Jakarta, bewarajabar.com — Ikatan Keluarga Wartawan Indonesia (IKWI) Pusat kiwari keur tatahar ngawujudkeun koperasi nu skalana nasional. Ngadegkeun koperasi teh pikeun nga-optimalkeun potensi nu dipibanda kakayan ngagerakkeun roda organisasi nu anggotana sumebar di 22 provinsi.
Ketua Umum IKWI Pusat Indah Kirana ngebrehkeun eta hal, dina sambutan syukuran mieling Tepung Taun ka-59 IKWI di rohangan Rapat Pleno Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) di Gedong Dewan Pers Kebon Sirih, Jakarta Pusat, Minggu (19/07/2020).
Acara kasebut digelar sacara virtual via zoom kalawan dipiluan ku 300 patandang ti jajaran pangurus jeung anggota IKWI ti 22 provinsi di Pulo Sumatera, Kapuloan Riau, Pulau Jawa, Bali, Kalimantan, Sulawesi, Maluku. Dina acara kasebut diluuhan ku
Pembina IKWI Pusat nu oge Ketua Umum PWI Pusat Atal S. Depari, Sekjen PWI Pusat Mirza Zulhadi, Panasehat IKWI Pusat Aas Tarman Azam, Ketua PWI Peduli M Nasir, dan Ketua Bidang Publikasi dan Informasi PWI Peduli Nurcholis MA Basyari.
“PP IKWI bakal ngurus turta ngadegkeun Koperasi IKWI berskala nasional. Ti mimiti daftar, ka Kementerian Koperasi jeung UKM. Kaduana, nataharkeun Koperasi IKWI nu basisna teknologi lantaran kudu bisa ngalayanan anggotana sacara online,” ceuk Indah nu taya lian bojona Ketua Umum PWI Pusat Atal S Depari.
Indah oge netelakeun, salah sahiji unit usaha Koperasi IKWI nyaeta ngajual ‘sembilan bahan pokok’ (sembako) kalayan harga nu kompetitif. Kulantaran kitu, Koperasi IKWI bakal gawe rancage jeung dunya usaha, hususnya BUMN, kaasup jeung Bulog. Unit usaha sejenna nyaeta simpan pinjam. Samalah ceuk Indah, usaha simpan-pinjam mah geus lumangsung turta geus jalan, ngan masih keneh kawatesanan pikeun pangurus wungkul.
“Ibu-ibu nu tos daptar jadi anggota IKWI, engke oge otomatis kadaptar jadi anggota koperasi unit usaha simpan pinjam. Hartina, koperasi simpan pinjam bakal leuwih bruk-brak, lain ngan keur pengurus nu aktif wungkul,” Indah ngajentrekeun.
Melak Mangpaat Ngaraharjakeun Anggota
Dina sambutanana, Indah mepelingan lahirna IKWI dina 19 Juli 1961, jadi pangrojong ngahudang sumanget ngantengkeun tali mimitran di lingkungan kulawarga pers, hususna wartawan.
IKWI lahir, enas-enasna mah bojo wartawan nyokong katut ngarojong profesi jurnalistik nu jadi caroge. Najan geus ngambah jalan nu panjang, ti mimiti ngadeg 59 taun katukang, tapi organisi ieu masih tinggaleun jauh ku PWI.
Utamana mah tina jumlah anggota jeung sebaran daerahna. PWI bisa nepi ka 34 provins ditambah hiji cabang istimewa, nyaeta Solo tempat lahirna organisasi wartawan pang kolotna jeung pang unggulna di Indonesia. Jumlah anggota PWI nepi ka puluhan rebu.
PWI oge geus ngayakeun gawe bareng jeung asosiasi wartawan nagara-nagara ASEAN, dina wadah Confederation of ASEAN Journalist (CAJ).
Indah oge ngebtehkeun, kiwari jumlah anggota IKWI kacatet ayat 728 urang sumebar di 22 provinsi.
“Dina umur nu geus nincak 59 taun, jumlah anggota sakitu mah masih keneh saeutik, can nepi ka 1.000,” ceuk Indah.
Inyana ngaharepkeun ku ngadegna Koperasi IKWI, bisa jadi pangirut keur para ibu kulawarga wartawan khususna jeung Pers dina umumna, pikeun ngagabung ka IKWI. Hadirna Koperasi IKWI diharepkeun bisa ngaraharjakeun para anggotana turta ngagerakeun roda organisasi.
“Kapincutna jalma hayang jadi anggota gumantung tina mangpaat nu kahontal. Upama seug mangpaatna eces, upamana, kunaon wartawan papada hayang jadi anggota PWI? Kusabab asa ditangtayungan kalawan aya support lamun seug pageduk jeung hiji madalah. Eta pisan nu matak kapincut hayang jadi anggota PWI. Eta salah sahiji conto paling sederhana,” omong Indah ngajentrekeun.
Indah miharep hadirna Koperasi IKWI anu unit usahana langsung nepi kana mamaras rasa para ibu, bisa jadi ngahudang minat para istri wartawan nu ngagabung jeung IKWI.
“Biasanya ibu-ibu mah paheula.heula ngudag nu heda harga jeung rada murah mun seug balanja sembako. Mana komo bari jeung babari nginjeum nu basisna kakulawargaan mah,” pungkasnya. (Amat Hryadin)**