Bandung, Bewarajabar.com – Naha ti lurah kahandap teu digajih ku Pamaréntah? Konsép pamaréntah zaman Soekarno mutuskeun teu ngagajih Lurah, RW jeung RT. Naon sababna?
Hal ieu kabaca tina kumpulan Pidato Soekarno. Hanjakal bukuna anu sakandel Qur’an dilarang dibaca ku masyarakat dina zaman Orde Baru.
Samalah Pensiunan Abri oge Kolonel Samsyudin Suwargi, anu harita boga buku teu meunang motocopy samalah dicatét ogé teu meunang ukur diizinan maca didinya.
Cenah sanajan ukur dicatet tuluy nyebar bakal malindes ka manéhna sabab ieu buku harita diharamkeun pisan ku Orde Baru.
Hal ieu nyongcolang puluhan taun dina pikiran, bari hésé jeung saha kudu dibahas. Alesan Soekarno Lurah Kahandap teu digajih. Lurah pamaréntah anu pangdeukeutna jeung rahayat.
Kudu boga dana anu gedé keur ngaraharjakeun jeung ngawangun wewengkona. Lamun digajih teu mungkin gajih Lurah kahandap saluhureun gajih Bupati kaluhur.
Ku hal ieu Pamaréntah Orde Lama bakal ngajadikeun lurah kahandap jadi distributor BUMN. Harita BUMN kakara Pertamina jeung Pabrik tinun (Patal). Samalah keur ngadagoan hasil tektil BUMN rahayat nepi ka ngalaman di samping kadut jeung karét.
Kusabab tangtu loba pisan nu can maca buku kumpulan Pidato Soekarno. Samalah waktu diparipih buku anu pernah dibaca saur putrana tos diduruk saméméh ramana nilar.
Seug ieu hal dianggap bohong urang analisa kumaha akibatna ka bangsa urang jeung akibatna ka bangsa asing tina konsép Ekonomi dina pikiran Sekarno harita. Jeung lamun pamaréntah Puseur teu ngurus rahayat naon pagawéan pamaréntahan puseur?
Keur budayawan atawa sastrawan maca pamikiran Soekarno dina hal ieu, pikirna bakal melesat kana konsép Pamaréntahan Pajajaran baheula. Ku hal ieu nyongcolang dina pikir nu nulis sabab inget kana konsep tatakelola Nagara Pajajaran baheula.
Urusan dalam negri dina Konsep Pajajaran diurus ku Candan, Muning jeung Buyut. Keur muka hubungan jeung luar negri tur milih gawe bareng sangkan nguntungkeun ka bangsana nyatana Pratisantana, anggasantana jeung Santana.
Buyut mibanda waragad anu gedé sabab boga kawasa ngolah pakaya alam di wewengkona. Tur boga kawajiban ngabayuan Pratisantasa, Anggasanta jeung Santana pikeun ngalaksanakeun rancang gawéna.
Nya Buyut anu dibeberik ku bangsa asing sangkan tunggul teu sirungan catang teu supaan. Bangsa asing gawé bareng jeung Pratisantana, Anggasantana jeung Santana pikeun ngancurkeun Buyut, Muning jeung Candan.
Nu ahirna bisa ngawasa pakaya urang anu kacida lubak libukna. Konsép Soekarno kainpirasi ku ieu. Manehna netepkeun Buyut, Muning jeung Candaan ti lurah kahandap.
Sangkan pamaréntah puseur jongjon teu mikiran rahayat leutik. Sabab Pamarentah puseur boga rencana ngalaksanakeun Wagsit Silihwangi “…Geura heuyeuk dulur urut salembur jeung dulur urut sauyun….” Keur ngaheuyeukna geus dirarancang dina Konferensi Asia – Afrika kalawan konsep nagara NON BLOK.
Teu aya kasempetan keur bangsa asing pikeun ngolah pakaya alam di urang sabab kudu ku BUMN. Tur teu aya kasempetan keur bangsa asing pikeun jadi distributor. Sabab distributor kudu Lurah.
Lamun ti hiji BUMN wae Lurah jadi distributor Gas jeung BBM, Tur RT jeung RW ngawasa agenna. POM dikawasa ku RW jeung RT. Geus kabayang dana anu ngumpul di tiap RT jeung RW bakal sanggup pikeun ngawangun jeung ngaraharjakeun masyarakatna.
