Bandung, bewarajabar.com — Dinas Pendidikan Kota Bandung ngupayakeun pisan pikeun ngaronjatkeun generasi ngora ngaliwatan dunya atikan. Dina taun anggaran 2020 aya dua puluh genep Sakola Negri jeung Swasta meunang bantuan DAK ti pamarentah. Mangrupa rehab, RKB jeung Alat kesenian daerah. Pamarentah kacida merhatikeunna kana urusan fasilitas boh ka Sakola Pamarentah atawa ka Sakola negri. Buktina jumlah Sakola anu dibantu ku di Kota Bandung Saimbang antara negri jeung Swasta.
Opat belas SMP Negri jeung 12 SMP Swasta ieu bukti teu diwilah-wilah antara ngeri jeung swasta babarengan dipajuekuen ku Pamarentah. Tanggal 22 Oktober 2020 Poe Kemis. Pupuhu Sakola, Panitia Pangwangunan jeung Pupuhu Yayasan dikempelkeun kanggo nawis pamasrahan ieu bantuan. Jeung sakalian pituduh laporanna. Dikumpulkeun di hotel Cipaku ngarah rineh jeung salse.
Kiwari dinas ditungtut kedah ngalaporkaeun kagiatan bantuan ka opat aplikasi online. Jadi laporan bisa gancang nepi ka Pusat. Ku hal ieu dinas mèrè motovasi supaya enggoning laporan sing tartib. Ulah poho bantuan dimanfaatkeun kalawan maksimal. Utamana nu dibèrè bantuan alat kesenian tradisional. Ulah nepi ka teu aya guru kesenian tapi narima bantuan.
Pupuhu dines atikan kota Bandung oge mèrè motivasi supaya masyarakat jeung pamarentah rempug jukung ngaronjatkeun dunya atikan di kota Bandung. Dunya atikan memang paser keur kamajuan hiji bangsa kahareupna. “Sanajan di tengah pandemi corona piraku cicing teu upaya pikeun ngalaksanakeun program” Kitu kasauran Pupuhu dines atikan Kota Bandung sanajan tangtu kudu tuhu kana protokol kasèhatan.
Nitèn pamarèntah geus teu ngabèdabèda antara negri jeung swasta. Geus sakuduna rahayat ogè kiwari mimiti kudu ngawangun kapercayaan ka sakola anu deukeut. Ulah hayang padedet waè asup ka sakola negri. Teu cukup pihak sakola jeung pihak pamarèntah wungkul anu upaya ngaronjatkeun dunya atikan. Tapi utamana pihak masyarakat geus waktuna ngagedekeun jeung ngawangun sakola sangkan teu komersil, tapi pengkuh pikeun ngadidik jeung ngatik generasi bangsa nu bakal nuluykeun perjuangan kahareup sangan nagara urang bisa mandiri tur ngawasa widang kahirupan di nagarana.
Mun kiwari urang gumantung ka bangsa asing samalah teu pantes pisan nagara subur makmur nepi ka import pangan ti nagara sèjèn. Beh dituna investor kudu mawa tanaga asing ka nagara urang makè alesan kwalitas sumber daya insani di urang lemah. Ku ngaronjatna atikan nepi ka generasi urang mibanda kopetensi Dasar anu kuat. Teu aya alesan tanaga asing digawè dinagara urang kalawan buruhna leuwih gedè tinimbang pribumi. Sabab bangsa urang geus mampu kana teknologi pikeun ngawangun bangsa jeung nagarana.
Hal ieu lain hal anu gampang sabab tangtu loba pihak anu embung kwalitas sumber daya manusa urang ngaronjat. Ku hal ieu masyarakat kudu milu berjuang dina dunya atikan. Cara anu gampang merjuangkeun sakola anu deukeut anu boga maksud ngadidik lain enangan duit ku ngayakeun usaha pendidikan.
Pendidikan lain usaha tapi upaya pikeun mencerdaskan kehidupan bangsa. Ku masyarakat apal kana galagat nu mana nu niat komersil jeung nu temen hayang ngadidik. Dunya atikan bakal dicekel ku pejuang pendidikan wungkul. Nu rek komersil mending nyieun kontrakan tinimbang nyieun Sakola.
Kabodoan masyarakat anu pajejel wae hayang asup ka negri belaan sugak dogok. Tangtu bakal dimanfaatkeun kunu boga niat komersil nepi ka konplik kepentingan urusan dunya atikan moal bèrès-bèrès. Pamuga kahareup sumber daya manusa hususna di Kota Bandung umumna di nagara urang bakal ngaronjat. Nepi ka urang teu perlu tenaga ahli asing. Komo sukur buruh kasar mah teu kudu ku seler asing. Cukup putra bangsa urang ngolah ngokolakeun lemah caina sorangan.
Discussion about this post