Bandung,bewarjabar.com – Kadisdik Jabar (Kepala Dinas Pendidikan Jawa Barat), Dewi Sartika nembrakkeun, lulusan SMP di Jawa Barat ngahontal 774.000 urang. Sedengkeun kuota PPDB SMA/SMK Negeri kurang leuwih 238 rebu. Ku kituna jumlah nu lulus dua kali lipat leuwih dibandingkeun kuota SMA Negeri nu sadia di Jabar.
“Jadi sesana bisa ditampung diluar sakola negeri, boh ditingkat SMA, SMK jeung SLB. Turta sakola swasta ajenna terus dironjatkeun,” ceuk Dewi di SMAN 8 Bandung, Jalan Solontongan Kota Bandung, Senen (17/6/2019).
Dewi nandeskeun yen paham kana kahayang kolot ngasupkeun anak anakna ka sakola negeri. Ku kituna ngajen satiap sakola mibanda aprestasi nu hade. Mana komo ku sistem zonasi nu naarekahan tur ngentengkeun kaperluan sakola pikeun siswa. “Disdik Jabar salawasna ngaronjatkeun ajen boh sakola negeri kitu deui sakola swasta. Kitu deui, ku sistem zona nu tujuanna ngaefisienkeun KBM (Kegiatan Belajar Mengajar). Contona, teu perlu kudu macet macetan atawa ka sakola bisa cukup ku leumpang lantaran jarakna deukeut,” pokna.
Salian ti kitu, ceuk Dewi, Disdik Jabar bakal ngawalatrakeun guru-guru panghadena di sakuliah Jawa Barat, nu ngarupakeun bagian tina rencana pamarentah Jawa Barat.
Nurutkeun Dewi, PPDB (Penerimaan Peserta Didik Baru) taun ieu bakal jadi bahan evaluasi Disdik Jabar pikeun taun taun nu bakal datang. Tumali jeung pemberkasan sarta waktu pengecekan koordinat, sangkan leuwih efesien tur gancang. Kaasup nu aya paatula patalina jeung tumali jeung server ku ahli IT, mun seug aya pasualan atawa rereged.
“Ku kituna pelaksana PPDB bisa ngaevaluasi kayaning sakumaha waktu nu dibutuhkeun dina proses pendaftaran jeung sajabana. Sarta nambahan petugas dina ngalayanan para orang tua,” tandes Dewi. ( Dadan )