Bandung, bewarajabar.com – Rutinitas Apel nu biasa dilaksanakeun unggal poe Senen ngarupakeun bagian tina kadisiplinan pikeun para pagawai Kanwil Kemenag Provinsi Jawa Barat, salian ti kitu, pembina apel biasana ngaamanatkeun ngeunaan program kerja nu enggeus turta bakal dilaksanakeun, bisa dijadikeun informasi tambahan pikeun pagawe.
Dina poe Senen tanggal 13 November nu kaliwat, di lapangan parkir Kanwil Kemenag Jabar dilaksanakeun apel kalayan nu jadi Pembina Apel nyaeta Kepala Bidang Penaiszawa, H. Ahmad Patoni.
Dina amanatna, Patoni ngingetkeun ka para pagawe yen taun 2017 sakeudeung deui rengse tangtuna kudu sagancangna nyiapkeun saniskara laporan kagiatan sarta kinerja. “Teu karasa geus asup kana trisemester ahir dina taun 2017 ieu, lain harti geus aya dina tahap aman tur bisa nyalse, justru dina mungkas taun ieu kudu nyiapkeun saniskara hal nu aya patula patalina jeung laporan kagiatan nu geus dilaksanakeun. Tartib tur disiplin administrasi perlu dititenan sangkan status WTP bisa tahan lantaran eta hal tumali jeung kamekaran kinerja sararea,” pokna.
Salian ti kitu, Patoni ngajentrekeun sababaraha kagiatan nu bakal dilaksanakeun ku Bidang Penaiszawa Kanwil Kemenag Jabar dina waktu mola lila deui. Diantarana rapat tur koordinasi ngeunaan LPTQ Provinsi Jawa Barat jeung Pemprov Jabar tumali jeung pelaksanaan MTQ Tingkat Provinsi Jawa Barat Taun 2018 nu diagendakeun bakal dilaksanakeun di Kabupaten Sukabumi.
Saterusna dina ahir bulan ieu bakalngirimkeun peserta pikeun ngiluan kagiatan Festival LASQI Tingkat Nasional Taun 2018 nu dijurunglaku langsung ku Gubernur Jabar. “Eta hal nembongkeun yen LASQI Jawa Barat mawa parobahan kana seni syiar nu diharepkeun bisa ditarima ku masarakat,” ceuk Patoni.
Mungkas amanatna, Patoni ngaharepkeun sangkan para pagawe Kanwil Kementerian Agama Provinsi Jawa Barat terus komitmen dina ngalaksanakeun tupoksi sarta ngajaga marwah instansi sangkan Kanwil Kemenag Jawa Barat bisa nyumponan kabutuhan umat dina bidang agama jeung kaagamaan. (Amat)