Kumaha lamun Korupsi?
Tingkat RT, RW jeung Lurah mah lamun Korupsi bakal gancang katangen ku masyarakat. Moal lila tur bakal diganti kunu jujur. Sabab kaponcongok ruang gerakna ku masyarakat.
Nepi ka masyarakat bisa Gancang ngaganti lamun niten galagat kateujujuranna. Kapan lurah, RW jeung RT kapager ku tokoh masyarakat. Boh tokoh Agama, Budaya atawa Politik.
Lamun Korupsi jeung sajabana bakal gampang diurus jeung ditindakna. Atuh Pamaréntahan Puseur jongjon pikeun ngurus konsép non Blok jeung Asia Afrika anu leuwih rumit sabab nyanghareupan bangsa deungeun.
Tangtu konsép Soekarno anu keukeuh hayang mandiri tur ngahijikeun Asia jeung Afrika sangkan nyieun kakuatan dunya katilu. Kacida ngarugikeunna keur bangsa deungeun anu boga karep ngawasa dunia.
Ku hal ieu konsep Soekarno anu diwujudkeun dina kumpulan Pidatona ngabahayakeun pisan nepi ka teu meunang kabaca ku generasi bangsa. Pidato Soekarno ditulis sanggeus diucapkeun.
Teu aya Pidato anu dikonsep heula. Estu ngagolontor tina pikiranna. Tangtu loba kacaletot anu bakal nyingeung ka bangsa Asing nu hayang kabagéan jatah merdéka di urang.
Orde baru boga konsép anu béda ngamanfaatkeun kapinteran bangsa deungeun sangkan urang diajar ku konsép “Padat Karya”. Pakaya dibuka ku bangsa deungeun make kontrak padat karya.
Tur pikirna bakal mandiri tutas bangsa urang diajar ngolah pakayana. Teu kudu prihatin jeung sangsara heula. Samemeh bangsa urang boga kasanggupan kajeun ngondang investor tur urang diajar ka investor.
Tapi bangsa deungeun ogé teu bodo manéhna ngawasa ékonomi, nepi ka harepan mandiri beuki anggang. Diahir kakawasaan Soeharto ogé sadar tur nyieun konsép anu disebut “Komlomerat”.
Bangsa deungeun meunang ngawasa ekonomi tapi ulah acrub kana dunya politik. Ngarasa diwatesan ku Komlomerat, ngayakeun gerakan Réformasi. Anu tujuan utamana ngarobah Konstitusi jeung UUD 45 jeung miceunan ayat anu bakal ngahalangan karepna pikeun ngawasa bangsa urang.
Saperti kecap “Pribumi” jeung Kecap “Ekonomi berdasarkan azas kekeluargaan.” Jeung sajabana.
Ngabandungan para senior dina ketak ngolah bangsa jeung nagara, kuduna urang sadar teu hadé nutup pamikiran batur anu bakal ngamajukeun bangsa jeung nagarana.
Nepi pamikiran batur jeung urang aya nu nguji bakal nguntungkeun jeung manfaat mana keur bangsa jeung nagara. Kasalahan silih tutupan potensi, kamampuan, pamikiran jeung intelektual ieu sabenerna nu ngalantarankeun bendéng céléng di urang. Bari teu sadar sabenerna sanghareupaneun bangsa urang lain bangsa sorangan tapi bangsa deungeun anu hayang ngaranggeum.
Kuhal ieu hayu urang ngahijikeun tekad babarengan sangkan urang bisa ngolah pakaya ku tangtung urang sorangan. Ulah nepi kaurang papaséaan jeung bangsa sorangan.
Anggur urang gotong royong sauyunan pikeun ngolah bangsa jeung nagara. Inget bangsa urang bisa merdéka ku kearifan lokal, lain ku idiologi jeung pamikiran bangsa deungeun.
Kapan urang ogé apal yen Budaya ciri hiji bangsa. Rungkad budayana bakal rungkad ogé bangsana. Kearifan Lokal urang geus cukup jadi référénsi timimiti konsép pribadi, konsép nagara, nepi ka konsép ngolah sapertilu dunya. Cag.