bewarajabar.com – Ladang tani tinggal daki da hasilna teu nyukupan keur kahirupan! Matak ngangres puguh ogé! Ngabandungan jalma-jalma cowong patinggorowok: “Piara leuweung…, raksa tatangkalan…., riksa pepelakan!”
Harita kungsi aya hiji gerakan dina mulasara leuweung nu katelah Gerakan Gandrung Tatangkalan atawa Rakgantang. Harita jalma-jalma obyag marelak tatangkalan di leuweung da dikokojoan ku gupernur. Rahayat ti suklakna-ti siklukna ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang, ngajugjug gunung gundul – ngadeugdeug leuweung cakueum, babarengan sauyunan-samiuk sabilulungan, melak jeung mulasara tatangkalan.
Mangsa harita, ajén leuweung kacida luhurna. Jalma-jalma ngarti tur surti, yén leuweung jeung tatangkalanana gedé pisan mangpaatna keur kahirupan. Tatangkalan bisa nahan urug mangsa usum hujan jeung bisa nyimpen cai dina usum halodo. Harita, langka aya béja nu kacaahan; langka aya béja nu kasaatan. Jalma jeung tatangkalan lir gula jeung peueutna; lir sagara jeung lambakna.
Silihpikabutuh; silihpikahéman dina kahirupan! Nu matak teu anéh, nalika aya béja gunung gundul; pasir bulistir, Gupernur ku anjeun ngokojoan pikeun ngayakeun Gerakan Gandrung Tatangkalan. Ngan hanjakal pikeun sim kuring mah, éta kajadian téh ayeuna mah saukur lamunan, saukur sawangan.
Iraha atuh generasi saentragan simkuring ngalaman kajadian samodél kitu? Da geuning buktosna ukur diwaris ku gunung gundul; pasir bulistir. Gunung-gunung anu alum semu ngungun; leuweung-liwung ilang dangiang; tatangkalan raca taya cahara; sirna dina sagara katugenah-katunggara; balukar jalma sarakah taya kanyaah!
Béja dina koran jeung televisi nu ngawartakeun kacaahan jeung kasaatan, sasat geus jadi pintonan maneuh. Leuweung nu dibukbak, tatangkalan nu diruksak dianggap hiji hal nu biasa. Leuweung tutupan nu baheula cenah sanget, pinuh dedemit jeung duruwiksa, teu manggapulia, béak dirarad; digunasika! Niténan kaayaan ayeuna, geus waktuna urang nguniang hudang! Sora-sora alam geus nyata, meredih pangmulasara! Kajadian demi kajadian alam nu tumiba ka urang, saperti caah, urug, lini, jeung sajabana, lain ukur diceungceurikan! Lain ukur dipaké alesan pikeun silihsalahkeun! (Rizal)
Discussion about this post