendy Mukherjee dina buku “Modern Sundanese Poetry, Voice from West Java” (Pustaka Jaya, 2001)

**) Sandiasma Acép Utsman Arifin

SendShare202Tweet126
Previous Post

PWI Kota Bandung Didongdon PWI Aceh Jaya

Next Post

Milangakala Ka-1 Srikandi Pasundan Ngahiji Gelar Ruwat Jagat

RelatedPosts

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang
Regional

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026
PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum
Regional

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026
BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya
Regional

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026
Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI
Regional

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026
Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial
Ragam

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026
Ketua PWI Jawa Barat Tantan Sulthon saat Konferensi PWI Cirebon
Regional

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026
BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar
Ekonomi

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026
Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota
Ragam

Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota

6 Oktober 2026
BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen
Ekonomi

BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen

6 Oktober 2026
Next Post
Milangakala Ka-1 Srikandi Pasundan Ngahiji Gelar Ruwat Jagat

Milangakala Ka-1 Srikandi Pasundan Ngahiji Gelar Ruwat Jagat

Milangkala Srikandi Pasundan Ngahiji Gelar “Pesta Adat Besar” Di Lucky Square Bandung

Milangkala Srikandi Pasundan Ngahiji Gelar “Pesta Adat Besar” Di Lucky Square Bandung

Dit Binmas Polda Jabar Launching Pelepasan & Penempatan Hafidz/Hafidzah

Dit Binmas Polda Jabar Launching Pelepasan & Penempatan Hafidz/Hafidzah

Leave Comment

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026
Prev Next
e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang
Regional

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

by Admin 001
30 Oktober 2026
0

Bandung, Giwangkara.com - Kabupaten Sumedang menjadi salah satu daerah yang mendorong transformasi digital pemerintahan hingga tingkat desa. Salah satu langkahnya...

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026
Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026
BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami