Bandung, Bewarajabar.com – Naha teu aya Kiai atawa Ulama anu ngadu’akeun bangsana sangkan hadé rancagé, mandiri teu gumantung ka bangsa séjén? Hal ieu ogé jadi kapanasaran anu nulis mangtaun-taun, asa piraku Kiai Ulama anu garetol ibadah jeung élmuna teu diijabah Pangdungana.
Samalah nepi ka kukurilingan ka Kiai jeung anu disebut jelema pinter (Supranaturalis) pikeun nyoba kamampuhna sangkan Ngadunga keur mémérés bangsa jeung nagara.
Tétéla nyamos loba anu karerung tur teu sanggup nohonanan kanapaménta. Dugi ka kiwari kapan bangsa jeung nagara kabeulit ku masalah nepi ka hésé menyat pikeun kaluar tina kungkungan invéstor jeung hutang luar negri.
Wajar majarkeun kabéh nagara ogé boga hutang. Batur mah gédé hutang ogé dibarengan jeung ngaronjatna ékonomi, di urang rahayat lamun teu meta sorangan kalawan mandiri geus langlayeuseun. Atuh upah atawa buruh di urang lamun dibanding jeung batur teu kaasup onyoy.
Pon kitu karaharjaan teu kawilang onjoy ti batur. Naha atuh Kiai, Ulama jeung Para Pamingpin di urang teu dibéré tuduh jalan Ku Pangéran geusan ngolah bangsa jeung nagara anu sakieu suburna. Kalah jadi andonan nu lian, ngaradon beunghar di nagara urang. Teu sanggup mandiri ngolah pakayana.
Pituduh hésé kateguhna, kitu meureun basa anu bisa ngagambarkeun hal ieu. Pangéran lain teu ngabulkeun Pangdunga urang jeung para Kiai katut Ulama. Tapi pituduh anu hésé kateguhna.
Keur ngahontal karaharjaan jeung kamandirian kapan perlu strategi jeung aturan, anu disebut hukum anu dijieun dina undang-undang jeung aturan séjéna. Pangéran méré tuduh ka bangsa Indonesia sangkan mémérés heula hukum sangkan nangtung ulah lalayu sekar.
Urang papay wé tina kasus Marsinah taun 1993, ditéma ku kasus Buaya jeung Cakcak, Kasus Ferdy Sambo, nu keur geunjleung ayeuna kasus Vina jeung Eky di Cirebon anu kaludang deui tutas dalapan taun ka tukang, gara-gara sinetron, tur bébasna Pégy ku hakim Eman Sulaeman.
Ngabuliklak kateubeneran hukum dalapan taun ka tukang nepi ka Chennel Kang Dedi Mulyadi ngahaja ngumpulkeun fakta jeung data anu hasilna luar bisa pisan. Kateuadilan jeung kaancuran hukum urang, di hiji intansi anu kuduna jadi lulugu pikeun nanjeurkeun hukum (POLRI).
Runtuy kasus ieu bisa jadi pépéling atawa tuduh ti Pangéran ka urang, supaya mémérés karamijudan hukum di urang. Samalah kapan salah sahiji tujuan Sholat ogé pikeun ‘Tihang Agama’, ngandung harti ngadegkeun hukum. Lamun ngitung ti kasus Marsinah, Pangéran maparin tuduh ka bangsa urang geus 31 taun, sangkan urang mémérés hukum.
Tapi nepi ka ayeuna kapan can aya strategi anu jitu pikeun mémérésna. Samalah koruptor ogé teu dihukum kalawan kapok di nagara urang. Samalah tibalik teroris anu teu sieun ku pati kalah dihukum pati, ari kruptor anu sieuneun pisan ku pati teu ditibanan hukum pati. Kuhal ieu urang boga kawajiban pikeun mémérésna.
Naha hukum di urang hésé dibébérésna? Kakuatan anu kacida gedéna di urang kakuatan Politik. Utamana keur kapentingan asing, tangtu manéhna bakal upaya ngalumpuhkeun heula hukum di urang.
Atawa nyarieun heula aturan ngaliwatan kakuatan politik sangkan bisa ngeruk pakaya urang bari legalitasna nyampak. Teu ngalanggar hukum sabab asfek legalna dijieun heula. Tapi ekplorasi alam teu sanggup ngarahajakeun masyarakat saukur nguntungkeun investor asing. Hal ieu kabahas dina carita sakala budaya Sunda nyaeta, “Raja Bubujeng Ka Leuweung Larangan”
Ku hal ieu para kiai jeung ulama teu cukup ku du’a tapi kudu nyieun siasat jeung strategi politik sangkan calon pejabat anu boga niat jahat ulah nepi ka bisa boga jabatan strategis di urang nepi ka bisa ngutak ngatik hukum.
Pantar Kiai jeung Ulama pasti bisa maca semu. Dalah urang anu awam oge lamun aya calon nu ngadadak bageur kapan tumaya. Boa-boa jeung sajabana. Ahirna nu méré duit ka urang teu dipilih.
Naha Pasantrén jeung para Kiai boga pikiran rangkepan waktu dikirim duit ku hiji calon? Ieu jadi bahan keur urang, bisa jadi para kiai jeung Ulama masih kénéh peruh ku dunya nepi ka Du’ana teu diijabah ku Pangéran.
Hayu urang babarengan nyadarkeun diri masing-masing. Musuh lain bangsa urang sorangan tapi bangsa asing anu ngawayangkeun bangsa urang, sangkan samemena ngeruk pakaya di nagara urang.
Jigana siasat jeung strategi Walanda baheula diturutan ku bangsa séjén ayeuna pikeun ngawasa Nusantara. Nepi ka urang ngarasa teu dijajah padahal dicoo gado. Cag.