Bandung, bewarajabar.com — Sabada resmi jadi Konstituen Dewan Pers, pangurus pusat Serikat Media Siber Indonesia (SMSI) ngabentuk News Room nu eusina sakumna anggota SMSI. Newsroom ieu teh dingaranan Siberindo.co, Indonesia Today jeung Cyber Indonesia Network.
Di wilayah Provinsi Jawa Barat, ngabentuk Newsroom teh disosialisasikeun ku pangurus SMSI Jawa Barat turta ngondang sajumlah wakil SMSI nu ngawakilan Kabupaten jeung Kota di sekretariat SMSI Jawa Barat, jalan Jendral Ahmad Yani No.262, Kacapiring, Batununggal, Kota Bandung, Senen (13/07/2020).
Hadir dina sosialisasi Newsroom, Ketua SMSI Jawa Barat, Hardiyansyah, sekertaris Ahmad Syukri, bendahara Kustandi, widang organisasi Tatan katut sajumlah pangurus SMSI Jawa Barat lianna.
Wawakil ti SMSI Bekasi Raya diluuhan langsung ku ketua SMSI Doni Ardon dibarengan ku pangurus sejenna, nyaeta Taufik Suprapto, Ida Mulyani jeung Denis Sanigia.
Anapon wawakil lianna, nyaeta
Enhartono ti Karawang, Rahmat ti Bandung Barat jeung nu ngawakilan Kota Bandung, Cirebon jeung Bogor.
Ketua SMSI Jawa Barat, Hardiyansyah ngebrehkeun, Newsroom nu diadegkeun ieu, diharepkeun jadi sentral produk berita online, boh naskah atawa video ti anggota unggal wewengkon di Indonesia.
Dina rohangan berita eta, para editor bakal digawe babarengan ngolah rebuan produk berita nu ditarima ti sakumna media online di Indonesia nu jadi anggota SMSI.
Kuayana kitu ajen produk berita nu hade ti unggal wewengkon, bisa dimangpaatkeun oge ku anggota SMSI pikeun dipublikasikeun ka masarakat.
Salian ti nataharkeun Newsroom, SMSI oge geus nyadiakeun sababaraha kanal siber berita nu rek ditayangkeun.
“ Pikeun Jawa Barat disadiakeun kanal husus, malah geus nyadiakeun sajumlah editor pikeun nampung berita ti rekan rekan anggota SMSI nu aya di wilayah Jawa Barat,” ceuk Sekretaris SMSI Jawa Barat, Ahmad Syukri ngembohan.
Newsroom, ceuk lalaki nu dipiwanoh Ari teh ngajentrekeun, nya eta nu sarerea, dina harti sahamna oge dipibanda ku anggota nu ngagabung di SMSI.
Kuayana Newsroom diharepkeun bisa nga-efektifkeun sumber daya manusia (SDM) nu aya. Mana komo pikeun nu ngabogaan media siber, pasti bakal ngarasa kabantu dina ngaronjatkeun kualitas konten saluyu jeung segmentasi media siber di daerah.
Sarengsena rapat sosialisasi, ketua SMSI Bekasi Raya Doni Ardon ngabageakeun kalawan daria ku ngawujudna Newsroom kalayan alpukah Ketua Umum SMSI, Firdaus.
Ketua SMSI Bekasi Raya Doni Ardon katut pengurus sarta Dirut PT Marwah Karya Mandiri, sarengsena ngaluuhan sosialisasi Newsroom di Bandung netelakeun ;
“ Kuring ngajen mun seug Newsroom nu ayeuna leuwih spesifik batan newsroom nu geus aya, kungsi diayakeun samemehna,,” ceuk Doni Ardon.
“Salian ti eusina ngan anggota SMSI, Newsroom nu ayeuna mah mere lokongkrang kawenangan pikeun anggota pikeun langsung nga-publikasikeun hasil liputanana. Sedengkeun tugas redaktur ngan ukur nitenan jeung mere masukan, kaasup fokus mikirkeun konsep media nu aya patalina jeung animo masarakat kana informasi,” carek Doni Ardon.
Upamana mibanda anggota 600 pausahaan, unggal pausahaan ngirim 3 berita tiap poena.
“ Pasti bakal aya 1.200 berita unggal poena, eta berita bisa dibagikeun ka satiap anggota SMSI”.
“ Muga-muga urang (SMSI-red) bisa mere edukasi ka media-media di Indonesia, hususna di Kabupaten jeung Kota Bekasi ngaliwatan SMSI Perwakilan Bekasi Raya,” omomg Doni Ardon pinuh harepan.**