Bewarajabar – Bulan Romadhon taun ieu pikeun kuring mah sibuk. Kagiatan di sakola jeung madrasah sarua sibukna. Salila ieu kuring ngajar di madrasah aliyah jeung madrasah diniyah.
Barudak kelas 12 geus rengse ngalaksanakeun asesmen madrasah. Barudak kelas 10 jeung 11 diajar deui sakumaha biasa.
KBM lumangsung ti tabuh satengah dalapan isuk tepi ka 12 beurang. Teu unggal poe kuring ngajar di madrasah aliyah.
Waktu anu lowongna ayeuna mah dipake ngajar barudak SD. Kapan barudak SD teu diajar di sakola sakumaha biasa, diganti ku kagiatan pesantren Ramadhan.
Teu jauh ti imah aya SD Negeri. Barudak mariluan kagiatan pesantren Ramadhan ti tabuh 7 isuk tepi ka wayah lohor.
Mun kuring ke madrasah aliyah sok digentenan ku pamajikan. Eta barudak teh salembur jeung kuring. Ngaraji deui engke wayah Asar tepi ka rek buka puasa.
Tas Asar mah nu ngawurukna nu sejen. Kitu deui kuring aktif ngeusi kuliah Shubuh jeung ngaimaman sholat Taraweh.
Kasibukan sejenna nyaeta nyieun dagangan sabangsaning cireng, cimol jeung bala-bala. Teu kudu diiderkeun ngurilingan lembur, nu mareuli daratang ka imah.
Lain ku butuh-butuh teuing duit, resep we atuh kawas batur daragang. Ngamangpaatkeun bulan Romadhon, sataun sakali.
Pamajikan bisaan barangjieun dahareun, dibantuan ku kuring. Barudak anu ngaraji jadi konsumen utama. Ieu kasibukan teh jadi mohokeun kana kasedih kuring jeung pamajikan.
Geus aya kana lima taunna ti saprak rumah tangga acan dipareng boga turunan. Pamajikan teu ngalaman kaguguran sakali-kali acan.
Hasil pamariksaan nuduhkeun boh kuring boh pamajikan pada-pada subur. Barina kuring jeung eta mantan kabogoh teh teu boga turunan mandul.
Malah anak si uwa ti pihak kuring boga budak aya kana 9 urangna. Mana kitu oge can dikersakeun ku Alloh. Manusa ukur boga kahayang bari ikhtiar, anu ngersakeun mung Alloh.
Sakapeung sok mikir ka jauhna. Pamajikan teh awewe, ari awewe hiji mangsa bakal ngarandapan anu ngaranna menopause.
Geus kitu mah moal aya kasempetan pikeun boga anak. Ari lalaki najan geus kolot masih bisa ngahamilan. Nyandung teu kungsi kapikiran.
Jajauheun kana hayang pepegatan. Hadena kolot kuring jeung kolotna teu hayuh wae nananyakeun iraha boga anak.
Untungna kolot jeung mitoha geus baroga incu ti anak-anak anu sejenna. Kuring jeung pamajikan pada-pada anak bungsu.
Kasibukkan beuki nambah. Nyedek ka datangna lebaran atawa ka lekasan puasa, kuring jadi panitia penerimaan zakat.
Nu ngaranna kasibukkan pikeun kuring lain hal anyar. Ti keur SMP geus sibuk ku rupa-rupa kagiatan. Untungna prestasi di sakola teu ancur.
Miluan OSIS jeung ekskul terus dipaju tepi ka keur SMU. Ngan keur kuliah mah teu milu kagiatan nanaon sabab kuring nyokot kelas karyawan, sabab sibuk ku kagiatan ngajar di sakola.
Tina kasibukkan loba mangpaatna. Kawawuhan nambahan. Elmu jeung pangalaman kitu deui. Rejeki daratang.
“Mun urang geus boga budak mah bakal tambah sibuk meureun,” ceuk pamajikan.
“Sibuk meuli baju lebaran?” kuring ngolongan.
“Enya,” manehna unggeuk laun.
Matak waas. Da enya, mun boga budak mah ayeuna teh rek meuli pakean pikeun budak. Rek leuwih ti sasetel.
Rek sagala meuli katut ka jeket jeung topi. Rek sina panggayana sugan mah dibandingkeun jeung anak batur. Kuring ngarenghap napas rada jero.
Pamajikan neruskeun hanca nyieun saroja. Aya anu pesen saroja bari geus make DP. Pamajikan loba pangabisa kana urusan barangjieun dahareun.
Acara buka puasa bareng nambahan kasibukan. Matak teu remen nyangu di imah da aya anu neraktir ieuh. Nyaan sibukna.
Loba kasibukan matak cape jeung babari gering. Kurang sare jeung saeutik reureuh. Pikeun nyinglar tina kasakit mangka tara liwat nginum vitamin.
Waktuna sare dimangpaatkeun pisan pikeun ngareureuhkeun kacape.
Lebaran ge acan kuring geus ngabayangkeun kasibukan. Babaturan loba anu ngajakan halal bil halal. Ti mimiti babaturan SD tepi ka babaturan kuliah.
Dina grup WA geus mere beja ti anggalna. Tangtu we rek diestokeun ari aya waktu mah. Acan anu ngajak piknik.
Leuh matak pikaresepeun pokona mah. Ngan kuring jeung pamajikan kudu ngawayahnakeun sibuk nembalan pananya sabab acan keneh boga budak. Matak rudet jeung keuheul, saeutikna.