Bewara Jabar – Poe tadi kuring nitah barudak nyieun sajak. Sajakna ulah mipit tina ramat loka, kudu asli meunang sorangan.
Jejerna bebas rek naon wae. Ku sabab murid anu ku kuring diatik geus rumaja mangka jejer sajakna moal jauh-jauh tina urusan cinta. Wajar atuh rumaja baleger. Ciri psikologis rumaja di antaran beger, mimiti aya karesep ka lawan jenis.
“Can sare kang?” tanya pamajikan.
“Acan, keur mariksa heula pancen barudak,” walon kuring bari terus nyuruput cikopi.
Dibaca kabeh kalayan sumanget. Memang kudu sumanget sasumanget ari narima gajih jeung tunjangan.
“Isuk deui atuh di sakola!” titah pamajikan.
“Isuk mah raripuh,” ceuk kuring anu dina poe isuk rek mingpin rapat OSIS.
Bungah sabab euweuh anu mipit tina ramat loka. Apal atuh mana anu meunang nyokot tina ramat loka atawa sumber bacaan sejen jeung anu meunang nyieun sorangan.
Kuring remen maca infrormasi kaasup sajak Sunda anu aya dina buku, majalah, koran jeung ramat loka. Kabeh jejerna ngeunaan cinta, tangtu eusina beda.
Nu mimiti dibaca teh sajak karangan Adih, eusina ngebrehkeun rasa cinta saurang jajaka ka saurang awewe.
Moal salah, eta teh ngebrehkeun rasa manehna anu keur resep ka saurang awewe. Eta sajak teu romantis, lantaran rasa cintana ukur bisa dipendem dina hate, teu wani ngedalkeun ku sabab era.
“Paingan beungeutna pinuh ku ewateun,” gerendeng hate bari ngabayangkeun beungeut Adih.
Kabeungeutan manehna eraan ka awewe. Enya soteh wanteran tampil di hareup pikeun biantara, nyanyi jeung maca sajak. Gap kana keretas nu satuluyuna, sajak meunang Agus. S
aha anu teu apal ka eta murid, rupana lumayan kasep, awakna atletis, jeung geus boga kabogoh nyaeta Rilma. E
unya we eusi sajakna teh meni romantis, matak baper alias bawa perasaan anu macana, jeung anu ngabandunganna komo awewe anu dimaksud ku manehna. Yakin, ieu sajak ditujukeun pikeun Rilma, saurang wanoja geulis kelas 10-IIS. Kuring ngajar di kelas Rilma poe isuk.
“Aralus sajak teh,” kuring ngagerendeng deui.
Saterusna anu dipariksa teh sajak karangan Gina. Beda jeung sajak anu samemehna, ieu mah ngebrehkeun rasa bingung.
Yakin deui wae, yen ieu sajak teh ngebrehkeun rasa anu nyieunna. Rasa bingung kudu milih anu mana, sabab loba teuing anu bogoh.
Gina boga rupa anu geulis jeung pinter uteukna, teu heran loba anu resep ka manehna. Ditulis dina sajak anu dijudulan Kudu Kumaha.
Ku sumanget mah mariksa sajak anu jumlahna 30 siki teh beres. Dibaturan ku cikopi beak dua gelas. Antukna pitunduheun leungit, teuing iraha bisa sare.
Kuring jadi leuwih apal kana perasaan maranehna anu geus baleger. Gap deui kana keretas nu Adih. Dibandingkeun nu sejen, ieu sajak matak pikarunyaeun.
Boga rasa bogoh ka saurang jalma tapi teu wasa nyaritana. Alesanna bisa ku sabab era atawa sieun ditolak.
Naha kudu era, lalaki mah kudu wanteran. Era mah engke kapiheulaan ku batur, geus kapiheulaan mah hanjakal geura. Urusan sieun ditolak, eta mah resiko, resiko dalam memulai percintaan.
Adih mere judul sajakna teh, Teu Wasa Ngucap Cinta. Jauh tangeh eusina jeung sajak karangan Agus anu dijudulan Cinta Urang Anu Endah. Rata-rata sajak anu dikarang ku barudak kelas 10 MIA aya 3 pada.
Rata-rata sapadana aya lima jajar. Kekecapanna ararendah, bisa milihan kecap anu matak nambahan endah sajak anu dikarangna. Aralus pokona mah.
“Akang, geura sare!” titah pamajikan basa kuring cengkat tina korsi.
Sugan pamajikan geus sare. Boa ti tadi can sare, nungguan kuring. Atawa lilir kitu pedah tadi asbak ragrag pakgoprak.
“Siap!” kuring nembal.
Meureun pamajikan hayang ngarang sajak di luhur kasur sugan. Teuing mun hayang dipangmacakeun sajak luhur kasur.