Bandung, bewarajabar.com — Alhamdulillah, Kota Bandung juara umum Musabaqoh Tilawatil Quran (MTQ) ka 36 tingkat Jawa Barat taun 2020 nu lumangsung di Kabupaten Subang. Eta ngarupakeun gelar juara umum MTQ ka dalapan kali noron dihontal Kota Bandung.
Dumasar surat kaputusan Dewan Hakim Nomor: 03/ DH-MTQ-XXXVI/2020 tanggal 10 September 2020, Kota Bandung meunang nilai total 78 tina sakabeh lomba nu diiluanna. Rengking kadua dicangking ku Kabupaten Bandung meunang nilai 70.
Piala Juara Umum diserenkeun Wakil Gubernur Jawa Barat, Uu Ruzhanul Ulum ka Walikota Bandung, Oded M. Danial dina penutupan penyelengaraan MTQ ka 36 Tingkat Provinsi Jawa Barat Taun 2020 di Kantor Setda Kabupaten Subang, Kemis (19 September 2020).
Dina MTQ taun ieu, Kota Bandung hasil ngahontal 11 medali emas, 6 medali perak, jeung 5 medali perunggu. Ku eta hal, Oded ngarasa reueus. Najan kitu, diharepkeun lain saukur mawa piala bergilir MTQ, tapi eta prestasi kudu jadi spirit pikeun warga Kota Bandung dina ngaronjatkeun kacintaan kana Alquran.
“Mun leuwih mikacinta Alquran tur ajen inajen ilahiyah tangtuna bakal ngaronjatkeun kaimanan tur katakwaan warga Kota Bandung. Mun seug kaimanan tur kataqwaaan ngaronjat, insyaallah Kota Bandung bakal berekah,” tandes Oded.
Oded miharep dina taun nu bakal datang bisa mertahankeun eta prestasi, sok sanajan mertahankeun prestasi leuwih beurat batan sawaktu ngahontalna. Ku kituna, LPTQ (Lembaga Pengembangan Tilawatil Quran) kud leuwih solid sarta terus ngomean konsep pembinaanna. “Mun seug bisa dilaksanakeun, muga muga Kota Bandung bisa terus berprestasi,” pokna.
Anapon nu meunang medali emas pikeun Kota Bandung diantarana, 1. Fahmil Quran Putra = Group Kota Bandung. 2. Fahmil Quran Putri = Group Kota Bandung. 3. Kaligrafi Naskah Putra = Khholid. 4. Kaligrafi Naskah Putri = Warti Ningsih. 5. Qiraah Alquran Mujawwad Putra = Ali Imron. 6. MSQ putri = Kota Bandung. 7. Qiraat murottal Dewasa putra = Ari Mutawalie. 8.Tafsir Bahasa Arab Bahasa Arab Putra = Muhammad Rabbani. 9. Taf. Bhs. Indonesia putra = H Jajang Hasanudin. 10. Tafsir Bahasa Inggris Putra = Hasi, Asari. 11. MHQ 30 juz Putra = Mohammad Rifad Al Banna.