Soreang, bewarajabar.com — Rancangan Peraturan Daerah (Raperda) Pencegahan & Penanggulangan Bahaya Rentenir di Kabupaten Bandung kiwari keur digodog (dikaji) ku DPRD.
Nurutkeun Kabag Perekonomian Setda Kabupaten Bandung, Dindin Syahidin S.IP .M.SI, digogdogna Raperda eta teh maksudna pikeun ngaracik aturan nepika turunna Perda. Sangkan engkena bisa ngalibatkeun stakeholder sejen pikeun ngabantu pencegahan sarta ngungkulan rentenir di Kabupaten Bandung. Kiwari masih di paripurnakeun, nu ahirna engke aya Perda inisiatif ti DPRD Kabupaten Bandung.
Samemeh Raperda kaluar, BUMD Kabupaten Bandung, kaasup PT BPR Kerta Raharja gus ngalaksanakeun pencegahan dilapangan patali jeung masalah rentenir. Malah mah, Bupati Bandung geus mindeng mere instruksi ka para camat nepika kepala desa pikeun ngabantu ngungkulan masalah rentenir. “Bupati geus ngaluarkeun dana kurang leuwih Rp. 10 miliar pikeun modal keur BUMD husus BPR Kerta Raharja,” ceuk Dindin.
Pikeun ngungkulan masalah rentenir ieu ku BPR Kerta Raharja, dipigawe sacara profesional dilapangan. Diantarana nyaeta ngarangkul UMKM nu rajeun sok jadi korban rentenir. Ku kituna saupama Perda ngeunaan rentenir ieu rengse, diharepkeun upaya teknis bisa dilaksanakeun. Pikeun ngungkulanana teu ngan saukur ngalibatkeun BPR Kerta Raharja wungkul, tapi oge sakabeh stakeholder nu aya dina Perda eta.
Disagigireun eta, Direktur Utama PT BPR Kerta Raharja, H. Moch Soleh Pios , SE., ngaliwatan Direktur Kepatuhan H. Beni Subarsyah SE., MM., netelakeun bakal nunggu hasil Perda inisiatif nu Raperdana masih keneh diparipurnakeun.
Leuwih jauh, H. Beni nyebutkeun, yen BPR Kerta Raharja nyaeta lembaga intermediasi nu tugasna ngumpulkeun dana ti masarakat surplus dana turta disalurkeun deui ka masarakat nu ngabutuhkeun dana.
Ieu hal teh tujuanna pikeun ngabantu Pemda Kabupaten Bandung pikeun ngaraharjakeun masarakatna. Salian ti eta oge mibanda peran pikeun ngabantu masarakat nu jadi korban rentenir. “Ku kituna, samemeh Raperda digodog, pihakna geus ngalaksanakeun tugas pikeun ngabantu masarakat nu jadi korban bank emok. Nyaeta ku ayana bantuan modal kurang leuwih Rp. 5 juta,” pokna.
Nurutkeun H. Beni, korban rentenir bakal dibantu BPR Kerta Raharja saupama masarakat geus ngalapor ka pamarentah desa nepika kecamatan. Teknisna, engke kepala desa atawa camat ngainventarisir korban rentenir sangkan ngalapor ka kantor cabang BPR Kerta Raharja satempat.
“Tujuannya nyaeta pikeun menta bantuan modal. Tapi tetep, nu bakal dibantu nyaeta nu nyumponan syarat. Lantaran ti pihak pamarentah oge memang aya aturan nu kudu dilaksanakeun,” ceuk H. Beni.
Salila ieu, Bupati Bandung Dadang M Naser memang fokus pikeun ngarengsekeun masalah bank emok. Bupati moal asa-asa mere perhatian nu leuwih ka masarakat kabupaten Bandung nu jadi korban bank emok tea. Ku kituna, Bupati terus mere sinyal tur ngawanti-wanti sangkan BPR Kerta Raharja kudu mibanda peran pikeun ngabantu masarakat.
Leuwih jauh ti eta, Bupati miharep sangkan masarakat di Kabupaten Bandung ulah nepika salah pilih bank pikeun ngabantu dana keur modal usaha. *